Kamis, 29 November 2018

biantara bahasa sunda pergaulan remaja



Biantara : Pergaulan remaja

بسم اللة الرحمن الر حي
Assalamualaikum wr,wb
Sampurasun,,
Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,
Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,
                Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu. Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna. Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.
Palawargi sadaya,
                Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan. Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna. Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.
                Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;
1.       Kurangna perhatosan ti kolot
2.       Kolot anu cerai (pisah/pegat)
3.       Kurangna Iman
4.       Wewengkon dumuk
5.       Budak anu teu nurut ka kolot
Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.
Palawargi sadaya,
        Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring. Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.
Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamualaikum wr.wb

"Pidato Kautamaan Nungtut Elmu"

( Assalamualaikum wr. wb. )

Puji sinareng syukur kahadirat gusti allah S.W.T kanggo sagala limpahan rahmat sarta hidayahna. Tina kasempatan iéu urang tiasa patepung pa'ampok jongok sasarengan dina iéu acara. Sabab, lamun teu aya nikmatna mah, urang moal tiasa patepung sareng ngadéngékeun ieu pidato nu badé ku simabdi dugikeun.

Nah hadirin, anu ku simabdi dipikahormat.. Tina élmu kabagjaan dunya tiasa urang rasakeun, tina élmu ogé kabagjaan alam akhérat tiasa urang rasakeun. Sapertos tina hadis nabi anu ngabogaan harti "barang saha anu ngahoyongan kahirupan dunyana, mangka wajib bagina ngabogaan élmu".

Nah, makin loba élmu nu ku urang dipiboga insya allah kabutuhan sareng kabagjaan dunya tiasa urang hontal. Kitu ogé sami, panghareupan urang kana kabagjaan akhirerat ogé insya allah tiasa urang rasakeun.

Ku kituna para hadirin sakalian, janten nungtut élmu téh kedah diutamakeun. Komo deui pikeun siswa-siswi anu calik dibangku sakola, teu aya alesan kanggo urang males-malesan tina diajar.

Sabab, diajar atawa nungtut élmu téh nyaéta hiji kawajiban pikeun urang saréréa. Rék kumaha ogé, mangsa kaharepna bangsa ieu téh aya dipundak urang salaku "generasi ngora". Ku kituna, urang kudu bener-bener diajar pikeun neangan ilmu nepi ka sajero-jerona.

Nah, para hadirin anu kusimabdi pikahormat, sakitu waé pidato singket dina judul kautamaan nungtut élmu anu tiasa di dugikeun tina kasempatan iéu. Mugi-mugi urang sadaya tiasa terus diajar sarta ulah ngarasa males, supados urang tiasa ngarasakeun naon éta nikmatna ngabogaan élmu.

Panutup ti simabdi, mugia ulasan singket ieu tiasa ngingetkeun urang sadaya pikeun pentingna urang kana nungtut élmu téh. Haturnuhun kana sadaya waktosna, hapunten bilih aya kalepatan tina cariosan sim abdi.

( Wassalamualaikum wr. wb. )







1 komentar:

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...