Kamis, 29 November 2018

biantara bahasa sunda



Biantara "Mieling Kamerdekaan Indonesia"

Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb..

Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu. Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna, sareng umatna nepi ka akhir zaman.
Langkung  ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan republik indonesia anu ka 73 ieu.
Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh, Dinten ieu, dina raraga paturay tineung Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka (73).
Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang kahareupna.
Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas, ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna. Intina, urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang.
Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina biantara ieu aya pisanggem anu kirang merenah.

Wassalamualaikum Wr. Wb







Biantara : Paturay Tineung
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
ALHAMDU LILLAHI, RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ‘ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.
Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung. Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna. Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah serta bapa-ibu guru sadayana.
Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina ngadidik,ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawekalan, sahingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun. Sajabi ti eta simkurin’g oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring’ sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuringydiajar di sakola ieu, sehingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.
Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos a’bot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari simkuring. Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudahmudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganaNa.
Margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seueurna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya perilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.

Akhirna kalawan parasaan abot pikeun ngantunkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeunnana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal citacita simkuring sadaya.

Akhirul Kalam
Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...