Selasa, 06 Februari 2018

RESEP / CARA NYIEUN DAHAREUN URANG SUNDA COMBRO JEUNG RANGINANG


 
COMBRO

Bahan nyieun combro teh nyaeta :
ü  1½ Sampeu,anu geus diparud,
ü  ½ Kalapa ngora anu geus diparud lembut,
ü  uyah sareung minyak goreng sacukupna.

Bahan isi na combro nyaeta :
ü  400 gram oncom anu geus direndos,
ü  5 siki cengek,
ü  3 lembar bawang daun anu geus diiris,
ü  bawang beureum,
ü  gula,
ü  cikur,
ü  sereh,
ü  uyah sacukupna sareung bumbu panyedap.

Cara Ngajieun :
1.      Mimitina sampeu dipiceun cangkangna dikumbah terus diparud.
2.      Geus kitu marud kalapa.
3.      Sampeu dipeuret caina dihijikeun jeung parudan kalapa make uyah,irisan bawang daun,jeung sereh dina baskom.
4.      Jang eusi combrona samara bangsaning cengek,uyah,cikur,gula direndos dina coet.
5.      Oncom oge sarua direndos dina samara nu tadi tepi ka nyampur.
6.      Sanggeus sagala baham geus siap sampeu dicetak buleud lonjong diasupan oncom anu geus make samara tadi.
7.      Hurungkeun kompor sok katel eusian minyak lamun geus panas minyakna abuskeun adonan combro tadi digoreng tepi ka asak warnana koneng ka coklat-coklatan.
8.      Lamun geus asak angkat tiriskeun supaya minyakna tuus,geus kitu
9.      Sajikeun dina piring.
10.  Combro siap dieumam...


 
RANGINANG
Bahan ranginang
ü  béas ketan anu diseupan sareng dibungbuan
ü  Bungbuna bisa rupa-rupa gumantung kana rasa nu dipikaresep
ü  Pikeun ranginang asin, uyah, bawang bodas jeung sajabana tangtu dibutuhkeun
ü  Kadang-kadang ditambahan tarasi.
ü  Keur raginang amis, tangtu kudu make gula.
Cara ngadamel rangginang
1.      Kanggo ngadamel rangginang, beas ketan diseupan sareng dibungbuan.
2.      Saparantosna cekap asakna (teu kenging asak teuing),
3.      Ketan nu tos pagalo sareng bungbu teras dicitak,
4.      Didaraykeun dina nyiru,
5.      Ayakan atanapi rupi-rupi anyaman anu tiasa dianggo kanggo moe.
6.      Lajeng rangginang dipoé dugikeun ka garing.
7.      Saparantosna garing, rangginang atah digoréng.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...