Senin, 14 Agustus 2017

biantara / pidato sunda tema teknologi



Bismillahirahmannirahim
Assalamualaikum WR. WB
Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat, rekan-rekan anu simkuring dipihormat, tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji syukur kahadirat Allah SWT. Kalayan hormat sareng hidayahna dina siang ieu urang parantos tiasa riung mungpulung didieu tempat kalayan aya dina kaayaan sehat walafiat.
Salajengna salawat miwah salam mugian tetep dilimpahkaeun kujunjungan urang sadaya, kanjeng Nabi Muhamad SAW. Kapara kulawargana para sahabatna sareng ku urang sadayana salaku umatna anu tunduk sareng taat kana ajaranana.
Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae henpon, di lingkungan barudak sakola eta geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana. Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.
Wabillahi Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...