“rizki halal & rizki haram”
“ASSALAMU’ALAIKUM
WR.WB”
Innall
hamdalillah wasolatuu wasalaamu ala rosulillah waala aliihi wasohbihi wamaa
wallaah (amma ba’du)
Puji
sanes kangge
paraji syukur sanes kangge
tukang cukur tapi puji
sinareng syukur ukur pantes urang sanggakeun kahadirat Allah anu Maha Ghofur, Sholawat
kalih salam sanes kangge
bang bendol sanes oge kangge
tukang cendol tapi solawat kalih salam ukur pantes urang panjatken kangge paduka alam yakni habibana wanabiana kanjeng Nabi
Muhammad saw.
Para ibu kalih bapak anu sami hadir, dina acara imtihana ieu sim kuring bade nyandaken tema “rizki halal & rizki haram”
Kanjeng nabi Muhammad saw pernah nyaurkeun “SAYYA’ATII JAMANU ALANNASI LAAYUBALUL
MARHUU MAAHODAMINHU AMINALL HALALI AMINAL HAROMI”
Anu hartosna : ”BAKAL
DATANG HIJI JAMAN DIMANA JELEMA NEANGAN REZEKI TEPADULI HALAL JEUNG HARAMNA NU
PENTING HASIL”
Dan ternyata survey membuktikan bahwa jaman
anu disaurken ku kanjeng nabi Muhammad saw datang, iraha
ibu datangna
eta zaman? ternyata
eta zaman teh
nuju dilakonan ku urang samudayana tegesna zaman ayeuna, tingal
we ibu bapak dina TV acara berita ti isuk dugika peuting anu diberitaken teh bangsat deui bangsat deui, cik
cek ibu ari babangsat eta milarian rezeki halal atanapi haram?.......naudubillahimin dalik bu.
Bangsat ayeuna timimiti bangsat hayam dugika bangsat miliaran aya bahkan bangsat eusi cangcut ge loba zaman ayeuna mah bu, kahade bilih urang pernah ngalakuken hiji
perkara anu mana urang teh
nyanak saalit rezeki anu sanes hak urang maka eta bakal dipertanggung jawabkeun.
para ibu para bapak, anu
ngeri namah bilih eta rezeki katuang ku anak
pamajikan, ku
dulur-dulur. Apakah urang tega ngagebrusken keluarga urang
ka Naraka naudubillahi min dzalik….sabab
aya hiji katerangan anu nyarken “KULLU
LAHMIN NABATA MIN HAROOMIN PANNARU AULA BIHI”; Anu hartosna
“SETIAP DAGING ANU TUMBUH TINA REZEKI ANU HARAM MAKA SEUNEU NARAKA ANU PANTES
NGAHUKUMANA” tuh jadi dimana keluarga urang nuang rezeki anu teu halal sanajan saalit oge lamun jadi daging
dina awak urang maka eta daging bagean
seuneu naraka naudubillahi min dzalik
buuu.
Dina kesempatann ieu hayu urang sami sami nga
doa kagusti numaha suci mudah2an rezeki anu parantos katuang timimiti lahir
dugi kaayeuna di halalken ku gusti Alloh swt, amiin
yaa roball ‘aalamiin.
Sakitu bae pepeling ti abdi hususna kange
abdi umumna kangge
sadayana kumargi abdi tos cangkel mudah2an ageng pisan manpaatna hapunten bilih
aya cariosan anu lepat. Kasalahan
kagaduhan setan, Kabeneran kagaduhan malaikat bener jeung salah sipatna manusa….billahi walhidayah wattaofik
“WASSALAMUALAIKUM WR.WB”
Biantara
Bahasa Sunda :: Bulan Ramadhan
Assalamu’alaikum
Wr. Wb.
Bapa
miwah Ibu guru anu ku sim abdi dipikahormat, rerencangan sadayana anu ku sim
abdi dipitresna. Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Allah
SWT nu maha ghopur tur miheman sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam
katresna mugi tetep dilelerkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. Miusah
kaluwargana, sahabatna sarta dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana.
Dina
kasempatan ieu, abdi bade ngabantun bulan Ramadhan, bulan Ramadhan nyaeta sasih
anu sae sarta diridhoi loba manfaatna nu bisa dibenangkeun jeung sakabeh muslim
ti ibadah puasa salah sahijina, media ngalatih kasantunan. Kasantunan kawas
kitu rek ngadampek gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalma anu ti
sakitarna. Abdi rek ngabuat jadi pribadi anu indah kadua kasantunan bisa
ngabentak sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh
nyaksikeun pribadi Rasulullah SAW nu santun, nyaeta Tsumamah bin Atsal RA jeung
Zaid bin Sa’anah RA. Katilu kasantunan nyaeta pelindung hate ti noda jeung
panyakit kalbu nu perlu disadarkeun waktu nyarios dugal jeung nyumpahkeun.
Kitu
wae biantara ti abdi. Mugi-mugi puasa pada waktos ieu kasehatana angger
terlimpahkeun ka urang sadaya jeung bisa ngaletakkeun etos kasantun ti sapopoe
dugi ka jadi hamba-hamba dipikarunya ka Gusti Allah SWT. Bilih aya aosan anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa
ngahapunten, hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum
Wr. Wb.
Biantara Bahasa Sunda Tema Cita-Cita"
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu
urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha
Asih anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung
lawung patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat.
Teu hilap sholawat
sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang sadayana kangjeng
Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiit tabiatna sareng
mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. (Amin).
Hadirin anu kusimabdi
dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun waktosna dina
kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi bade ngajak ka sadayana anu aya di
ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang teh
ngagaduhan cita-cita atawa impian.
Hadirin anu
dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita.
Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina
ngajalankeun hirup urang.
Cita-cita teh nyaeta
tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang engke
bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu boga tujuan
tina hirup.
Janten urang teh kedah
ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar
kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha
carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing
getol.
Hadirin anu dipikahormat,
Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya diajarna disakola,
sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal
cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta
cita-cita urang.
Apan aya paribasa anu
ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” eta
ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi lamun
dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal
katedunan ku urang sadayana.
Hadirin anu kusimabdi
dipikahormat, Di jaman anu modern ieu, urang kudu pinter-pinter ngagunakeun
teknologi. Sangkan urang leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita urang
sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina
milarian elmu pangaweruh sapertos internet.
Sabab ku kitu urang
ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka
nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang sorangan.
Mung
sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya
mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina
cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT.
Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum
warahmatullahi wabarakatuh..
PANGARUH INTERNET KA RUMAJA
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana
hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos
masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa
ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu
guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara
anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong
medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh
internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana
wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit
sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi
di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana
sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon
wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang
urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon
hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman
kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng
elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana
wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh
bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan
fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs,
gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing
ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana
sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun
urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang
sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb
WAJIB BELAJAR 9 TAUN
Assalà mu’alaikum
Wr. Wb.
Assholà tu wassalamu alà ashrofil anbiyà ’i walmursalin. Wà ’ala alihi washohbihi
à zma’in. Ammà ba’du.
Ibu Guru pangajà r Basa Sunda à nu dipikahormà t ku sim kuring, sà reng rerencangà n
sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.
Là ngkung tipayun, hayu urà ng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT
kulantarà n ni’mat sà reng hidayahna urà ng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan
ieu. Teu hilà p, sholawat sinareng salà m mugia salamina dilungsurkeun kÃ
junjungan urang sadayà , Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parÃ
sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamà n. Amiin ya robbal
‘alà min.
Dina kasempetà n ieu, sim kuring bà de ngadugikeun biantarà singget ngeunaà n “ Wajib Belajar Pendidikà n Dasar “.
Sà pertos anu ku urà ng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayÃ
pendidikan dasar salapà n taun, nyaeta ti tingkà t SD nepi ka SMP. Hà l ieu teh
dikà sangtukangan ku kayaà n ekonomi unggal jà lmi masarakat Indonesia à nu
beda-beda. Ayà masarakat à nu mampu, aya oge mà sarakat anu kirang mà mpu.
Masarakat à nu mampu mah geus tà ngtu bakal sakola kusabà b ayana biaya. Iwà l,
seueur pisan masarakà t Indonesia anu kirà ng mampu teu tiasà sakola kusabà b teu
aya biayanà . Pamarentà h hoyong sadaya masarakà t Indonesia tiasa menà ngkeun
pendidikà n anu layà k, boh anu mà mpu boh anu kirà ng mampu.
Tujuà n pangna Pamarentà h ngawà jibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan
wargà nagara pà linter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun
masarakà t Indonesia bà rodo, bangsa Indonesia moà l bisa ngudà g kamajuan nagarÃ
sejen jeung bakà l kalindes ku kamajuà n jaman.
Dihà repkeun dina diayakeunnà program wajà r dikdas salapà n taun, masarakà t
Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikà n. Ieu progrà m
pamarentah moà l tiasa kalaksanà keun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan
masarakà t, ti kawit pejabà t dugi ka sadayà rahayat Indonesià . Ku kituna, urang
sadayà kudu gawe bareng ngà laksanakeun progrà m ieu sangkan menà ng hasil à nu
nyugemà keun. Sakitu à nu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hà punten bilih ayÃ
kalepatan sà reng cariosan nu teu merenà h kanu manà h. Hatur nuhun kà nu sadaya perhà tosannana.
Akhirul kalà m, Wabillahità ufik walhidayah Wassalà mu’alaikum Wr. Wb.
Para Bapa, Ibu, saderek sadaya anu dipihormat
Assalamu’alikum Wr. Wb.,
Alhamdu Lillahi bini’matil imaani wal islami, asyhadu alaa ilaha ilallah wa
asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warusuluh. Allahumma sholli wasallim ‘alaa
sayyidina muhammadiw wa’alaa alihi wasahbihi ajma’in, amma ba’du.......
Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka
hadzirat Allah SWT., nu parantos maparinan rahmat sareng karunia ka urang
sadaya, sahingga dina dangeut ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok
anu dimulyakeun mungguh Allah SWT.
Salajeungna salawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang
sadaya nyatana kanjeung Nabu Muhammad SAW., sareng ka kulawargana, para
sahabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Para hadirin sadaya,
Dina dinten enjing urang sadaya bakal gentos taun nyaeta taun anu enggal.
Nu hartosna urang bakal ngintunkeun tau anu ngalangkung.
Ku dongkapna Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar., saperti
anu tos diterangkeun dina ajaran Islam, oge mangrupikeun bulan dimana
Rasulullah SAW., seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syi’ar da’wahna.
Sajabi ti eta bulan muharam teh ngarupikeun
bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang disebut taun “Hijriah”.
Anapon maksud urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu,
sajabi ti ngarayakeun sebage taun baru islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama
islam. Supaya urang sawadina ngarayakeun itungan jeung pertimbangan pikeun diri
urang sorangan samemeh urang diitung pertimbangan sagala amal urang boh anu
hade atawa goreng dipayuneun Allah SWT., dina poean wawales.
Supaya dina ngamimitian hirup dina
taun nu bakal datang, sadaya nu kakurangan tiasa ditambahan jeung naon anu
tinggaleun di omean sarta sadaya nu hade tiasa dipertahankeun kalawan
ditingkatkeun kunu leuwih hade batan nu geus kaliwat.
Ku kituna dina ngajalankeun taun anu
enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan anu sae,. Mungpung
meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu nganggur, hayu urang gunakeun
ngeumpeulkeun amalan ibadah ka Alloh SWT.
Ku jalan ngagunakeun waktu hirup
samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah sareng beramal
sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan engke dimana mulih ka alam ka langgeungan, di
akherat mah moal aya nu manfaat pikeun manusa kajabi ti amal sholeh nu di
laksanakeun ku urang sadaya nalika hirup di alam dunya.
Rupina sakitu nu kapihatur dina
raraga nyambut mieling taun munggaran, mudah -mudahan Alloh SWT ngahaputen kana
sagala dosa nu parantos kalakonan ku urang sadaya dina taun-taun nu kalangkung,
sarta mudah-mudah an Alloh salamina maparin pituduh sareng rahmat ka urang
sadaya. Aamiin ya Rabbal alamin…
Wabilahitaufik walhidayah….
Wassalamualaikum Warahmatullahi
Wabarakatuh.
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh!
Bapak sareng Ibu Guru oge hadirin sadayana nu ku simkuring dipihormat.
Shalawat sareng salam urang haturkeun ka Junjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad
SAW, kulantaran Anjeuna pisan urang sadayana janten tiasa ngabedakeun perkara
mana anu haq jeung nu bathil.
Hadirin sadayana nu di Mulya keun ku Allah
Unggal jalmi tos tangtu ngaharepkeun kabagjaan Dunya rawuh Akherat. Kabagjaan
eta teu tiasa dilakonan kucara sakadaek, hura-hura, sareng sadaya hal nu
ngalanggar syariat agama Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos
ditangtoskeun ku Alloh SWT, saperti nu ditulis dina Al-qur'an
sareng Hadits .
Ngalakukeun ibadah mun di mimitian ku hate nu Ikhlas, hartina ngalakukeun
kaalusan teh teu hayang di tempo, komo deui dipuji ku batur mah. Urang kudu
ngajauhkeun diri tina kalakuan Riya, sabab hal eta nu bisa ngancurkeun
amalan hade , akhirna urang ibadah teh ngan sakadar meunang cape .
Kanjeung Nabi SAW nerangkeun , Ciri-ciri jalmi nu Riya, nyaeta:
1. Sanajan sifat aslina males, bakal rajin lamun dihareupeun batur.
2. Ibadahna getol karna hayang dipuji ku batur, mun di tegor langsung pundung
Mudah-mudahan urang sadayana ditebihkeun dina sifat Riya tadi,, Amiiin ya
Robbal Alamiin..
Mung sakitu pihatur ti simkuring, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo urang
sadayana. Hapunten pami masih seueur keneh pisan kakiranganana.
Akhiirul Kalaam, Wabillaahi taufiiq Wal hidaayah Wassalamu'alaikum
Warahmatullaahi Wabarakaatuh.
NGARANCANG KAHAYANG
Assalamualaikum Wr. Wb
Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Alloh SWT nu Maha Welas - Asih.
Sholawat sinareng salam mangga urang dugikeun ka Nabi Agung, Muhammad SAW. Teu
kakantun ka kulawargina, para sahabatna, sareng ka sadaya umatna anu tumut kana
ajaranana. Pamugi urang kalebet ka umatna anu baris kenging syafaat ti mantena,
ammiin.
Hadirin nu dipihormat, Bapa/Ibu guru sareng sadaya rerencangan nu dipikanyaah
ku sim kuring. Daramang sadayana? Mugi-mugi urang tetep dipasihan kasehatan
sareng kabagjaan, komo sakedap deui urang bade mayunan ujian ahir, sing sukses
sadayana, nya!
Alhamdulillah dina danget ieu, sim kuring dipaparin kasempetan kanggo
ngadugikeun biantara. Jejer atanapi poko biantara anu bade dipedar teh nyaeta
Ngararancang Kahayang.
Hadirin nu
dipihormat, utamina rerencangan sakelas sadayana. Urang ayeuna aya dina tungtung
waktu, ahir tina tilu taun urang babarengan. Genep semester urang nyuprih elmu
neangan pangabisa, diaping ku para guru sarta babagi di antara urang. Dina ahir
pendidikan urang, naha urang tos ngiker-ngiker rek kumaha sanggeus ieu lekasan?
Bisa jadi urang teh kungsi ngimpi, hayang anu atawa rek anu jaga teh. Moal boa
di antara urang ge aya nu sumanget, yakin bakal ngahontal kahayangna, optimis
rek bisa newak cita-citana. Tapi saha nu apal, boa nu pesimis oge aya, anu
bingbang, nu asa-asa, atawa nu galau
oge rea boa? Cikan, saha nu rumasa keur galau ku masa depan? Ih ulah galow,
ulah nepika urang jadi generasi madesu,
apal ka generasi madesu?
Generasi nu boga Masa Depan Suram, suram
tea atuh, deukeut ka poek mongkleng, nu teu kaciri curuk-curuk acan. Kade urang
mah ulah kitu, ah!
Punten sagala hormat kumargi aya
kakirangannana.Sakitu anu kapihatur anu tiasa ku simkuring
dugikeun,Kirang sareng langkungna nyuhunkeun dihapunten.
Wassalamualaikum wr.wb
TAAT KANA ATURAN SAKOLA
Assalamualiakum
Warahmatullahi Wabarakatuh
Langkung
tipayun mannga urang haturkeun puji sinareng syukur ka Allah Subhanahu Wa
Taala, margi ku manten-Na urang tiasa ruing mungpulung dina raraga pangajaran
Basa Sunda kalayan sehat wal afiat. Shalawat miwah salam mugi tetep ngocor ka
jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Salallahu Alaihi Wassalam, ka para
kulawargina, para sohabatna, sareng umatna Insya Allah kalebet urang sadaya
mugi dipasihan syafaat di Yaumil Akhir Aamiin Ya Allah Ya Rabbal Aalamiin.
Ibu
guru Basa Sunda, teu hilap rerencangan sadaya anu ku simkuring dipihormat.
Dina pasamoa ieu simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu tos masihan
waktos kasempetan ka simkuring pikeun ngadugikeun biantara anu judulna taat
kanu aturan sakola.
Mireng kecap taat kana aturan sakola tinangtos teu deungeun deui ngupingna oge.
Komo deui urang salaku siswa nu dididik ku sistem disiplin pasti kedah taat
kanu peraturan anu aya disakola.
Sok sanaos siswa-siswi dididik dina budaya kadisiplinan anu ketat, tapi masih
aya wae siswa anu masih ngarempak disiplin tata tertib sakola. Naha kulantaran
tata tertib nu kurang teges, atanapi tos jadi kabiasaan siswa nu ngalanggar
disiplin eta. Salajengna saha nu kedah dilepatkeun dina perkawis ieu? Tangtos
wae ieu jadi kawajiban urang sadaya dina introspeksi diri pikeun kasaean urang
sadaya kapayunna.
Hal
anu jadi perhatosan sarta pamadegan simkuring dina perkawis ieu teh nyaeta
kumaha cara ngaronjatkeun budaya disiplin atawa taat kanu aturan sakola ieu.
Perkawis ieu diantawisna negeskeun hukuman atanapi sanksi ka siswa nu
ngalanggar disiplin, hadena lanceuk kelas sarta guru jadi acuan conto anu sae
pikeun para rayi kelas sareng murid-muridna, langkung paosna nyeta kumaha diri
urang tiasa ngarobah kabiasaan anu henteu sae janten kabiasaan anu langkung
sae. Ku perkawis ieu kedah dingawitan ti diri urang nyalira.
Kumargi kitu mangga urang jaga budaya kadisiplinan kucara taat kanu kanu aturan
sakola, alatan saha deui lamun sanes urang minangka warga sakola. Sarta mugi
naon anu hade dipigawe ku urang kenging ridho ti Allah Subhanahu Wa Taala
aamiin.
Rupina mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosanana sarta hapunten
bilih aya kakiranganna kumargi jalmi mah teu luput tina kalepatan.
Billahitaufik
Wal Hidayah WassalamualaikumWarahmatullahi Wabarakatuh.
BIANTARA JUDULNA DUIT
Biantara
Assalaamu
‘alaikum Warahmatullahi wabarakaatuh
Para
wargi sadayana anu sami-sami hadir di ieu tempat, Alhamdulillah dina ieu
kasempetan simkuring kapasihan waktos kanggo ngadugikeun biantara perkawis DUIT
Para
wargi sadayana, perlu kauninga yen urang sadayana salaku jalmi anu fakir
tangtos ngabutuhkeun perkara anu namina DUIT. Naon margina? Margi sagala
rupi kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkara, tangtos ngabutuhkeun anu
namina DUIT. Tapi kade, ulah lepat ngartoskeun, anu di maksud DUIT
di dieu teh nyaeta:
D na DO’A
U na USAHA
I na IMAN
T na TAQWA
Janten
leres pisan kan?
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah
ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman,
sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.
Mung
sakitu anu ku simkuring tiasa di dugikeun, hapunten bilih aya cariosan anu
kirang merenah. akhirul kalam
Wassalamu
‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh
Assalaamu ‘alaikum Wr Wb
Para hadirin kaum muslimin wal muslimat anu di mulyakeun ku
Allah SWT. Aya salah sawios katerangan anu nyebatkeun:
“Ari shodaqoh teh eta
sok nyegah kana balahi”
Anu di maksud balahi di dieu teh sanes mung balahi dunya
wungkul, tapi balahi akherat oge insya Allah bakal kacegah lamun urang sering
shodaqoh. Nya kitu deui anu di maksud shodaqoh di dieu teh sanes mung shodaqoh
materi wungkul, tapi shodaqoh teh tiasa mangrupikeun tanaga, pikiran, atanapi
anu sanesna.
Janten atuh cing yakin setiap pengorbanan tanaga, pikiran,
atawa materi anu ku urang di tasorufkeun kana jalan anu dipikaridho ku Allah
teh bakal di bales ku Allah di dunya sareng di akherat ku perkara anu langkung
ageung.
Kumargi kitu, mangga atuh urang sami-sami diajar ikhlas kana
naon rupi anu tos di shodaqohkeun ku urang, margi ikhlas anu janten syarat
pokok dina shodaqoh teh, sanes karena naon-naon.
Mung di cekapkeun sakitu wae, mudah-mudahan naon rupi anu di dugikeun aya
manfa’atna kanggo para wargi sadayana. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang
merenah.
Wasalamu ‘alaikum Wr Wb
NUNTUT ELMU
Assalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.
Innal hamdalillah nahmaduhu wanasta’inuhu
wanaudzubillahi min syururi anfusina wamin syayyiati a’malina.
Asyhadu alla ilaha illallah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuluh.
Bapa/Ibu guru anu
dipihormat sareng sadaya rerencangan anu dipikacinta.
Langkung tipayun
mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparinan
sagala kanikmatan, naha nikmat lahir atanapi nikmat batin.Sholawat sarta salam
mugia urang curahkeun ka jungjungan urang sadaya nyaeta Nabi Besar Muhammad
SAW.
Ikhwan ikhwatun anu
dimulyakeun ku Allah
Dina ieu waktos
abdi bade ngadugikeun biantara tentang “NUNTUT ELMU”. Nabi Muhammad Saw Bersabda : “Tolabul
ilmi faridotun ‘ala kulli muslimin wal muslimat minal mahdi illal
lahdi“
Anu hartina : “Nuntut
elmu teh wajib kangge sakabeh umat islam, ti mimiti dina gendongan nepi ka asup
liang lahat”
Bakating ku
pentingna elmu kanggo kahirupan urang sadaya .Mangka Rasullullah Saw
ngawajibkeun ka sakabeh umat kanggo nyiar elmu ti mimiti lahir nepi ka asup
liang lahat.
Ikhwan Ikhwatun
Terang domba?
Biasana domba osok
nutur-nutur domba anu lainna. Teu peduli eta domba bener atanapi salah. Bahkan
lamun aya domba anu tikosewad ka jurang, domba-domba nu lainna milu asup ka
jurang. Tah eta teh gambaran jalmi anu bodo.
Jalmi bodo teh
sapertos kebul anu katiup ku angin (teu gaduh pendirian). Angin lumpat ka wetan
ngilu ka wetan. Angin lumpat ka kulon ngilu ka kulon. Leres teu?
Allah parantos
ngajangjikeun bakal ngangkat darajat jalmi-jalmi anu berelmu.
Tah sakitu biantara
ti sim kuring. Moga aya manpaatna. Hapunten bilih aya kalepatan.
Wabillahi taufik
wal hidayah
Wassalamu’alaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.
NGAMUMULE KANDAGA SUNDA
Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang
titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang,
dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu
minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur
pisan seni budaya.
Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa
meunang dua, ngamumule kandaga Budaya
Sunda”.
Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan
atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros
naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro,
misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud
kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah
kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog,
celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora
ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu
huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress…, hebat euy.
Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling
kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah
kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir
sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos
IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda
kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep,
teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana
undak usukna basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya
urang.
Urang
Jepang bisa nyieun pedang,
urang
reureus bisa nyieun jodang,
tong mangmang tong hariwang
kang
Darso ge bisa hirup senang.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Miara Jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda
Assalamu`alikum
Warohmatullohi Wabarokatuh
Sampurasun!
Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya,
katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan
anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.
Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi,
Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun
riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat
sareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad
SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna.
Kadang wargi anu mulya
Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat
kacamatan cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi
sadaya. Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil
sakola ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta”
Miara jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.
Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman globalisasi pangaruh
kabudayaan luar teu tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu
matak ngahariwangkeun, sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih
mikawanoh kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti
karuhun. Minangka conto, seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano
ti badan nabeuh calung, degung, angklung atawa nu liana.
Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah
mopohokeun kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung,
degung, tari ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya
sunda ari lain ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana
pangaboga urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang
jepang jeung urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng
kabandungan, urang jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah
sunda hayang diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna
diajar, nepika sakabeh elmu ti guruna bisa kapimilik.
Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya
nu ku ku sinkuring dipikaheman.
Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran
rupa-rupa alat kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh
alat-alat kasenian sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar.
Di sakola, biasana sok aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung,
kacapi jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu
aya disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring
hususna umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung
micinta budaya sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus
nanjeur sapanjang jaman.
Sakitu anu
kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.
Ngajaga Silaturrahmi di Sakola
Assalamualiakum
Warahmatullahi Wabarakatuh
Ibu
Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, saperjuangan nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal
afiat.
Para
wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade medar kumaha
pentingna hirup ngajaga silaturahmi disakola. Sabab silaturahmi iyeu matak
ngajdikeun amalan anu alus jeung gede pahalana, komo urang sadayana disakola
dididik lain sajalmi nu jalmi seer pisan anu dididik dieu sakola. Ku hal kitu
urang kedah terang saha saha wae nu keur di ajar diiyeu sakola. Kucarana
silaturahmi urang tiasa kelan anu tadi teu kenal jeeng babaturan sasakola.
Silaturahmi seer pisan manfaatna lantaran urang sadyana hirup di dunya iyeu
merluken babatur, teu bias hirup didunya iyeu nyorangan pasti merlukeun batur.
Kuhalna iye silaturahmi jeung babaturan disakola penting pisan pikeun nyeerkeun
babaturan.
Para
wargi anu mulya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa
anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi
kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana
Billahitaufik
Wal Hidayah WassalamualaikumWarahmatullahi Wabarakatuh.
BIANTARA
SABAR JEUNG
TAWAKAL
Puji sinareng syukur hayu urang
sanggakeun ka Allah SWT anu maha agung, kumargi dina dinten ieu urang tiasa
ngariung patepung lawung, shalawat sinareng salam mugia tetep kacurah
limpahkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW sareng ka kulawargina, ka para
sohabatna jeung urang salaku umatna.
Bapak Yayat salaku guru Bahasa
Sunda nu ku abdi dipikahormatm sareng rerencangan nu ku abi di banggakeun.
Ngadegna abi didieu bade
ngadugikeun biantara nu ngagaduhan tema nyaeta “Sabar jeung Tawakal”
Sabar jeung tawakal mangrupakeun
ciri tina jalma beriman beriman, urang salaku umat islam dianjurkeun jang sabar
jeung tawakal dina ngajalankeun hirup. Tapi kasabaran jeung tawakal kadangkala
babari diucapkeun ngan hese jang diterapkeun dina kahirupan sapopoe. Kasabaran
moal muncul ku soranganana, tapi kedah diusahakeun sarta dibiasakeun supados
rubah jadi sifat utami diri. Didieu diperlukeun pangorbanan ngalawan kahayang
hate sarta perjuangan nahan nafsu diri.
Urang kudu yakin, ku kasabaran
dipastikeun sakumna masalah rengse ku cara nu terbaik. “sesungguhnya Allah
masihan balesan ka maranehanana dina poe ieu kusabab maranehanana,
saestuna maranehanana jalmi-jalmi nu
meunang”(Q.S A-Mu’minun: 111)
Samentara eta, tawakal
mangrupakeun pelengkap sejati sifat sabar. Tawakal mangrupakeun kerja hate
masrahkeun sadaya ujian sarta cobaan ka Allah SWT.
Sakitu wae nu tiasa ku abi
didugikeun, mudah-mudahan urang – urang termasuk jalmi nu ngagaduhan sikap sabar sarta tawakal. Hapuntenna bilih aya
kalepatan da kasmapurnaan saukur milik Allah SWT.
Wabillahi taufik walhidayah
Wr.Wb.
KAUTAMAAN SOLAT 5 WAKTU
Bismillaahirrahamaanirrahiim..
Assalamu`alaikum
Wr.Wb.
Alhamdulilahirobilalamin...
Assolatuasala
asrofil ambiahi warmunsalin walla alihi wasobihi azmain, Amma badhu.
Langkung ti payun hayu urang
sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, anu paramtos
masihan kanikmatan-kanikmatana nana dugi urang tiasa kumpul dina acara isra
miraj ieu, dina kaayaan sehat walafiat. Amin.
Sholawat sinareng salam mugi kacurah limpahkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad
SAW, ka kulawargina, ka sohabatna teu ka kantun urang sadaya salaku umatna dugi
ka akhir jaman. Amin.
Bapa kepala sekolah nu kusimkuring dipihormat, bapa ibu guru sareng Staf TU anu
ku simkuring dipihormat, teu hilap oge ka rerencangan nu kusimkuring dipika
deudeuh. Dina acara Isro Mira`j ieu simkuring bade medarkeun ngeunaan
“Kautamaan Sholat 5 waktos”.
Hadirin nu
ku simkuring dipihormat..
Waktos harita Nabi Muhammad SAW diparentah ku Allah kanggo ngayakeun lumampah
ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqso di Palestina. Salajeungnna Nabi Muhammad
naek ka Sidratul Muntaha, Kajantenan eta marngrupi kajanteunna fenomenal.
Tina kajanteunnan eta Nabi Muhammad dipiwarang ku Allah ibadah wajib nyaeta
Sholat 5 waktos. Parentah eta parantos dilaksanakeun ti kapungkur dugi ka
ayeuna. Ibadah sholat eta teh ngagaduhan kaistimewaan mandiri, benten sareng
ibadah nu sanesna.
Saha wae anu ngalaksanakeun ibadah sholat, sami sareng anu ngadegkeun agama,
Sholat kedah di laksanakeun ku sadaya umat muslim, anu teu
ngalaksanakeunna hukumna dosa, kumargi sholat teh ibadah wajib.
Ngantunkeun sholat nu 5 waktos atanapi kumargi hoream anu kateterasan nyaeta
ngajanteunkeun jalmi anu kafir, nganggo ngajagi sifat hoream urang kedah iklas
sareng khusu, supados teu ngaraos abot ngalaksanakeun nana.
Hadirin
anu ku simkuring di pihormat..
Sholat anu 5 waktos teh, nyaeta subuh, dzuhur, ashar,
magrib, isya. Salah sawios kautamian sholat nu 5 waktos nyaeta ngajaga sholat
subuh sareng ashar, ngajanteunkeun mukana panto surga sareng nutupna panto
naraka.
Sholat ashar marupikeun sholat wustha, sakumaha dikhususkeun nyebatkeunnana
dibanding sholat nu sanesna. Upami sholat subuh didongkapan sareng di saksian
ku para malaikat.
Janten sholat teh tiasa ngahapus dosa sareng kalepatan. Mungguhing kitu urang
sadaya salaku umat muslim umatna Nabi Muhammad SAW kedah ngalaksanakeun sholat
5 waktos.
Hadirin
anu kusimkuring di pihormat..
Rupina sakitu wae anu tiasa dipedar ku simkuring, hapunten
anu ka suhun bilih aya basa anu teu merenah kana manah. Bobot sapanon carang
sapakan, Nuhun dihamputen bilih aya kalepatan.
Wabillahitaufiqwalhidayah,
Wassalmu`alaikum Wr.Wb.
COBAAN ATAWA UJIAN
Assalamualaikum Warahmatullahi
Wabarakatuh.
Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina
bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna
Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad
amma ba’du
Panghulung kalbu kajembaran fuji
janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan
sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang
sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten
pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa
kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti
Allah ta’ala. Amiin…..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep
di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat
islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in
tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Kepala Madrasah, dewan guru sadayana
anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu
kusimkuring di pihormat.
Ngadegna simkuring di didieu Insya
Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina : “ COBAAN ATAWA UJIAN “.
Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :
1. Ujian anu manis
2. Ujian anu pait
- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta
anu di pasihan nikmat ti gusti Allah
- Nu kadua ujian anu pait nyaeta
saperti di pasihan musibah
Jadi kasimpulana : Upami urang di
pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ? Sabab aya ayat Al
Quran surar Ibrahim ayat 7 Anu hartosna : Saestuna upami urang syukuran kana
nikmat Allah, pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur
kana nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna. Upami urang di pasihan ujian
anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar. Nabi bersabda : Sabar eta
sabagian tina iman. Sareng Allah ngadawuh : Allah seneng ka jalma-jalma anu
sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.
Saleresna masih aya keneh anu di
saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya
perhatosan nana.
Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum
Wr Wb.