Senin, 28 Agustus 2017

KUMPULAN BIANTARA SUNDA


“rizki halal & rizki haram”

 “ASSALAMUALAIKUM WR.WB”

Innall hamdalillah wasolatuu wasalaamu ala rosulillah waala aliihi wasohbihi wamaa wallaah (amma ba’du)

Puji sanes kangge paraji syukur sanes kangge tukang cukur tapi puji sinareng syukur ukur pantes urang sanggakeun kahadirat Allah anu Maha Ghofur, Sholawat kalih salam sanes kangge bang bendol sanes oge kangge tukang cendol tapi solawat kalih salam ukur pantes urang panjatken kangge paduka alam yakni habibana wanabiana kanjeng Nabi Muhammad saw.

Para ibu kalih bapak anu sami hadir, dina acara imtihana ieu sim kuring bade nyandaken tema “rizki halal & rizki haram”

Kanjeng nabi Muhammad saw pernah nyaurkeun “SAYYA’ATII JAMANU ALANNASI LAAYUBALUL MARHUU MAAHODAMINHU AMINALL HALALI AMINAL HAROMI”

Anu hartosna : ”BAKAL DATANG HIJI JAMAN DIMANA JELEMA NEANGAN REZEKI TEPADULI HALAL JEUNG HARAMNA NU PENTING HASIL”

Dan ternyata survey membuktikan bahwa jaman anu disaurken ku kanjeng nabi Muhammad saw datang, iraha ibu datangna eta zaman? ternyata eta zaman teh nuju dilakonan ku urang samudayana tegesna zaman ayeuna, tingal we ibu bapak dina TV acara berita ti isuk dugika peuting anu diberitaken teh bangsat deui bangsat deui, cik cek ibu ari babangsat eta milarian rezeki halal atanapi haram?.......naudubillahimin dalik bu.

Bangsat ayeuna timimiti bangsat hayam dugika bangsat miliaran aya bahkan bangsat eusi cangcut ge loba zaman ayeuna mah bu, kahade bilih urang pernah ngalakuken hiji perkara anu mana urang teh nyanak saalit rezeki anu sanes hak urang maka eta bakal dipertanggung jawabkeun. para ibu para bapak, anu ngeri namah bilih eta rezeki katuang ku anak pamajikan, ku dulur-dulur. Apakah urang tega ngagebrusken keluarga urang ka Naraka naudubillahi min dzalik….sabab aya hiji katerangan anu nyarken “KULLU LAHMIN NABATA MIN HAROOMIN PANNARU AULA BIHI; Anu hartosna “SETIAP DAGING ANU TUMBUH TINA REZEKI ANU HARAM MAKA SEUNEU NARAKA ANU PANTES NGAHUKUMANA” tuh jadi dimana keluarga urang nuang rezeki anu teu halal sanajan saalit oge lamun jadi daging dina awak urang maka eta daging bagean seuneu naraka naudubillahi min dzalik buuu.

Dina kesempatann ieu hayu urang sami sami nga doa kagusti numaha suci mudah2an rezeki anu parantos katuang timimiti lahir dugi kaayeuna di halalken ku gusti Alloh swt, amiin yaa roball aalamiin.

Sakitu bae pepeling ti abdi hususna kange abdi umumna kangge sadayana kumargi abdi tos cangkel mudah2an ageng pisan manpaatna hapunten bilih aya cariosan anu lepat. Kasalahan kagaduhan setan, Kabeneran kagaduhan malaikat bener jeung salah sipatna manusa….billahi walhidayah wattaofik

“WASSALAMUALAIKUM WR.WB”





Biantara Bahasa Sunda :: Bulan Ramadhan


Assalamu’alaikum Wr. Wb.


Bapa miwah Ibu guru anu ku sim abdi dipikahormat, rerencangan sadayana anu ku sim abdi dipitresna. Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Allah SWT nu maha ghopur tur miheman sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam katresna mugi tetep dilelerkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. Miusah kaluwargana, sahabatna sarta dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana.


Dina kasempatan ieu, abdi bade ngabantun bulan Ramadhan, bulan Ramadhan nyaeta sasih anu sae sarta diridhoi loba manfaatna nu bisa dibenangkeun jeung sakabeh muslim ti ibadah puasa salah sahijina, media ngalatih kasantunan. Kasantunan kawas kitu rek ngadampek gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalma anu ti sakitarna. Abdi rek ngabuat jadi pribadi anu indah kadua kasantunan bisa ngabentak sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh nyaksikeun pribadi Rasulullah SAW nu santun, nyaeta Tsumamah bin Atsal RA jeung Zaid bin Sa’anah RA. Katilu kasantunan nyaeta pelindung hate ti noda jeung panyakit kalbu nu perlu disadarkeun waktu nyarios dugal jeung nyumpahkeun.


Kitu wae biantara ti abdi. Mugi-mugi puasa pada waktos ieu kasehatana angger terlimpahkeun ka urang sadaya jeung bisa ngaletakkeun etos kasantun ti sapopoe dugi ka jadi hamba-hamba dipikarunya ka Gusti Allah SWT. Bilih aya aosan anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten, hatur nuhun.


Wassalamu’alaikum Wr. Wb.




Biantara Bahasa Sunda Tema Cita-Cita"


Assalamu’alaikum Wr. Wb.



Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat. 

Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiit tabiatna sareng mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. (Amin). 

Hadirin anu kusimabdi dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi bade ngajak ka sadayana anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang teh ngagaduhan cita-cita atawa impian. 

Hadirin anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina ngajalankeun hirup urang. 

Cita-cita teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu boga tujuan tina hirup. 

Janten urang teh kedah ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing getol. 

Hadirin anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta cita-cita urang. 

Apan aya paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal katedunan ku urang sadayana. 

Hadirin anu kusimabdi dipikahormat, Di jaman anu modern ieu, urang kudu pinter-pinter ngagunakeun teknologi. Sangkan urang leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita urang sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina milarian elmu pangaweruh sapertos internet. 

Sabab ku kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang sorangan. 

Mung sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT.

Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh..


 PANGARUH INTERNET KA RUMAJA

Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb



 WAJIB BELAJAR 9 TAUN

Assalàmu’alaikum Wr. Wb.
Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.   
Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar Pendidikàn Dasar “.

Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.






Para Bapa, Ibu, saderek sadaya anu dipihormat

Assalamu’alikum Wr. Wb.,

Alhamdu Lillahi bini’matil imaani wal islami, asyhadu alaa ilaha ilallah wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warusuluh. Allahumma sholli wasallim ‘alaa sayyidina muhammadiw wa’alaa alihi wasahbihi ajma’in, amma ba’du.......

Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadzirat Allah SWT., nu parantos maparinan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, sahingga dina dangeut ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok anu dimulyakeun mungguh Allah SWT.

Salajeungna salawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang sadaya nyatana kanjeung Nabu Muhammad SAW., sareng ka kulawargana, para sahabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Para hadirin sadaya,

Dina dinten enjing urang sadaya bakal gentos taun nyaeta taun anu enggal. Nu hartosna urang bakal ngintunkeun tau anu ngalangkung.

Ku dongkapna Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar., saperti anu tos diterangkeun dina ajaran Islam, oge mangrupikeun bulan dimana Rasulullah SAW., seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syi’ar da’wahna. Sajabi  ti eta bulan muharam teh ngarupikeun bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang disebut taun “Hijriah”.

Anapon maksud urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu, sajabi ti ngarayakeun sebage taun baru islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama islam. Supaya urang sawadina ngarayakeun itungan jeung pertimbangan pikeun diri urang sorangan samemeh urang diitung pertimbangan sagala amal urang boh anu hade atawa goreng dipayuneun Allah SWT., dina poean wawales.

Supaya dina ngamimitian hirup dina taun nu bakal datang, sadaya nu kakurangan tiasa ditambahan jeung naon anu tinggaleun di omean sarta sadaya nu hade tiasa dipertahankeun kalawan ditingkatkeun kunu leuwih hade batan nu geus kaliwat.

Ku kituna dina ngajalankeun taun anu enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan anu sae,. Mungpung meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu nganggur, hayu urang gunakeun ngeumpeulkeun amalan ibadah ka Alloh SWT.

Ku jalan ngagunakeun waktu hirup samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah sareng beramal sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan  engke dimana mulih ka alam ka langgeungan, di akherat mah moal aya nu manfaat pikeun manusa kajabi ti amal sholeh nu di laksanakeun ku urang sadaya nalika hirup di alam dunya.

Rupina sakitu nu kapihatur dina raraga nyambut mieling taun munggaran, mudah -mudahan Alloh SWT ngahaputen kana sagala dosa nu parantos kalakonan ku urang sadaya dina taun-taun nu kalangkung, sarta mudah-mudah an Alloh salamina maparin pituduh sareng rahmat ka urang sadaya. Aamiin ya Rabbal alamin…

Wabilahitaufik walhidayah….

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.






Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh!

Bapak sareng Ibu Guru oge hadirin sadayana nu ku simkuring dipihormat.
Shalawat sareng salam urang haturkeun ka Junjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulantaran Anjeuna pisan urang sadayana janten tiasa ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.

Hadirin sadayana nu di Mulya keun ku Allah
Unggal jalmi tos tangtu ngaharepkeun kabagjaan Dunya rawuh Akherat. Kabagjaan eta teu tiasa dilakonan kucara sakadaek, hura-hura, sareng sadaya hal nu ngalanggar syariat agama Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT, saperti nu ditulis  dina  Al-qur'an sareng Hadits .

Ngalakukeun ibadah mun di mimitian ku hate nu Ikhlas, hartina ngalakukeun kaalusan teh teu hayang di tempo, komo deui dipuji ku batur mah. Urang kudu ngajauhkeun diri tina kalakuan Riya, sabab hal eta nu  bisa ngancurkeun amalan hade , akhirna urang ibadah teh ngan sakadar meunang cape .
Kanjeung Nabi SAW nerangkeun , Ciri-ciri jalmi nu Riya, nyaeta:
1. Sanajan sifat aslina males, bakal rajin lamun dihareupeun batur.
2. Ibadahna getol karna hayang dipuji ku batur, mun di tegor langsung pundung

Mudah-mudahan urang sadayana ditebihkeun dina sifat Riya tadi,, Amiiin ya Robbal Alamiin..
Mung sakitu pihatur ti simkuring, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Hapunten pami masih seueur keneh pisan kakiranganana.

Akhiirul Kalaam, Wabillaahi taufiiq Wal hidaayah Wassalamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh.



NGARANCANG KAHAYANG

 

Assalamualaikum Wr. Wb

Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Alloh SWT nu Maha Welas - Asih. Sholawat sinareng salam mangga urang dugikeun ka Nabi Agung, Muhammad SAW. Teu kakantun ka kulawargina, para sahabatna, sareng ka sadaya umatna anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang kalebet ka umatna anu baris kenging syafaat ti mantena, ammiin.

Hadirin nu dipihormat, Bapa/Ibu guru sareng sadaya rerencangan nu dipikanyaah ku sim kuring. Daramang sadayana? Mugi-mugi urang tetep dipasihan kasehatan sareng kabagjaan, komo sakedap deui urang bade mayunan ujian ahir, sing sukses sadayana, nya!
Alhamdulillah dina danget ieu, sim kuring dipaparin kasempetan kanggo ngadugikeun biantara. Jejer atanapi poko biantara anu bade dipedar teh nyaeta Ngararancang Kahayang.

Hadirin nu dipihormat, utamina rerencangan sakelas sadayana. Urang ayeuna aya dina tungtung waktu, ahir tina tilu taun urang babarengan. Genep semester urang nyuprih elmu neangan pangabisa, diaping ku para guru sarta babagi di antara urang. Dina ahir pendidikan urang, naha urang tos ngiker-ngiker rek kumaha sanggeus ieu lekasan? Bisa jadi urang teh kungsi ngimpi, hayang anu atawa rek anu jaga teh. Moal boa di antara urang ge aya nu sumanget, yakin bakal ngahontal kahayangna, optimis rek bisa newak cita-citana. Tapi saha nu apal, boa nu pesimis oge aya, anu bingbang, nu asa-asa, atawa nu galau oge rea boa? Cikan, saha nu rumasa keur galau ku masa depan? Ih ulah galow, ulah nepika urang jadi generasi madesu, apal ka generasi madesu? Generasi nu boga Masa Depan Suram, suram tea atuh, deukeut ka poek mongkleng, nu teu kaciri curuk-curuk acan. Kade urang mah ulah kitu, ah!

Punten sagala hormat kumargi aya kakirangannana.Sakitu anu kapihatur anu tiasa ku simkuring  dugikeun,Kirang sareng langkungna nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum wr.wb



TAAT KANA ATURAN SAKOLA




Assalamualiakum Warahmatullahi Wabarakatuh

Langkung tipayun mannga urang haturkeun puji sinareng syukur ka Allah Subhanahu Wa Taala, margi ku manten-Na urang tiasa ruing mungpulung dina raraga pangajaran Basa Sunda kalayan sehat wal afiat. Shalawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Salallahu Alaihi Wassalam, ka para kulawargina, para sohabatna, sareng umatna Insya Allah kalebet urang sadaya mugi dipasihan syafaat di Yaumil Akhir Aamiin Ya Allah Ya Rabbal Aalamiin.

Ibu guru Basa Sunda, teu hilap rerencangan sadaya anu ku simkuring dipihormat.
Dina pasamoa ieu simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu tos masihan waktos kasempetan ka simkuring pikeun ngadugikeun biantara anu judulna taat kanu aturan sakola.
Mireng kecap taat kana aturan sakola tinangtos teu deungeun deui ngupingna oge. Komo deui urang salaku siswa nu dididik ku sistem disiplin pasti kedah taat kanu peraturan anu aya disakola.
Sok sanaos siswa-siswi dididik dina budaya kadisiplinan anu ketat, tapi masih aya wae siswa anu masih ngarempak disiplin tata tertib sakola. Naha kulantaran tata tertib nu kurang teges, atanapi tos jadi kabiasaan siswa nu ngalanggar disiplin eta. Salajengna saha nu kedah dilepatkeun dina perkawis ieu? Tangtos wae ieu jadi kawajiban urang sadaya dina introspeksi diri pikeun kasaean urang sadaya kapayunna.

Hal anu jadi perhatosan sarta pamadegan simkuring dina perkawis ieu teh nyaeta kumaha cara ngaronjatkeun budaya disiplin atawa taat kanu aturan sakola ieu. Perkawis ieu diantawisna negeskeun hukuman atanapi sanksi ka siswa nu ngalanggar disiplin, hadena lanceuk kelas sarta guru jadi acuan conto anu sae pikeun para rayi kelas sareng murid-muridna, langkung paosna nyeta kumaha diri urang tiasa ngarobah kabiasaan anu henteu sae janten kabiasaan anu langkung sae. Ku perkawis ieu kedah dingawitan ti diri urang nyalira.
Kumargi kitu mangga urang jaga budaya kadisiplinan kucara taat kanu kanu aturan sakola, alatan saha deui lamun sanes urang minangka warga sakola. Sarta mugi naon anu hade dipigawe ku urang kenging ridho ti Allah Subhanahu Wa Taala aamiin.
Rupina mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosanana sarta hapunten bilih aya kakiranganna kumargi jalmi mah teu luput tina kalepatan.

Billahitaufik Wal Hidayah WassalamualaikumWarahmatullahi Wabarakatuh.



BIANTARA JUDULNA DUIT



Biantara

Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi wabarakaatuh

Para wargi sadayana anu sami-sami hadir di ieu tempat, Alhamdulillah dina ieu kasempetan simkuring kapasihan waktos kanggo ngadugikeun biantara perkawis DUIT

Para wargi sadayana, perlu kauninga yen urang sadayana salaku jalmi anu fakir tangtos ngabutuhkeun perkara anu namina DUIT. Naon margina? Margi sagala rupi kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkara, tangtos ngabutuhkeun anu namina DUIT. Tapi kade, ulah lepat ngartoskeun, anu di maksud DUIT di dieu teh nyaeta:

D na DO’A

U na USAHA

I na IMAN

T na TAQWA

Janten leres pisan kan?
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman, sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.

Mung sakitu anu ku simkuring tiasa di dugikeun, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. akhirul kalam

Wassalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh





Biantara :: shodaqoh

 

Assalaamu ‘alaikum Wr Wb


Para hadirin kaum muslimin wal muslimat anu di mulyakeun ku Allah SWT. Aya salah sawios katerangan anu nyebatkeun:

 “Ari shodaqoh teh eta sok nyegah kana balahi”

Anu di maksud balahi di dieu teh sanes mung balahi dunya wungkul, tapi balahi akherat oge insya Allah bakal kacegah lamun urang sering shodaqoh. Nya kitu deui anu di maksud shodaqoh di dieu teh sanes mung shodaqoh materi wungkul, tapi shodaqoh teh tiasa mangrupikeun tanaga, pikiran, atanapi anu sanesna.

Janten atuh cing yakin setiap pengorbanan tanaga, pikiran, atawa materi anu ku urang di tasorufkeun kana jalan anu dipikaridho ku Allah teh bakal di bales ku Allah di dunya sareng di akherat ku perkara anu langkung ageung.

Kumargi kitu, mangga atuh urang sami-sami diajar ikhlas kana naon rupi anu tos di shodaqohkeun ku urang, margi ikhlas anu janten syarat pokok dina shodaqoh teh, sanes karena naon-naon.
Mung di cekapkeun sakitu wae, mudah-mudahan naon rupi anu di dugikeun aya manfa’atna kanggo para wargi sadayana. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah.


Wasalamu ‘alaikum Wr Wb



NUNTUT ELMU



Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Innal hamdalillah nahmaduhu wanastainuhu wanaudzubillahi min syururi anfusina wamin syayyiati amalina. Asyhadu alla ilaha illallah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuluh.

Bapa/Ibu guru anu dipihormat sareng sadaya rerencangan anu dipikacinta.     

Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparinan sagala kanikmatan, naha nikmat lahir atanapi nikmat batin.Sholawat sarta salam mugia urang curahkeun ka jungjungan urang sadaya nyaeta Nabi Besar Muhammad SAW.


Ikhwan ikhwatun anu dimulyakeun ku Allah

Dina ieu waktos abdi bade ngadugikeun biantara tentang NUNTUT ELMU. Nabi Muhammad Saw Bersabda : Tolabul ilmi faridotun ala kulli muslimin wal muslimat minal mahdi illal lahdi

Anu hartina : Nuntut elmu teh wajib kangge sakabeh umat islam, ti mimiti dina gendongan nepi ka asup liang lahat

Bakating ku pentingna elmu kanggo kahirupan urang sadaya .Mangka Rasullullah Saw ngawajibkeun ka sakabeh umat kanggo nyiar elmu ti mimiti lahir nepi ka asup liang lahat.


Ikhwan Ikhwatun

Terang domba?

Biasana domba osok nutur-nutur domba anu lainna. Teu peduli eta domba bener atanapi salah. Bahkan lamun aya domba anu tikosewad ka jurang, domba-domba nu lainna milu asup ka jurang. Tah eta teh gambaran jalmi anu bodo.

Jalmi bodo teh sapertos kebul anu katiup ku angin (teu gaduh pendirian). Angin lumpat ka wetan ngilu ka wetan. Angin lumpat ka kulon ngilu ka kulon. Leres teu?

Allah parantos ngajangjikeun bakal ngangkat darajat jalmi-jalmi anu berelmu.


Tah sakitu biantara ti sim kuring. Moga aya manpaatna. Hapunten bilih aya kalepatan.

Wabillahi taufik wal hidayah

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.





 NGAMUMULE KANDAGA SUNDA

Assalamualaikum Wr.Wb.

Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan seni budaya.

Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.

Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule kandaga Budaya Sunda”.

Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia.

Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress…, hebat euy.

Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.

Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang.

Urang Jepang bisa nyieun pedang,

urang reureus bisa nyieun jodang,

 tong mangmang tong hariwang

kang Darso ge bisa hirup senang.

Wassalamualaikum Wr.Wb.






Miara Jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda


Assalamu`alikum Warohmatullohi Wabarokatuh


Sampurasun!


Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya, katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.

Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna.

Kadang wargi anu mulya

Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat kacamatan cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi sadaya. Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta” Miara jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.

Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman  globalisasi pangaruh kabudayaan luar teu tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak ngahariwangkeun, sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti karuhun. Minangka conto, seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano ti badan nabeuh calung, degung, angklung atawa nu liana.

Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah mopohokeun kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung, tari ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari lain ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang jepang jeung urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh elmu ti guruna bisa kapimilik.

Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu ku ku sinkuring dipikaheman.

Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa alat kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana sok aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru.

Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budaya sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman.

Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.



 



Ngajaga Silaturrahmi di Sakola


Assalamualiakum Warahmatullahi Wabarakatuh

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, saperjuangan nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade medar kumaha pentingna hirup ngajaga silaturahmi disakola. Sabab silaturahmi iyeu matak ngajdikeun amalan anu alus jeung gede pahalana, komo urang sadayana disakola dididik lain sajalmi nu jalmi seer pisan anu dididik dieu sakola. Ku hal kitu urang kedah terang saha saha wae nu keur di ajar diiyeu sakola. Kucarana silaturahmi urang tiasa kelan anu tadi teu kenal jeeng babaturan sasakola.
Silaturahmi seer pisan manfaatna lantaran urang sadyana hirup di dunya iyeu merluken babatur, teu bias hirup didunya iyeu nyorangan pasti merlukeun batur. Kuhalna iye silaturahmi jeung babaturan disakola penting pisan pikeun nyeerkeun babaturan.

Para wargi anu mulya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana

Billahitaufik Wal Hidayah WassalamualaikumWarahmatullahi Wabarakatuh.





BIANTARA


SABAR JEUNG TAWAKAL



Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka Allah SWT anu maha agung, kumargi dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, shalawat sinareng salam mugia tetep kacurah limpahkeun ka kanjeng Nabi Muhammad SAW sareng ka kulawargina, ka para sohabatna jeung urang salaku umatna.


Bapak Yayat salaku guru Bahasa Sunda nu ku abdi dipikahormatm sareng rerencangan nu ku abi di banggakeun.

Ngadegna abi didieu bade ngadugikeun biantara nu ngagaduhan tema nyaeta “Sabar jeung Tawakal”


Sabar jeung tawakal mangrupakeun ciri tina jalma beriman beriman, urang salaku umat islam dianjurkeun jang sabar jeung tawakal dina ngajalankeun hirup. Tapi kasabaran jeung tawakal kadangkala babari diucapkeun ngan hese jang diterapkeun dina kahirupan sapopoe. Kasabaran moal muncul ku soranganana, tapi kedah diusahakeun sarta dibiasakeun supados rubah jadi sifat utami diri. Didieu diperlukeun pangorbanan ngalawan kahayang hate sarta perjuangan nahan nafsu diri.

Urang kudu yakin, ku kasabaran dipastikeun sakumna masalah rengse ku cara nu terbaik. “sesungguhnya Allah masihan balesan ka maranehanana dina poe ieu kusabab maranehanana, saestuna  maranehanana jalmi-jalmi nu meunang”(Q.S A-Mu’minun: 111)


Samentara eta, tawakal mangrupakeun pelengkap sejati sifat sabar. Tawakal mangrupakeun kerja hate masrahkeun sadaya ujian sarta cobaan ka Allah SWT.


Sakitu wae nu tiasa ku abi didugikeun, mudah-mudahan urang – urang termasuk jalmi nu ngagaduhan sikap  sabar sarta tawakal. Hapuntenna bilih aya kalepatan da kasmapurnaan saukur milik Allah SWT.


Wabillahi taufik walhidayah Wr.Wb.



KAUTAMAAN SOLAT 5 WAKTU

Bismillaahirrahamaanirrahiim..

Assalamu`alaikum Wr.Wb.


Alhamdulilahirobilalamin...


Assolatuasala asrofil ambiahi warmunsalin walla alihi wasobihi azmain, Amma badhu.

Langkung ti payun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, anu paramtos masihan kanikmatan-kanikmatana nana dugi urang tiasa kumpul dina acara isra miraj ieu, dina kaayaan sehat walafiat. Amin.
Sholawat sinareng salam mugi kacurah limpahkeun ka junjunan urang Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna teu ka kantun urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amin.
Bapa kepala sekolah nu kusimkuring dipihormat, bapa ibu guru sareng Staf TU anu ku simkuring dipihormat, teu hilap oge ka rerencangan nu kusimkuring dipika deudeuh. Dina acara Isro Mira`j ieu simkuring bade medarkeun ngeunaan “Kautamaan Sholat 5 waktos”.


Hadirin nu ku simkuring dipihormat..


Waktos harita Nabi Muhammad SAW diparentah ku Allah kanggo ngayakeun lumampah ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqso di Palestina. Salajeungnna Nabi Muhammad naek ka Sidratul Muntaha, Kajantenan eta marngrupi kajanteunna fenomenal.
Tina kajanteunnan eta Nabi Muhammad dipiwarang ku Allah ibadah wajib nyaeta Sholat 5 waktos. Parentah eta parantos dilaksanakeun ti kapungkur dugi ka ayeuna. Ibadah sholat eta teh ngagaduhan kaistimewaan mandiri, benten sareng ibadah nu sanesna.
Saha wae anu ngalaksanakeun ibadah sholat, sami sareng anu ngadegkeun agama,  Sholat kedah di laksanakeun ku sadaya umat muslim, anu teu ngalaksanakeunna hukumna dosa, kumargi sholat teh ibadah wajib.
Ngantunkeun sholat nu 5 waktos atanapi kumargi hoream anu kateterasan nyaeta ngajanteunkeun jalmi anu kafir, nganggo ngajagi sifat hoream urang kedah iklas sareng khusu, supados teu ngaraos abot ngalaksanakeun nana.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat..

Sholat anu 5 waktos teh, nyaeta subuh, dzuhur, ashar, magrib, isya. Salah sawios kautamian sholat nu 5 waktos nyaeta ngajaga sholat subuh sareng ashar, ngajanteunkeun mukana panto surga sareng nutupna panto naraka.
Sholat ashar marupikeun sholat wustha, sakumaha dikhususkeun nyebatkeunnana dibanding sholat nu sanesna. Upami sholat subuh didongkapan sareng di saksian ku para malaikat.
Janten sholat teh tiasa ngahapus dosa sareng kalepatan. Mungguhing kitu urang sadaya salaku umat muslim umatna Nabi Muhammad SAW kedah ngalaksanakeun sholat 5 waktos.

Hadirin anu kusimkuring di pihormat..

Rupina sakitu wae anu tiasa dipedar ku simkuring, hapunten anu ka suhun bilih aya basa anu teu merenah kana manah. Bobot sapanon carang sapakan, Nuhun dihamputen bilih aya kalepatan.

Wabillahitaufiqwalhidayah, Wassalmu`alaikum Wr.Wb.





COBAAN ATAWA UJIAN




Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat.

Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina : “ COBAAN ATAWA UJIAN “. Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :

1. Ujian anu manis

2. Ujian anu pait

- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di pasihan nikmat ti gusti Allah

- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah

Jadi kasimpulana : Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ? Sabab aya ayat Al Quran surar Ibrahim ayat 7 Anu hartosna : Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah, pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna. Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar. Nabi bersabda : Sabar eta sabagian tina iman. Sareng Allah ngadawuh : Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.

Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.

Hapunten bilih aya kalepatan.....

Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...