Senin, 14 Agustus 2017

dongeng sunda leuwi tutijem desa cintakarya kec.parigi pangandaran



LEUWI TUTIJEM

Kacaritakeun dina hiji tempat di desa Cintakarya dusun Sidikarya aya 3 barudak anu ngarana Tuti, Ijem jeung Karsih. Eta barudak anu tiluan osok ulin bareng ti mimiti balik sakola nepi ka burit. Dina tipeuting oge osok ngaji ka masjid Al-Huda anu diajarkeun ku mang Soleh. Jeung deui lamun balik ngaji barudak eta teh sok lulumpatan paheula-heula nepi ka imahna. Dina barudak anu tiluan teh anu panggedena nyaeta Karsih kelas 5 SD, ari Tuti jeung Ijem mah kelas 3 SD.
Dina hiji mangsa si Karsih teh ngajakan ngojay ka walungan anu tempatna rada jauh ti imahna. Pas arek indit ka walungan teh barudak eta teh teu menta heula izin ka indung kolotna sanajan kolotna keur indit ka sawah, bari tunggu manuk da keur harita teh lempang aleut-aleutan mapay jalan satapak urut warga dinya pikeun ngangsu cai jeung kabutuhan sapopoena dina usum halodo. Pas nepi dina tempat anu dituju barudak teh langsung ngarojay bari pacepret-cepret cai, teu lila aya aki Ijan ngaliwat sabari marentah ka barudak eta teh yen titah geura balik da waktu geus burit. Teu karasa ai teh beuki lila geuki gede malidkeun barudak anu tiluan, sedengkeun si Karsih mah cecekeulan ka akar tatangkalan anu gede nu ngawer ka sisi walungan, ari Tuti jeung Ijem mah kabawa palid jauh ti si Karsih. Nepi teu kadenge sora menta tulung barudak anu duaan. Si karsih tuluy hanjat bari lulumpatan balik ka imahna jeung ngabejaan yen si Tuti jeung ijem teh kabawa palid sarta manehna teu bisa nulungan sanajan cai teh panggelede meni gede. Tuluy warga jeung kolotna si Tuti jeung Ijem teh neangan nepi ka burit teu lila Tuti jeung Ijem teh kapanggih dina leuwi anu jero geus ngambang tuluy Tuti jeung Ijem teh dikuburkeunna ti peuting. Tah ti harita leuwi eta teh diaranan leuwi Tutijem ku warga satempat.

TEKS PEMBAWA ACARA (PANATA ACARA) SUNDA :: ACARA NGAWANOHKEUN TARLING KA RUMAJA



ASSALAMUALAIKUM WR WB.
Bapak Kepala Dinas Pendidikan dan Kebudayaan nu dipihormat.
Bapak Kepala sekolah sareng Wakil kepala sekolah nu dipihormat
Bapak Ibu Guru sareng karyawan Staf TU nu dipihormat
Para tamu Ondangan nu dipihormat
Sareng Rerencangan nu dibanggakeun.
Langkung tipayun mangga urang sasarengan munajat ka ALLAH SWT, nyanggakeun puji sinareng syukur, rehna, mantenna, parantos maparinan kasempatan ka urang sadayana, dina dinteun ieu, kanggo ngaluuhan ieu tempat nya eta tempat siswa-siswi mintonkeun bakat sareng kreatifitasna dina acara ngawanohkeun budaya sunda nyaeta Tarling.

Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin nu dipihormat.
Sim kuring atas Nami Ketua OSIS, oge wawakil ti rengrengan panata calagara ieu, ngahaturkeun wilujeung sumping ka bapa-bapa, ibu-ibu tamu ondangan oge ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana.
Salajeungna simkuring ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka aa-aa, teteh-teteh, nu tos ngiring ulu biung, ngareuah-reuah ieu acara. Mudah-mudahan ieu acara langkung luarbiasa, langkung sukses, kalayan kualitas sae ti taun-taun sateuacanna.
Runtuyan acara anu bade dilaksanakeun nyaeta:
1.                  Bubuka (maca basmalah)
2.                  Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an sareng solawat Nabi
3.                  Sambutan ti pupuhu panata acara
4.                  Sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 PARIGI
5.                  Biantara ti pupuhu OSIS SMAN 1 PARIGI
6.                  Doa
7.                  Panutup
Sumangga ieu acara urang buka ku aosan basmalah
Salajengna sim kuring ngahaturanan ka saderek saderek Adi kanggo ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an sareng solawat Nabi. Haturnuhun ka saderek Adi.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu panata acara, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun parantos ngadugikeun sambutanna.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 Parigi mangga dihaturanan
Hatur nuhun pupuhu sakola mugia naon anu didugikeun ku ajeunna mangpaat kanggo urang sadayana, Amin Ya Robbal Alamin.
Salajengna nyaeta biantara ti pupuhu OSIS SMAN 1 Parigi, mangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka salaku pupuhu OSIS anu atos nepangkeun biantara. Mugia naon anu dipiharep tiasa di raih ku urang  sadayana. Amin.
Acara salajengna nyaeta do’a anu bade dilaksanakeun ku Bapa Ustad, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka Bapa Ustad, mugia do’a anu tos dibacakeun tadi di ijabah ku Gusti Nu Maha Suci, Amin Ya Allah Y Robbal Alamin
Ibu miwah bapa sareng saderek anu ku sim kuring dipihormat, runtuyan acara pantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara the aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae. Sim kuring nyuhunkeun hapunten kangge sadaya kalepatan.
Haturnuhun kana perhatosanana. Mangga urang tutup ku aosan hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbilalamin! Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

DONGENG SASAKALA PATAPAAN JEUNG GUHA GEDE - SELASARI PARIGI - PANGANDARAN



SAJARAH PATAPAN  JEUNG GUHA GEDE

Sumber : Eyang Anom
           
Kaceluk Perbu demang dayang sri nyaeta Kiai sembah dipataruna,mabak -mabak di daerah anu ayeuna di sebutna babakan nepi ka anak baranahan. Hiji waktu maranehna hayang ulin ka hiji tempat ( lokasi saeutik tapi betah) malah aya patapan luhur jeung guha gede. Anu ahirna eta tempat teh di aranan banjar sari nu artina Banjar teh ngajar sari teh rasa.
            Lila waktu ahirna loba turunan bari jeung sapamikiran jeung anjeuna,hiji waktu usum halodo. Maranehna naek ka hiji tempat pas wanci ngalaksanakeun ibadah solat lohor neangan cai nu ahirna manggih leuwi dina lelegok handapeun tangkal ceuri.  Ahirna eta tempat di aranan kali ceuri ( kali curi mun ayeuna mh)
            Hiji waktu dina usum bungbuahan maranehna neangan kadu ka pasir dudan anu nanjakna ge undur ngalungsar. Ngorehan kadu nu ahirna manggih dina sisi cai nu ahirna eta tempat di aranan kali duren,kali teh cai duren teh kadu.

            Riwayat ki pancur lantaran aya kai mancur lantaran dewi sawung galih ti pulo nusakambangan rek  ngalalakon ka pajajaran jaman halodo keneh hese neangan cai Keur waktu aleureun di pasir buah,ahirna ngeduk cai ti leuwi garu curug cimanggu terus dipelak dina ampel koneng. Mun aya keneh ayeuna eta tempat teh jadi pamandian ambeh awet ngora.

            Singkat carita : perbu demang dayang sri nyaeta kiai sembah dipataruna teh pupus. Di kubur di astana heubeul dina handapeun tangkal bungur. Ayeuna mh tangkal eta teh geus di tuar nu ahirna kiai sembah dipataruna ngahiji ka patapan luhur

            Riwayat guha gede : kasebut guha gede,,caritana embah gede jeung nini gede ngancik di eta guha. Asalna mh maranehna ti guha reregan salakambang,bisa di sebut ngancik di dua tempat(guha reregan jeung guha gede banjar sari) sanajan guha leutik tapi anehna pernah dipake panyumputan ku jalma sagolongan harita jaman gorombolan.


Kuncen Guha Gede    : Ki Umin ( Eyang Anom)
Kuncen Patapan          : Aki Mursah turun ka Ki Asdi (Teu aya nu Nerasken)
Dusun Banjarsari Desa Selasari.

BIANTARA :: MIKACINTA KANA BUDAYA SUNDA



BIANTARA
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Piji sinareng syukur urang sanggakeun ka Djat na Maha Suci Allah SWT aza wajala anu parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan tug dugi ka ayeuna, ku kersa timantenna urang sadaya tiasa ngariung mungppulung di ieu tempat dina kaayaan jag-jag tur sehat. Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan alam nyatana Habibana Wanabiyana Muhammad saw, teu kalangkung ka para kulawargana, sohabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu salamina tumut kana syareat anu dicandakna.
Bapa kepala sakola anu ku simkuring dipihormat, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerencangan sasapit samamanis anu ku simkuring dipikadeudeuh sareng dipikacinta. Simkuring ngadeg didieu bade ngadugikeun eusi biantara anu ngeunaan mikacinta seni budaya sunda ka barudak sakola.
Hadirin hormateun simkuring
Basa sunda teh basa pituin urang sunda, taya sanes urang sunda teh kedah mibanda rasa katineung kana budayana sorangan, ulah nepi ka jati ka silih ku junti. Mupusti budaya deungeun bari teu malire budaya urang sorangan.
Sanes hartosna urang sunda teh ulah malire kana budaya deungeun nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya  deungeun teh, dibarengan ku ngaraksa jeung ngariksa kana budaya sorangan arek ku saha deui budaya sunda teh dimumule lamun lain ku urang sunda sorangan?
Basa sunda basa indung hartosna urang sunda ti mimiti brol ka alam dunya kudu dibiasakeun make basa sunda, kumaha atuh ayeuna mah geus langka be anu nyebut ambu jeung abah kalah oge mamih papih malah mah aya anu nyebut dedi.
Sigana bajkal leuwih nyerep lamun ka barudak ayeuna dibiasakeun ngawanohkeun basa jeung budayanan sorangan. Contona dina basa simkuring hese make basa sunda teh padahal boro-boro nyarita maca oge teu bisa, tah ti ayeuna urang kudu saetik-saeutik ngamimitian nyarita ku basa sunda anu bener. Contona anu kadua nyaeta barudak mah apal keneh kana lagu-lagu barat ti batan lalaguan budaya sunda sorangan.
Salajengna ti eta urang teh kudu mikacinta budaya sunda katut seni budaya sundana. Salah sahiji cara anu dasar pikeun urang sadaya bisa mikacinta bubisaya ngagunakeun basa sunda dina hirup kumbuh sapopoe, sabab aya paribasa yen basa teh nunjukeun bangsa lamun geus bisa ngagunakeun basa sunda dina hirup sapopoe. Eta jalma geus pasti mikacinta kana budaya sundana.
Sakitu anu kapihatur, bobo saapanon carang sapakan, hapunten bilih aya kalepatan.
Akhirul kalam wassalamuálaikum Wr.Wb.

MAKALAH PENGARUH PENDIDIKAN DAN LATIHAN DASAR TENAGA KERJA TERHADAP PRODUKTIVITAS SDM

  MAKALAH PENGARUH PENDIDIKAN DAN LATIHAN DASAR TENAGA KERJA TERHADAP PRODUKTIVITAS SDM Disusun untuk memenuhi Tugas Mata kuliah Eko...