Wawacan
Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul
panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh).[1]
Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung
digelarkeun dina puisi pupuh.[1]
Ku kituna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding
jeung dianggit ku pupuh.[
Beluk
Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar Sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak[3]. Wawacan mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh[3]. Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang.[3] Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh.[3] Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké.[3] Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modérnitas di golongan urang Sunda. Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna [4], Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu maca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".[3]Sajarah
Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.Papasingan Wawacan
Eusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi:- Wawacan Nabi Paras
- Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW
- Wawacan Sajarah Ambiya
- Wawacan Layang Syékh
- Wawacan Babad Ambiya
Wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran.[5] Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa[5] saperti :
Wawacan séjénna:
- Wawacan Amongsari jeung Lembusari
- Wawacan Umar Maya
- Wawacan Pranatana Istri ka Carogé
- Wawacan Muslimin-Muslimat
- Wawacan Sulanjana
- Wawacan Panji Wulung
- Wawacan Adat Ngurus Orok
- Wawacan Angling Darma
- Wawacan Indra Putra
- Wawacan Aji Saka
- Wawacan Damarwulan
- Wawacan Gandasari
- Wawacan Ratu
- Wawacan Batara Rama
- Wawacan Rusiah nu Kasép
- Wawacan Rengganis
- Wawacan Mintaraga
- Wawacan Iman, Élmu, reujeung Amal
- Wawacan Purnama Alam
- Wawacan Wayang Purwa
- Wawacan Mahabarata
Tidak ada komentar:
Posting Komentar