Para
Bapa, Ibu, saderek sadaya anu dipihormat
Assalamu’alikum
Wr. Wb.,
Alhamdu
Lillahi bini’matil imaani wal islami, asyhadu alaa ilaha ilallah wa asyhadu
anna muhammadan ‘abduhu warusuluh. Allahumma sholli wasallim ‘alaa sayyidina
muhammadiw wa’alaa alihi wasahbihi ajma’in, amma ba’du.......
Langkung
tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadzirat
Allah SWT., nu parantos maparinan rahmat sareng karunia ka urang sadaya,
sahingga dina dangeut ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok anu
dimulyakeun mungguh Allah SWT.
Salajeungna
salawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang sadaya nyatana
kanjeung Nabu Muhammad SAW., sareng ka kulawargana, para sahabatna dugi ka
urang sadaya salaku umatna.
Para
hadirin sadaya,
Dina
dinten enjing urang sadaya bakal gentos taun nyaeta taun anu enggal. Nu
hartosna urang bakal ngintunkeun tau anu ngalangkung.
Ku
dongkapna Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar., saperti anu tos
diterangkeun dina ajaran Islam, oge mangrupikeun bulan dimana Rasulullah SAW.,
seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syi’ar da’wahna. Sajabi ti
eta bulan muharam teh ngarupikeun bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang
disebut taun “Hijriah”.
Anapon
maksud urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu, sajabi ti
ngarayakeun sebage taun baru islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama islam.
Supaya urang sawadina ngarayakeun itungan jeung pertimbangan pikeun diri urang
sorangan samemeh urang diitung pertimbangan sagala amal urang boh anu hade
atawa goreng dipayuneun Allah SWT., dina poean wawales.
Supaya dina
ngamimitian hirup dina taun nu bakal datang, sadaya nu kakurangan tiasa
ditambahan jeung naon anu tinggaleun di omean sarta sadaya nu hade tiasa
dipertahankeun kalawan ditingkatkeun kunu leuwih hade batan nu geus kaliwat.
Ku kituna dina
ngajalankeun taun anu enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan anu
sae,. Mungpung meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu nganggur, hayu urang
gunakeun ngeumpeulkeun amalan ibadah ka Alloh SWT.
Ku jalan ngagunakeun
waktu hirup samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah
sareng beramal sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan engke
dimana mulih ka alam ka langgeungan, di akherat mah moal aya nu manfaat pikeun
manusa kajabi ti amal sholeh nu di laksanakeun ku urang sadaya nalika hirup di
alam dunya.
Rupina sakitu nu
kapihatur dina raraga nyambut mieling taun munggaran, mudah -mudahan Alloh SWT
ngahaputen kana sagala dosa nu parantos kalakonan ku urang sadaya dina
taun-taun nu kalangkung, sarta mudah-mudah an Alloh salamina maparin pituduh
sareng rahmat ka urang sadaya. Aamiin ya Rabbal alamin…
Wabilahitaufik
walhidayah….
Wassalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.
GOTONG ROYONG
Assalamu'alaikum wr. wb.
Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du
Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du
Panghulung kalbu kajembaran puji janten panghias ati urang
sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul
ijati. puji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa
nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik
sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis
ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun,
dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana
kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu
pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Kepala sekolah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di
pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di
pihormat. Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyampekeun hiji
biantara anu eusina : “ GOTONG ROYONG “.
Sapertos anu tos
kauninga ku sadayana, gotong royong tiasa dina widang naon wae, sapertos gotong
royong dina ngalaksanakeun pemwangunan, gotong royong ngabantu sasama, boh dina
gotong royong bebersih. Utamina gotong royong beberesih teh seueur mangpaatna,
diantarana supados lingkungan urang sadayana tebih tina sagalarupi panyakit,
lingkunganna beresih, tebih tina polusi udara. Lamun sagala rupa pagawean anu
beurat dilaksanakeun ku gotong royong atawa sasarengan naon wae janten ringan
atawa enteng, gampang, sarta langkung cepet dikerjakeunna. Utamina gotong
royong beberesih, tiasa urang laksanakeun di lingkungan sakola ieu, meresihan
solokan, wc umum, atawa sabudeureun nu aya di lingkungan sakola, tangtosna
lamun dikerjakeun ku nyalira tangtu weugah, hoream, cape… leres teu?? Cobi mun
ku gotong royong mah pekerjaan terasa ringan. Mangka, mudah-mudahan cariosan
ieu tiasa urang terapkeun dina kahirupan sadidinten, khususna dina ieu
lingkungan sakola umumna kanggo lingkungan masyarakat.
Rupina dicekapkeun
sakitu cariosan ti simkuring, hatur nuhun ka pala wargi sadayana anu parantos
kersa ngadangukeun biantara simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada,
wassalamu’alaikum Wr Wb.
Biantara : Ekonomi Sosial
Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapa guru dikelas anu ku sim kuring
dipihormat, rerencangan anu dipikadeudeuh sareng anu ku simkuring dipihormat
anu dipikadeudeuh sareng anu dipikacinta.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka
dzat nu murbeng alam Allah Aza Wajalla anu parantos masihan mangpirang-pirang
kanikmatan tur dugi ka ayeuna nu kersa ti mantenna urang sadaya tiasa ngariung
mungpulung di ieu tempat.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor
ngagolontor ka jungjunan urang sadara ya’ni Habibana Wanabiyana Muhammad SAW.
Teu kalangkung ka para kulawargana , sohabatna, oge ka para umatna anu salamina
tumut kana syare’at anu dicandak.
Rerencangan sakelas anu ku simkuring
dibanggakeun
Sateuacanna abdi ngucapkeun haturnuhun atos
dipasihan kasempetan ngadeg di payun bade ngadugikeun hasil biantara abdi anu
temana “Ekonomi Sosial”.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat
Masih emut keneh ka sakitar 15 taun
kapengker Bank Dunia ngumumkeun acara resminba, ten nagara Indonesia bade
janten 5 pang ageungna nagara dina widang perekonomian anu paling kuat di
dunia? Sateuacana anu diumumkeun teh henteu janten kanyataan. Perekonomian
nasional malah katimpa krisis dahsyat. Janten taun ayeuna pamarentah bade
ngelola perekonomian henteu bade ngajaga daya tahan ekonomi nasional tina
kritis. Kaimbangan APBN (Anggaran Pendapatan dan Belanja Nasional) Indonesia
kasebat kelompok pangsaena sa-Asia Pasifik. Hanjakalna daya serap terhadap
anggaran teu acan puas perlu ditingkatkeun. Lamun pamarentah mampu ngadorong
kabinetna kanggo ngamanfaatkeun anggaran secara optimal, pasti langkung efektif
kanggo nyiptakeun lapangan kerja.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Sakieu wae biantara ti abdi, sateuacanna
nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan –cariosan anu teu merenah kana manah.
Wassalamu’alaikum Wr,Wb.
"Biantara Bahasa Sunda Tema Cita-Cita"
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat.
Teu
hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang
sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiit tabiatna
sareng mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. (Amin).
Hadirin
anu kusimabdi dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun
waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi bade ngajak ka sadayana
anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang
teh ngagaduhan cita-cita atawa impian.
Hadirin
anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita.
Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina
ngajalankeun hirup urang.
Cita-cita
teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita
urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu
boga tujuan tina hirup.
Janten
urang teh kedah ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang
getol diajar kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti
terang kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta
kucara diajar sing getol.
Hadirin
anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya
diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun
saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal
ka cumponan eta cita-cita urang.
Apan aya
paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi
legok” eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang,
tapi lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh
bakal katedunan ku urang sadayana.
Hadirin
anu kusimabdi dipikahormat, Di jaman anu modern ieu, urang kudu pinter-pinter
ngagunakeun teknologi. Sangkan urang leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita
urang sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina
milarian elmu pangaweruh sapertos internet.
Sabab ku
kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu
percanten ka nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang
sorangan.
Mung
sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya
mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina
cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT.
Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum
warahmatullahi wabarakatuh..
Biantara
: Pangaruh Internet Pikeun Rumaja
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb
Biantara : Wajib Diajar 9 Taun
Assalà mu’alaikum Wr. Wb.
Assholà tu wassalamu alà ashrofil anbiyà ’i walmursalin. Wà ’ala alihi washohbihi à zma’in. Ammà ba’du.
Ibu Guru pangajà r Basa Sunda à nu dipikahormà t ku sim kuring, sà reng rerencangà n sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.
Là ngkung tipayun, hayu urà ng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantarà n ni’mat sà reng hidayahna urà ng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilà p, sholawat sinareng salà m mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà , Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamà n. Amiin ya robbal ‘alà min.
Dina kasempetà n ieu, sim kuring bà de ngadugikeun biantarà singget ngeunaà n “ Wajib Belajar Pendidikà n Dasar “.
Sà pertos anu ku urà ng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapà n taun, nyaeta ti tingkà t SD nepi ka SMP. Hà l ieu teh dikà sangtukangan ku kayaà n ekonomi unggal jà lmi masarakat Indonesia à nu beda-beda. Ayà masarakat à nu mampu, aya oge mà sarakat anu kirang mà mpu. Masarakat à nu mampu mah geus tà ngtu bakal sakola kusabà b ayana biaya. Iwà l, seueur pisan masarakà t Indonesia anu kirà ng mampu teu tiasà sakola kusabà b teu aya biayanà . Pamarentà h hoyong sadaya masarakà t Indonesia tiasa menà ngkeun pendidikà n anu layà k, boh anu mà mpu boh anu kirà ng mampu.
Tujuà n pangna Pamarentà h ngawà jibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pà linter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakà t Indonesia bà rodo, bangsa Indonesia moà l bisa ngudà g kamajuan nagarà sejen jeung bakà l kalindes ku kamajuà n jaman.
Dihà repkeun dina diayakeunnà program wajà r dikdas salapà n taun, masarakà t Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikà n. Ieu progrà m pamarentah moà l tiasa kalaksanà keun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakà t, ti kawit pejabà t dugi ka sadayà rahayat Indonesià . Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngà laksanakeun progrà m ieu sangkan menà ng hasil à nu nyugemà keun. Sakitu à nu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hà punten bilih ayà kalepatan sà reng cariosan nu teu merenà h kanu manà h. Hatur nuhun kà nu sadaya perhà tosannana.
Akhirul kalà m, Wabillahità ufik walhidayah Wassalà mu’alaikum Wr. Wb.
Assholà tu wassalamu alà ashrofil anbiyà ’i walmursalin. Wà ’ala alihi washohbihi à zma’in. Ammà ba’du.
Ibu Guru pangajà r Basa Sunda à nu dipikahormà t ku sim kuring, sà reng rerencangà n sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.
Là ngkung tipayun, hayu urà ng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantarà n ni’mat sà reng hidayahna urà ng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilà p, sholawat sinareng salà m mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà , Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamà n. Amiin ya robbal ‘alà min.
Dina kasempetà n ieu, sim kuring bà de ngadugikeun biantarà singget ngeunaà n “ Wajib Belajar Pendidikà n Dasar “.
Sà pertos anu ku urà ng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapà n taun, nyaeta ti tingkà t SD nepi ka SMP. Hà l ieu teh dikà sangtukangan ku kayaà n ekonomi unggal jà lmi masarakat Indonesia à nu beda-beda. Ayà masarakat à nu mampu, aya oge mà sarakat anu kirang mà mpu. Masarakat à nu mampu mah geus tà ngtu bakal sakola kusabà b ayana biaya. Iwà l, seueur pisan masarakà t Indonesia anu kirà ng mampu teu tiasà sakola kusabà b teu aya biayanà . Pamarentà h hoyong sadaya masarakà t Indonesia tiasa menà ngkeun pendidikà n anu layà k, boh anu mà mpu boh anu kirà ng mampu.
Tujuà n pangna Pamarentà h ngawà jibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pà linter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakà t Indonesia bà rodo, bangsa Indonesia moà l bisa ngudà g kamajuan nagarà sejen jeung bakà l kalindes ku kamajuà n jaman.
Dihà repkeun dina diayakeunnà program wajà r dikdas salapà n taun, masarakà t Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikà n. Ieu progrà m pamarentah moà l tiasa kalaksanà keun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakà t, ti kawit pejabà t dugi ka sadayà rahayat Indonesià . Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngà laksanakeun progrà m ieu sangkan menà ng hasil à nu nyugemà keun. Sakitu à nu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hà punten bilih ayà kalepatan sà reng cariosan nu teu merenà h kanu manà h. Hatur nuhun kà nu sadaya perhà tosannana.
Akhirul kalà m, Wabillahità ufik walhidayah Wassalà mu’alaikum Wr. Wb.
BIANTARA : TEMA PENDIDIKAN
NGARANCANG KAHAYANG
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun
ka Alloh SW nu maha welas – asih. Sholawat sinareng salam mugia
kacurahlimpahkeun ka nabi urang sadaya habibana wanabiyana muhammad saw. Ka
kulawargina, para sohabatna, teu hilap ka urang sadaya salaku umatna, mugia di
yaumil akhir kenging syafaat ti mantenna. Amin.
Hadirin nu dipihormat, Bapak Yayat Ruhiyat
nu sami ku simkuring dipihormat, sareng sadaya rerencangan nu dipikanyaah ku
sim kuring. Daramang sadayana> mugia urang tetep dipasihan kasehatan sareng
kabagjaan, komo sakedap deui urang bade mayunan ujian akhir, sing sukses
sadayana nya!
Hadirin nu dipihormat, utamina rerencangan
sakelas sadayana urang ayeuna aya dina tungtung waktu, akhir tina 3 tahunurang
babarengan genep semester urang nyuprih elmu neangan pangabisa, dipaing ku para
guru sarta babagi diantara urang. Dina akhir pendidikan urang, naha urang tos
ngira-ngira rek kumaha sanggeus ieu lekasan? Bisa jadi urang teh kungsi
ngimpi,, hayang anu jaga teh. Moal boa diantara urang ge aya nu bisa newak
cita-citana. Tapi saha anu apal, boa nu pesimis oge aya, anu bimbang, nu asa
asa, atawa nu galau oge rea boa? Cik geura, saha nu rumasa keur galau ku masa
depan? Ih ulah galau, ulah nepi ka urang jadi generasi MaDeSu apal kana
generasi Madesu? Generasi nu boga masa depan suram, suram tea atuh deukeut ka
poek mongkleng, nu teu kaciri curuk-curuk acan. Kade urang mah tong kitu ah!
Hadirin nu dipihormat, sakitu anu kapihatur
anu tiasa ku sim kuring tiasa di dugikeun, kirang langkungna
nyuhunkeundihapunten.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
EKONOMI SOSIAL
Assalamu’alaikum
Wr.Wb.
Bapak ibu guru nu ku
simkuring dipihormat, rerencangan sapait samamanis anu ku sim kuring dipiormat
anu dipikadeudeuh sareng anu dipikacinta.
Puji sareng syukur
urang sanggakeun ka dzat anu murbeng alam : Allah Aza Wajalla anu parantos
masihan mangpirang-pirang kanikmatan tur dugi ka ayeuna ku kersana timantenna
urang sadaya tiasa ngairung mangpulung di ieu tempat.
Solawat miwah salam
mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya yakni habibana wanabiyana
Muhammad saw. Teu kalangkung ka para kulawargina, sahabatna, oge ka para umatna
anu salamina tumut kana syareat anu dicandak.
Rerencangan sakelas
anu ku simkuring dibanggakeun. Sateuacanna abdi ngucapkeun haturnuhun atos
dipasihan kasempetan ngadeug dipayun bade ngadugikeun hasil biantara abdi nu
temana “Ekonomi Sosial”
Hartosna ekonomi
sosial nyaeta kalungguhan atawa posisi hiji jalma dina jumplukan balarea anu
diandekkeun ku rupi aktivitas ekonomi atikan sarta panghasilan dina pembahasana
sosial sarta ekonomi mineng barobah kaayaan objek pembahasan anu benten.
Conto ekonomi sosial :
-
Kemiskinan (kasangsaraan)
-
Pangangguran
-
Masalah kapendudukan
Urang salaku urang
Indonesia kudu mulasara kadudukan jabatan atawa posisi jalmi dina kelompok
masyarakt ditangtukeun tina jenis paripolah ekonomi pendidikan dina pokok
ajaran sosial jeung ekonomi remen jadi objek pokok ajaran nu benten. Sakumaha
urang salaku anu bakal neraskeun perjuangan bangsa kahareup.
Cekap sakitu abdi
nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem bilih aya basa anu kirang entep seureuhna
atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalamu’alaikum
Wr.Wb.
EKONOMI SOSIAL
Assalamuálaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahirobbil
alamain wasolatu wasalamu’ala muhammadin wa’ala alihi wasohbihi azmain.
Bapak guru pengajar
anu dipihormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dikacinta ku sim
kuring.
Langkung tipayun hayu
urang sasarengan manjatkeun rasa syukur ka Alloh SWT ku lantaran nikmat sareng
hidayah urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempatan ieu. Teu hilap solawat
sinareng salam mugia salamina junjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW ka para
kulawargina, ka para sohabatna sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka
akhir jaman, amin ya robbal alamin.
Para wargi nu ku
simkuring dipikahormat, dina tempat ieu abdi bade ngajelaskeun kana kahirupan
“Ekonomi Sosial”. Ekonomi sosial nyaeta kalungguhan atawa posisi hiji jalma
dina jumplukan balarea anu diandekkeun ku rupi aktivitas ekonomi atikan sarta
panghasilan .
Ekonomi rakyat nyaeta
lamun dikaitkeun kalawan kagiatan tatanen mangka anu dimaksud kagiatan ekonomi
rakyat nyaeta kagiatan petani atawa peternak atawa pamayang alit, petani
gurem, oetani tanpa taueh, pamayang tanpa parahu, sarta sarupana. Sarta sanes
perkebunan atawa peternah ageung atawa MNC tatanen, sarta sarupana. Tiasa
dinyatakeun nyaeta ekonomi Indonesia saleresna nyaeta berbasis ekonomi.
Sarta kitu kaayanana
ekonomi sosial seueur anu “pengangguran, miskin sarta lainna eta ngagunakeun
ekonomi sosial”
Manawi ngan ieu
biantara anu tiasa abdi sampaikeun lamun aya kalepatan dina ceuk sanggem, abdi
nyuhunkeun dihapunten margi abdi oge ngan jalmi biasa anu tangtu gaduh
kakurangan atawa oge kalepatan. Kana perhatosanana abdi ucapkeun haturhunun .
Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb
Biantara : sosial politik
Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh..
"ALHAMDU LILLAHI RABBIL'ALAMIN WABIHI NASTA'INU'ALA UMURID DUNYA WADDIN WA'ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA'IN"
Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat
Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa pateupung
lawung dina ieu majlis.
Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna.
Dina kasempetan poe
ieu abdi bade nepikeun ngeunaan keterlibatan Ageman dina Pulitik. Dunya pulitik
di Indonesia ti warsih ka warsih ngalaman kamajuan anu pesat pisan. Sumawonten
pilihan kanggo lebet dina dunya pulitik langkung dipilih ku balarea
dibandingkeun milih profesi sanes anu jigana langkung ngajangjian. Teuing naon
anu metot dina dunya pulitik,minangka balarea awam sarta tacan terang leres
seluk-beluk dunya pulitik,jujur abdi cekap diewedkeun sarta didamel naros-taros
kalawan sistem pulitik di Indonesia dina hususna.
Dina mangsa kiwari
dunya pulitik atos seueur campur kalawan unsur-unsur sanes di jabi pulitik.
salah sahiji diantarana nyaeta keterlibatan ageman dina pulitik. Seueur para
ajengan anu mikeun hiji ceramah ngeunaan ageman nanging tungtung-tungtungna aya
himbauan kanggo ngiring Parpol A atawa Parpol anu lianna. Dina ceramah kasebat
pastilah para saderek anu ngiring ceramah bade di pisan bingungkan,apakah eta
mangrupa hiji anu kedah dituturkeun ?,apakah eta mangrupa haturan ti pituduh
ageman ?,sarta seueur deui patarosan-patarosan dimunculkeun. Kalawan kitu
kaayaanana pulitik anu campur kalawan hiji ageman nurutkeun abdi bade berdampak
henteu sae ka sistem perpolitikan atawa ageman eta sorangan,naha ? margi
Balarea bade ewed ngabedakeun ageman kalawan pulitik,kumaha pituduh-pituduh
ageman atawa sepertos naon pulitik eta sorangan. Nganggepan ti problematika
kasebat pastilah opini-opini bade kabentuk sarta pro kontra pastilah aya.
Nanging minangka mahasiswa teu pisan-pisan peryogi urang barobah kaayaan jalmi
anu kawit meunteun hiji masalah tanpa ningali sisi sanes ti masalah eta
sorangan. Anu sasaena urang pigawe nyaeta midamel perbaikan dina kalepatan
kasebat.
Saderek anu mulya,
Hayu urang langkung
semangat kanggo milari elmu sarta ngamalkeun na,urang jadikan dunya pulitik anu
leres-leres murni nanging urang oge henteu ninggalkeun pituduh ageman, ageman
henteu kanggo pituduh berpolitik, ageman henteu kanggo pilari mangsa,nanging
ageman nyaeta tuntunan kanggo ngalengkah maju barobah kaayaan mending , ku
kituna Nagara anu sejahtera tiasa kahontal tanpa kanodaan ku Korupsi, Kolusi
sarta Nepotisme. Kitu penyampaian biantara ti abdi mugi-mugi mere mangpaat
kanggo urang sadaya. Akhirul Kalam, Wassalamu'alaikum Wr. Wb
Biantara :
Kamerdekaan Republik Indonesia
Assalamualaikum WR.WB
Langkung tipayun urang
panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat illahi rabbi. Numana kalayan hidayah
sareng inayahna urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayan
sehat walafiat.
Hadirin nu ku
simkuring dipihormat.
Dina ieu kasempatan
simkuring bade ngadugikeun biantara nu eusina ngeunaan Kamerdekaan Indonesia.
Numana dina dinten ieu urang sadaya nuju ngarayakeun 72 taun Indonesia merdeka.
Kamerdekaan teh mangrupa salah sahiji cita-cita para pajoang jeung bangsa
Indonesia ti jaman kapungkur. Urang sadaya tangtu teurang, para pajoang teh
ngorbankeun sagala nu anjeunna gaduh sapertos harta nepikeun ka nyawa. Tiasa
dibayangkeun ku urang sadaya hirup di jaman baheula. Sagala diatur ku bangsa
sanes. Sagala kabeungharan negeri urang teu tiasa ku urang rasakeun sorangan.
Urang along-along bagja di negeri sorangan. Tangtuna urang bangsa Indonesia teu
tiasa cicing ningali kasangsraan rakyat. Kusabab eta para pajoang ngalawan
penjajah. Nepika teks proklamasi di bacakeun ku Soekarno Hatta nu ngabuktosan
pajoangan bangsa Indonesia teu sia-sia.
Hadirin anu mulya.
Ayeuna Indonesia tos
merdeka ti penjajah. Kahirupan bangsa Indonesia tos teu jati kasilih ku junti.
Pancen urang ayeuna nyaeta ngisi kamerdekaan ku hal-hal anu positif.
Nanggalkeun hal-hal anu negatif sapertos korupsi, narkoba, miras jeung sajabana
deui. Urang kudu silih bantu silih tulung ngabangun negeri urang. Ulah nepika
rakyat Indonesia teu ngarasakeun kamerdekaan nu sabenerna. Kukituna dina danget
ieu hayu urang sami-sami ngadoakeun para pajoang, neuraskeun cita-citana
sarta ngabanggakeun bangsa Indonesia.
Cekap sakitu simkuring
nyanggakeun pihatur pamungkas pisanggem bilih aya basa nu kirang entep seuruhna
atanapi kecap nu kirang merenah larapna. Mugi kersa ngahapunten.
Wassalamualaikum WR.
WB
Biantara :
Kabudayaan Sunda
Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku
simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun,
mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah
sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Hadirin sadayana, dina
danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari
sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana
kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer,
jeung pinter.
Harti kecap sunda teh
luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina
panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang
sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta
Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon
Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku
sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka
acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu
nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat.
Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling
direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ
tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek
ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni
gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna
. lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku
maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana,
urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi
kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang
poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti
simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
Wassalamualaikum wr.
wb.
NUNGTUT ELMU
Assalamualaikum Wr.Wb
Assolatu wassalamu asrofil anbiyai wa
mursalin wa ala alihi wasohbihi ajmain amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji
sinareng sukur ka Alloh SWT anu tos masihan rohmat sarta hidayahna ka urang
sadayana. Solawat sinareng salam mugia dilimpahcurahkeun ka kanjeng nabi
muhammad saw teu hilap oge ka kulawargina, ka para sahabatna sareng ka tobiin
tobiiatna tug dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Bapak/ibu nu ku sim kuring dipihormat,
pupuhu kelas XI IPA 6 mu ku simkuring dipihormat sareng rerencangan anu ku
simkuring dipikaasih.
Alhamdulillah dina danget ieu simkuring
bade ngadugikeun perkawis “NUNGTUT ELMU”.
Hadirin rohuimnakumuloloh, milari elmu teh
wajib pikeun urang islam lalaki sarta awewe. Rosululloh saw ngawajibkeun umatna
nungtut elmu teh penting pisan pikeun kahirupan manusa di dunya ieu. Jeung
elmu, urang bisa mingpin dunya, mingpin sakumna makhluk hirup sarta jeung elmu
urang bisa jadi makhluik anu pangalusna diantara makhluk Alloh SWT . tapi lamun
urang henteu boga elmu urang bisa jadi bodo henteu bisa nanaon di dunya ieu. Ku
ayana elmu urang bisa menangkeun kabagjaan boh di dunya boh di akherat ku
kituna sing saha anu hoyong bagja di dunya, mangka kudu ngawasa elmu dunya,
kitu oge sing saha anu hoyong bagja di akherat jaga kudu jeung elmu.
Sakitu anu tiasa ku simkuring didugikeun
kasimpulanana mah nungtut elmu teh wajib sabab elmu teh penting pisan kanggo
urang sadaya. Mudah-mudahan aya mangfaatna kanggo urang sadaya hapunten bilih
aya kalepatan.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Biantara : BAHAYA NGAROKO
Assalamualikum wr.wb
Bapa Guru pangajar anu dipihormat,
Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,
Langkung tipayun hayu
urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan
mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang
sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang
panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para
sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.
Kuring ngadeg didieu
teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos
ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan
barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu
ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya
nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para
pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta
kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh
salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah
bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru,
jantung, impotensi, ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun
impotensi sarta ngurangan jumlah sperma
dina lalaki sarta ngurangan
tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya
roko, tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain.
Jalmi anu ngaroko teh
sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh
sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng
ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu
tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah
malahka di durukan.
Rerencangan sadaya, nu
teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh
seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha
bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon
eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge
meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang
jadi korban saterusna.
Dupi mung sakieu nu
tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut
kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti
diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.
Wassalamualikum wr.wb
BIANTARA : EKONOMI
SOSIAL
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu
dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang
panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat
sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di
tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa
teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos
masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Ekonomi
Sosial”
Ekonomi rahayat nyaeta
kaasup ekonomi sosial. Lamun dikaitkeun kalawan kagiatan tatanen, mangka anu
dimaksud kalawan kagiatan ekonomi rahayat nyaeta kagiatan ekonomi patani atawa
peternak atawa pamayang alit, patani gurem, patani tanpa taneuh, pamayang tanpa
parahu, sarta sejenisnya; sarta sanes perkebunan atawa peternak ageung sarta
sarupa na.
Perspektif sanes ti
ekonomi rahayat tiasa deui ditingali kalawan ngagunakeun perspektif jargon:
“ekonomi ti rahayat, ku rahayat, sarta kanggo rakyat”
Dina perkawis ieu
peryogi deui diungkapkeun yen ekonomi rahayat bisa patali jeung saha wae”, dina
hartos kagiatan transaksi tiasa dipigawe oge kalawan “non-ekonomi-rakyat”. Oge
teu aya pembatasan ngeunaan besaran, rupi produk, sipat usaha, permodalan,
sarta sajabana. Ekonomi rahayat henteu eksklusif nanging inklusif sarta kabuka.
Sanaos kitu, sipat fundamental diatas atos deui nyiptakeun hiji sistem ekonomi
anu diwangun ti palaku ekonomi,mekanisme transaksi,norma sarta kasapukan (“rule
of the game”) anu has,anu umumna atos nyadiaan ekonomi rahayat kanggo survive
sarta ngembang saluyu kalawan hal mekar sosial ekonomi masarakatna.
Tiasa dinyatakeun yen
ekonomi Indonesia saleresna nyaeta berbasis ekonomi rahayat. Ekonomi rahayat
(seueur) ngawengku 99 % ti total jumlah unit usaha (business entity),
nyadiakeun kira-kira 80 % kasempetan damel, ngalakukeun langkung ti 65%
kagiatan distribusi, sarta ngalakukeun kagiatan produksi kanggo kira-kira 55 %
produk sarta jasa anu diperlukeun balarea,60 di antarana aya di wewengkon
pilemburan, 65% usaha dibidang tatanen sarta kagiatan sanes anu patali,sarta
barobah kaayaan basis ti 63 % konsumsi domestik, sarta sumebar merata diseluruh
wilayah Indonesia.
Bapa miwah Ibu anu di
hormat. Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di
pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu
kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.
Billahi Taufik
Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb
BIANTARA : SAKOLA TONG
LALAWORA
Asalamualaikum wr.wb
wilujeng enjing sadayana
ibu guru nu dipikahormat sareng rerencangan anu ku simkuring dipika cinta
ti payun urang sanggaken puji syukur ka allh swt nu parantos maparin ka urang sadaya anu tiasa karumpul di ieu waktu sehat wal afiat .
Para wargi nu kusim kuring di pi hormat , simkuring didieu bade ngadugiken biantara nu eusina mun sakola teh ulah lalawora ,
para wargi sadayana urang sadaya teh mun di ajar teh ulah lalawora kudu bener-bener dina di ajar teh , ulah sakadaek we datang ka sakola ngan mawa buku hiji , bari ning paltot teu boga , nginjem ka batur . Aya tara jalmi nu kitu ??? Nya pasti aya wae . Urang sadaya teh kudu nyaah ka kolot , anu tos neangan artos, artos tea ameh budak na sukses , da tos sukses mah ker saha keneh , pan ker urang-urang keneh . Barudak , ka sakola lalawora hungkul eweh gunana , ka hiji ilmu teu aya nu nerap . Pan meren urang ka sakola teh tujuanna neangan elmu . Lain nongkrong-nongkrong ngaroko di warung. Barudak ayena mah seer anu datang ka sakola hungkul tibang ngalungken tas . Jadi anu sakolana teh jelemana , apa tas na ???
Saderek sadayana , mung sakieu we ulasan ti sim kuring mah moal panjang-panjang moal lebar-lebar sim kuring sanes lomari nu gaduh panjang sareng lebar
Mugi urang sadaya di sadarken sakola teh ulah lalawora kudu sing bener. Punten bilih aya kalepatan atawa nyingung ka sadayana , haturnuhun kana perhatosanna
wassalamualaikum wr.wb
wilujeng enjing sadayana
ibu guru nu dipikahormat sareng rerencangan anu ku simkuring dipika cinta
ti payun urang sanggaken puji syukur ka allh swt nu parantos maparin ka urang sadaya anu tiasa karumpul di ieu waktu sehat wal afiat .
Para wargi nu kusim kuring di pi hormat , simkuring didieu bade ngadugiken biantara nu eusina mun sakola teh ulah lalawora ,
para wargi sadayana urang sadaya teh mun di ajar teh ulah lalawora kudu bener-bener dina di ajar teh , ulah sakadaek we datang ka sakola ngan mawa buku hiji , bari ning paltot teu boga , nginjem ka batur . Aya tara jalmi nu kitu ??? Nya pasti aya wae . Urang sadaya teh kudu nyaah ka kolot , anu tos neangan artos, artos tea ameh budak na sukses , da tos sukses mah ker saha keneh , pan ker urang-urang keneh . Barudak , ka sakola lalawora hungkul eweh gunana , ka hiji ilmu teu aya nu nerap . Pan meren urang ka sakola teh tujuanna neangan elmu . Lain nongkrong-nongkrong ngaroko di warung. Barudak ayena mah seer anu datang ka sakola hungkul tibang ngalungken tas . Jadi anu sakolana teh jelemana , apa tas na ???
Saderek sadayana , mung sakieu we ulasan ti sim kuring mah moal panjang-panjang moal lebar-lebar sim kuring sanes lomari nu gaduh panjang sareng lebar
Mugi urang sadaya di sadarken sakola teh ulah lalawora kudu sing bener. Punten bilih aya kalepatan atawa nyingung ka sadayana , haturnuhun kana perhatosanna
wassalamualaikum wr.wb
Biantara
Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi
wabarakaatuh
Para wargi sadayana anu sami-sami hadir di
ieu tempat, Alhamdulillah dina ieu kasempetan simkuring kapasihan waktos kanggo
ngadugikeun biantara perkawis DUIT
Para wargi sadayana, perlu kauninga yen
urang sadayana salaku jalmi anu fakir tangtos ngabutuhkeun perkara anu
namina DUIT. Naon margina? Margi sagala rupi kahayang, cita-cita,
atanapi naon rupi perkara, tangtos ngabutuhkeun anu namina DUIT. Tapi
kade, ulah lepat ngartoskeun, anu di maksud DUIT di dieu teh nyaeta:
D na DO’A
U na USAHA
I na IMAN
T na TAQWA
Janten leres pisan kan?
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman, sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman, sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.
Mung sakitu anu ku simkuring tiasa di
dugikeun, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. akhirul kalam
Wassalamu ‘alaikum warahmatullahi
wabarakaatuh
Assalaamu ‘alaikum Wr Wb
Para hadirin kaum muslimin wal muslimat anu di mulyakeun ku
Allah SWT. Aya salah sawios katerangan anu nyebatkeun:
“Ari shodaqoh teh eta sok nyegah kana balahi”
Anu di maksud balahi di dieu teh sanes mung balahi dunya
wungkul, tapi balahi akherat oge insya Allah bakal kacegah lamun urang sering
shodaqoh. Nya kitu deui anu di maksud shodaqoh di dieu teh sanes mung shodaqoh
materi wungkul, tapi shodaqoh teh tiasa mangrupikeun tanaga, pikiran, atanapi
anu sanesna.
Janten atuh cing yakin setiap pengorbanan tanaga, pikiran,
atawa materi anu ku urang di tasorufkeun kana jalan anu dipikaridho ku Allah
teh bakal di bales ku Allah di dunya sareng di akherat ku perkara anu langkung
ageung.
Kumargi kitu, mangga atuh urang sami-sami diajar ikhlas kana
naon rupi anu tos di shodaqohkeun ku urang, margi ikhlas anu janten syarat
pokok dina shodaqoh teh, sanes karena naon-naon.
Mung di cekapkeun sakitu wae, mudah-mudahan naon rupi anu di
dugikeun aya manfa’atna kanggo para wargi sadayana. Hapunten bilih aya cariosan
anu kirang merenah.
Wasalamu ‘alaikum Wr Wb
Miara Jeung Micinta Kasenian Tradisional
Sunda
Assalamu`alikum Warohmatullohi
Wabarokatuh
Sampurasun!
Ibu
miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya, katut
pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu
sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.
Puji
sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah SWT,
mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung
mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng
salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka
kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna.
Kadang
wargi anu mulya
Dina
ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat kacamatan
cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi sadaya.
Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola
ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta” Miara
jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.
Sakumaha
ku urang kabandungan, dina jaman globalisasi pangaruh kabudayaan luar teu
tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak ngahariwangkeun,
sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh kana kasenian anu
jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti karuhun. Minangka conto, seueur
murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano ti badan nabeuh calung, degung,
angklung atawa nu liana.
Teu
salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah mopohokeun
kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung, tari
ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari
lain ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga
urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang jepang jeung
urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang
jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang diajar
nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh
elmu ti guruna bisa kapimilik.
Ibu
miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu ku ku
sinkuring dipikaheman.
Miara
kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa alat
kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian
sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana
sok aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi
jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya
disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas,
mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna umumna ka
sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budaya
sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang
jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik
wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.
Biantara sunda
Awonna tontonan jaman
ayeuna
Assalamualaikum Wr. Wb
Puji
sinareng syukur manga urang sanggakeun ka gusti Allah SWT. margi ku
barokah sareng karuniana, urang sadaya tiasa sasarengan dina acara ieu. Teu
hilap oge solawat sareng salam disanggakeun ka junjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW.
Para
hadirin/hadiroh
Di
zaman ayeuna, tontonan di TV the beuki teu manfaat, kalah seuer mudorotna.
Tingal weh di unggal stasion TV, pasti weh aya acara-acara anu teu pantes
ditonton ku urang sadaya salaku murangkalih. Contonna jiga film anu aya
bobogohanana, aya anu ngalawan ka kolotna, aya nu patonjok-tonjokna ,
jrrd.pantes teu sih film-film nu kitu ku urang ditonton ?
Hadirin/hadiroh
Cing
urang tengetan, kumaha sih moral barudak bangsa ? lamun tiayeuna keneh dieusian
ku tontonan nu kararitu ? BOBROK! Moral bangsa ieu.
Hadirin/hadiroh
Hayu
urang sadaya sami-sami ngaberantas film-film anu teu pantes ditonton kucara
leuwih ngeusian waktu ieu ku hal-hal anu positif,sapertos ngaji, solawatan,
itikaf di jero masjid, ngeusian PR, jrrd. Ku pinuhna waktu urang, samakin poho
urang the kana TV. Nya teu ?
Hadirin /hadiroh
Mung
sakitu biantara ti sim kuring, kurang leuwihna mugia dihapunteun.
Wabillahitaufik
walhidayah
Wassalamualaikum
Wr.Wb
COBAAN ATAWA
UJIAN (BIANTARA)
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi
ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna
Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad
amma ba’du
Panghulung kalbu kajembaran fuji janten
panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji
nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka
dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos
masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel
ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah
ta’ala. Amiin…..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep di
kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam
nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in
tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku
simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu
kusimkuring di pihormat.
Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah
bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina : “ COBAAN ATAWA UJIAN “.
Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :
1. Ujian anu manis
2. Ujian anu pait
- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di
pasihan nikmat ti gusti Allah
- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di
pasihan musibah
Jadi kasimpulana : Upami urang di pasihan
anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ? Sabab aya ayat Al Quran surar
Ibrahim ayat 7 Anu hartosna : Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah,
pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat
Allah maka siksa Allah kacida pedihna. Upami urang di pasihan ujian anu pait,
sapertos musibah maka urang kedah sabar. Nabi bersabda : Sabar eta sabagian
tina iman. Sareng Allah ngadawuh : Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi
urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.
Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun
tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan
nana.
Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.
BIANTARA :
CITA-CITA
Assalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.
Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu urang
panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih anu
tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung
patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat.
Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor
ka jungjunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para
sohabatna, tabiit tabiatna sareng mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu
istiqomah dijalanna. (Amin).
Hadirin anu kusimabdi dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana
anu tos ngaluangkeun waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi
bade ngajak ka sadayana anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis
sakumaha pentingna urang teh ngagaduhan cita-cita atawa impian.
Hadirin anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat
pasti ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang
sadaya sangka urang sumanget dina ngajalankeun hirup urang.
Cita-cita teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang
teu ngagaduhan cita-cita urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal
bingung sabab urang teu boga tujuan tina hirup. Janten urang teh kedah
ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar
kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha
carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing
getol.
Hadirin anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese
lamun urang saenya-enya diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku
pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun
ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta cita-cita urang. Apan aya
paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok”
eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi
lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal
katedunan ku urang sadayana.
Hadirin anu kusimabdi dipikahormat, Di jaman anu modern ieu,
urang kudu pinter-pinter ngagunakeun teknologi. Sangkan urang leuwih gampang
kanggo ngahontal cita-cita urang sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan
kagampangan ka urang sadayana dina milarian elmu pangaweruh sapertos internet. Sabab ku kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan
cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh tiasa
ngahontal eta cita-cita urang sorangan.
Mung sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi
tiasa janten aya mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya
kalepatan-kalepatan dina cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah
SWT.
Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum
warahmatullahi wabarakatuh..
Biantara : “Handphone jeung Pelajar”
Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana
li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi
min Robbina bil haqi bashiron wanadziro.Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu
anna Muhammadan Rosululloh. Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma
Badu.
Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring, Hadirin
anu sami linggih dina ieu pasamoan, Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka
Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri
nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana.
Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi,
patepung lawung patepang raray dina ieu waktos. Solawat miwah salam mugia
salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos
ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad
S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut
muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin. Bapa miwah Ibu
girang pangajen anu di hormat. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar
perkawis Handphone jeung pelajar.
Handphone atawa sering di sebut ponsel nyaeta salah sahiji pakakas komunikasi
anu fungsina hampir sarua jeung telepon kabel, tapi bisa dibawa – bawa sabab
teu make kabel. Di jaman kiwari, handphone geus jadi lumrah. Sagala umur rata –
rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti mimiti ibu – ibu, bapa – bapa nepi ka
budak SD. Handphone emang miboga rupa – rupa manfaat, henteu ngan saukur pikeun
jalma – jalma nu gawe di kantor atawa jalma – jalma anu geus boga kapentingan,
tapi oge pikeun para pelajar. Ngan hanjakal sajalan jeung perkembangan jaman,
handphone oge loba nimbulkeun mudarat para pelajar.
Salian manfaat, Handphone oge miboga mudarat pikeun pelajar, diantarana nyaeta
: Fitur internet anu aya dina handphone, bisa nimbulkeun mudarat pikeun
pelajar. Sanajan bisa ngagampangkeun pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan
pelajaran, tapi dina kanyataannya loba siswa ngagunakeun fitur ieu pikeun
hiburan hungkul. Loba pelajar anu prestasina turun lantaran kacanduan dunia
maya, contona kacanduan facebook, twitter jeung nu sejenna. Salian internet,
fitur game dinu handphone oge cukup ngaruhan prestasi pelajar. Sarua jeung
internet, game oge bisa nimbulkeun mudarat lamun digunakeun na kaleuleuwihan.
Tapi kanyataanna pelajar leuwih resep maen game tibatan diajar. Mudarat lainna
nyaeta ngagunakeun handphone dina ujian. Di jaman ayeuna loba pelajar nu
ngagunakeun handphone pikeun niron dina ujian. Hal ieu emang bisa ningkatkeun
nilai siswa tapi bisa ngarusak mental pelajar. Kukituna urang salaku pelajar
kudu bisa ngagunakeun handphone atawa pakakas komunikasi lainna kalawan bener –
bener. Bisa nimbulkeun manfaat anu leuwih loba tibatan mudaratna. Sabab sagala
teknologi, bisa manfaat atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu makena.
Sakitu nu kapihatur,
bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.