LEUWI TUTIJEM
Kacaritakeun
dina hiji tempat di desa Cintakarya dusun Sidikarya aya 3 barudak anu ngarana
Tuti, Ijem jeung Karsih. Eta barudak anu tiluan osok ulin bareng ti mimiti
balik sakola nepi ka burit. Dina tipeuting oge osok ngaji ka masjid Al-Huda anu
diajarkeun ku mang Soleh. Jeung deui lamun balik ngaji barudak eta teh sok
lulumpatan paheula-heula nepi ka imahna. Dina barudak anu tiluan teh anu
panggedena nyaeta Karsih kelas 5 SD, ari Tuti jeung Ijem mah kelas 3 SD.
Dina
hiji mangsa si Karsih teh ngajakan ngojay ka walungan anu tempatna rada jauh ti
imahna. Pas arek indit ka walungan teh barudak eta teh teu menta heula izin ka
indung kolotna sanajan kolotna keur indit ka sawah, bari tunggu manuk da keur
harita teh lempang aleut-aleutan mapay jalan satapak urut warga dinya pikeun
ngangsu cai jeung kabutuhan sapopoena dina usum halodo. Pas nepi dina tempat
anu dituju barudak teh langsung ngarojay bari pacepret-cepret cai, teu lila aya
aki Ijan ngaliwat sabari marentah ka barudak eta teh yen titah geura balik da
waktu geus burit. Teu karasa ai teh beuki lila geuki gede malidkeun barudak anu
tiluan, sedengkeun si Karsih mah cecekeulan ka akar tatangkalan anu gede nu
ngawer ka sisi walungan, ari Tuti jeung Ijem mah kabawa palid jauh ti si
Karsih. Nepi teu kadenge sora menta tulung barudak anu duaan. Si karsih tuluy
hanjat bari lulumpatan balik ka imahna jeung ngabejaan yen si Tuti jeung ijem
teh kabawa palid sarta manehna teu bisa nulungan sanajan cai teh panggelede
meni gede. Tuluy warga jeung kolotna si Tuti jeung Ijem teh neangan nepi ka
burit teu lila Tuti jeung Ijem teh kapanggih dina leuwi anu jero geus ngambang
tuluy Tuti jeung Ijem teh dikuburkeunna ti peuting. Tah ti harita leuwi eta teh
diaranan leuwi Tutijem ku warga satempat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar