Senin, 14 Agustus 2017

BIANTARA :: MIKACINTA KANA BUDAYA SUNDA



BIANTARA
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Piji sinareng syukur urang sanggakeun ka Djat na Maha Suci Allah SWT aza wajala anu parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan tug dugi ka ayeuna, ku kersa timantenna urang sadaya tiasa ngariung mungppulung di ieu tempat dina kaayaan jag-jag tur sehat. Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan alam nyatana Habibana Wanabiyana Muhammad saw, teu kalangkung ka para kulawargana, sohabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu salamina tumut kana syareat anu dicandakna.
Bapa kepala sakola anu ku simkuring dipihormat, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerencangan sasapit samamanis anu ku simkuring dipikadeudeuh sareng dipikacinta. Simkuring ngadeg didieu bade ngadugikeun eusi biantara anu ngeunaan mikacinta seni budaya sunda ka barudak sakola.
Hadirin hormateun simkuring
Basa sunda teh basa pituin urang sunda, taya sanes urang sunda teh kedah mibanda rasa katineung kana budayana sorangan, ulah nepi ka jati ka silih ku junti. Mupusti budaya deungeun bari teu malire budaya urang sorangan.
Sanes hartosna urang sunda teh ulah malire kana budaya deungeun nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya  deungeun teh, dibarengan ku ngaraksa jeung ngariksa kana budaya sorangan arek ku saha deui budaya sunda teh dimumule lamun lain ku urang sunda sorangan?
Basa sunda basa indung hartosna urang sunda ti mimiti brol ka alam dunya kudu dibiasakeun make basa sunda, kumaha atuh ayeuna mah geus langka be anu nyebut ambu jeung abah kalah oge mamih papih malah mah aya anu nyebut dedi.
Sigana bajkal leuwih nyerep lamun ka barudak ayeuna dibiasakeun ngawanohkeun basa jeung budayanan sorangan. Contona dina basa simkuring hese make basa sunda teh padahal boro-boro nyarita maca oge teu bisa, tah ti ayeuna urang kudu saetik-saeutik ngamimitian nyarita ku basa sunda anu bener. Contona anu kadua nyaeta barudak mah apal keneh kana lagu-lagu barat ti batan lalaguan budaya sunda sorangan.
Salajengna ti eta urang teh kudu mikacinta budaya sunda katut seni budaya sundana. Salah sahiji cara anu dasar pikeun urang sadaya bisa mikacinta bubisaya ngagunakeun basa sunda dina hirup kumbuh sapopoe, sabab aya paribasa yen basa teh nunjukeun bangsa lamun geus bisa ngagunakeun basa sunda dina hirup sapopoe. Eta jalma geus pasti mikacinta kana budaya sundana.
Sakitu anu kapihatur, bobo saapanon carang sapakan, hapunten bilih aya kalepatan.
Akhirul kalam wassalamuálaikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...