Senin, 28 Agustus 2017

KUMPULAN BIANTARA ( PIDATO BAHASA SUNDA )








Biantara : BAHAYA NGAROKO

Assalamualikum wr.wb

Bapa Guru pangajar anu dipihormat,
Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.

Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi, ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,  tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain.

Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan.

Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.

Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.

Wassalamualikum wr.wb



GOLONGAN JALMA NU MOAL ASUP SURGA

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Puji anu geus maranti sumangga urang panjatkeun ka Dzat anu Maha Suci, Syukur anu geus ti kapungkur sumangga urang sami-sami panjatkeun ka Dzat anu Maha Ghopur,anu jadi sumberna manusa bisa Syukur.

Solawat Salam sumangga urang sami-sami sanggakeun kanu jadi sinarna alam, tegesna Nabi urang sadaya Nabi Muhammad Saw. Teu hilap ka kulawargina, para sahabatna, tabi’in tabi’atna, tug dugi ka urang sadaya selaku umat na.amin,,,

Hadirin Rohimakumulloh

Widian simkuring ngadeg di payun ieu insyaalloh bade ngaoskeun hiji hadist anu unggelna kieu.

Bu, Pak, hoyong uninga hartosna,,,? Sok kupingkeun teu kenging aya nu recet, Ibu, Bapak, tilu golongan jalmi anu moal asup ka surga jeung teu kenging rahmat ti gusti Alloh.

Anu kahiji, Jalmi anu sok ngagegeringanan ka Indung Bapa, baik ucapan, padamelan, atawa ku naon bae tingkah anu matak nganyeurikeun ka Ibu Rama.

Kadua, Istri anu nyarupaan ka Carogena. Sakuduna Caroge marentah kanu janten Istrina, tapi ieu mah ti balik Istri angkuh ku kageulisanana, angkuh ku kangoraanana, oge angkuh kuluhur pangkat jeung turunanana, sehingga Carogena ngarasa sieun kunu janteun Istrina.

Katilu, Jalma anu dayus. Bu, Pak, ari dayus teh nyaeta ngantep dina maksiyat. Contohna saperti kieu Bu, Pak, Indungna daek ibadah, Bapana daek ibadah, tapi Anakna teu daek bari diantep kunu janten Indung Bapana, tah nu kitu ngarana Kolot dayus.

Ibu, Bapak, tah nu tilu ieu moal asup ka surga satungtung can tobat dina waktu hirupna. Mudah-mudahan Urang Sadayana heunteu ka golongkeun Jalmi anu dayus, amin,,,,

Ibu, Bapak, mung sakitu anu tiasa kadugikeun ku simkuring, leresna tina agama, lepatna tina kabodohan simkuring.

Wassalamu’alaikum…

 



Biantara : Ekonomi Sosial

Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapa guru dikelas anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan anu dipikadeudeuh sareng anu ku simkuring dipihormat anu dipikadeudeuh sareng anu dipikacinta.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat nu murbeng alam Allah Aza Wajalla anu parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan tur dugi ka ayeuna nu kersa ti mantenna urang sadaya tiasa ngariung mungpulung di ieu tempat.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadara ya’ni Habibana Wanabiyana Muhammad SAW. Teu kalangkung ka para kulawargana , sohabatna, oge ka para umatna anu salamina tumut kana syare’at anu dicandak.
Rerencangan sakelas anu ku simkuring dibanggakeun
Sateuacanna abdi ngucapkeun haturnuhun atos dipasihan kasempetan ngadeg di payun bade ngadugikeun hasil biantara abdi anu temana “Ekonomi Sosial”.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat
Masih emut keneh ka sakitar 15 taun kapengker Bank Dunia ngumumkeun acara resminba, ten nagara Indonesia bade janten 5 pang ageungna nagara dina widang perekonomian anu paling kuat di dunia? Sateuacana anu diumumkeun teh henteu janten kanyataan. Perekonomian nasional malah katimpa krisis dahsyat. Janten taun ayeuna pamarentah bade ngelola perekonomian henteu bade ngajaga daya tahan ekonomi nasional tina kritis. Kaimbangan APBN (Anggaran Pendapatan dan Belanja Nasional) Indonesia kasebat kelompok pangsaena sa-Asia Pasifik. Hanjakalna daya serap terhadap anggaran teu acan puas perlu ditingkatkeun. Lamun pamarentah mampu ngadorong kabinetna kanggo ngamanfaatkeun anggaran secara optimal, pasti langkung efektif kanggo nyiptakeun lapangan kerja.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Sakieu wae biantara ti abdi, sateuacanna nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan –cariosan anu teu merenah kana manah.
Wassalamu’alaikum Wr,Wb.


BIANTARA : EKONOMI SOSIAL

 Assalamualaikum.wr.wb

Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.

Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Ekonomi Sosial”

Ekonomi rahayat nyaeta kaasup ekonomi sosial. Lamun dikaitkeun kalawan kagiatan tatanen, mangka anu dimaksud kalawan kagiatan ekonomi rahayat nyaeta kagiatan ekonomi patani atawa peternak atawa pamayang alit, patani gurem, patani tanpa taneuh, pamayang tanpa parahu, sarta sejenisnya; sarta sanes perkebunan atawa peternak ageung sarta sarupa na.
Perspektif sanes ti ekonomi rahayat tiasa deui ditingali kalawan ngagunakeun perspektif jargon: “ekonomi ti rahayat, ku rahayat, sarta kanggo rakyat”
Dina perkawis ieu peryogi deui diungkapkeun yen ekonomi rahayat bisa patali jeung saha wae”, dina hartos kagiatan transaksi tiasa dipigawe oge kalawan “non-ekonomi-rakyat”. Oge teu aya pembatasan ngeunaan besaran, rupi produk, sipat usaha, permodalan, sarta sajabana. Ekonomi rahayat henteu eksklusif nanging inklusif sarta kabuka. Sanaos kitu, sipat fundamental diatas atos deui nyiptakeun hiji sistem ekonomi anu diwangun ti palaku ekonomi,mekanisme transaksi,norma sarta kasapukan (“rule of the game”) anu has,anu umumna atos nyadiaan ekonomi rahayat kanggo survive sarta ngembang saluyu kalawan hal mekar sosial ekonomi masarakatna.
Tiasa dinyatakeun yen ekonomi Indonesia saleresna nyaeta berbasis ekonomi rahayat. Ekonomi rahayat (seueur) ngawengku 99 % ti total jumlah unit usaha (business entity), nyadiakeun kira-kira 80 % kasempetan damel, ngalakukeun langkung ti 65% kagiatan distribusi, sarta ngalakukeun kagiatan produksi kanggo kira-kira 55 % produk sarta jasa anu diperlukeun balarea,60 di antarana aya di wewengkon pilemburan, 65% usaha dibidang tatanen sarta kagiatan sanes anu patali,sarta barobah kaayaan basis ti 63 % konsumsi domestik, sarta sumebar merata diseluruh wilayah Indonesia.

Bapa miwah Ibu anu di hormat. Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.

Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb



Biantara : ekonomi politik
Assalamu ' alaikum wr. wb.
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat illahi rabbi. Numana kalayan hidayah sareng inayahna urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayan sehat walafiat.
Hadirin nu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu kasempatan simkuring bade ngadugikeun biantara nu eusina ngeunaan ekonomi politik

Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat sarta rerencangan-rerencangan sekelas abdi anu abdi banggakeun. Kawitna abdi menyucapkeun hatur nuhun seueur ka sadaya anu atos masihan abdi kasempetan kanggo nangtung di dieu ngadugikeun biantara abdi.

Saderek anu ku sim kuring dipihormat
emut keneh urang teu kira-kira 15 taun ka tukang, sabot Bank Dunya nyalabarkeun dina parnyataan resmi na, yen Indonesia bade janten negara ekonomi terkuat di asia?
tapi,naon anu disalabarkeun Bank Dunya dina parnyataan resmi na eta kabuktian henteu kabiruyungan. Teu dugi sataun sanggeus eta, perekonomian nasional malih krisis dahsyat.
Mangka, warsih ieu pamarentah dina ngokolakeun perekonomian henteu deui ngan sebatas ngajagi tanagi tahan ekonomi nasional ti krisis, nanging langkung nguatkeun fundamental na keur dinamika ekonomi global anu beuki kompleks. keseimbangan APBN (Anggaran Panghasilan dan Balanja Nagara) Indonesia kaasup jumplukan nyongcolang di Asia Pasifik. tapi tanagi serep ka anggaran anu tacan nyugemakeun anu kudu teras dironjatkeun.
Lamun pamarentahan sanggem nyorong kabinet na kanggo ngamangpaatkeun anggaran sacara optimal, tangtos bade langkung efektif dina nyiptakeun lapangan damel  
sarta lamun pamarentahan sanggem nutupan isu subsidi bahan bakar minyak kalawan efektif sumawonten tiasa mupus subsidi sagala ancaman krisis bakal ka atasi sarta tiasa diminimalisir deui. Lamun subsidi teras dipertahankeun, perkawis ieu bade janten faktor anu dianggap " bom waktu " anu janten mamala potensial kanggo stabilitas ekonomi di mangsa ka hareup.

Saderek anu dikipahormat.
Sakitu biantara anu tiasa ku abdi di dugikeun. Mugi-mugi ieu sadaya masihan mangpaat kanggo urang sadaya. Kawitna abdi ngedalkeun hatur nuhun kana perhatosan sarta nyuhunkeun dihapunten pami aya kalepatan dina ngadugikeun ieu biantara.
Mugi kersa ngahapunten.

Wassalamualaikum WR. WB




Biantara Basa Sunda : Dampak-dampak dina acara TV
Bismillahirahmannirahim
Assalamualaikum WR. WB
Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat, rekan-rekan anu simkuring dipihormat, tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji syukur kahadirat Allah SWT. Kalayan hormat sareng hidayahna dina siang ieu urang parantos tiasa riung mungpulung didieu tempat kalayan aya dina kaayaan sehat walafiat.
Salajengna salawat miwah salam mugian tetep dilimpahkaeun kujunjungan urang sadaya, kanjeng Nabi Muhamad SAW. Kapara kulawargana para sahabatna sareng ku urang sadayana salaku umatna anu tunduk sareng taat kana ajaranana.
Urang sadaya terang, dijaman ieu, teknologi tos beuki mutahir, kreatipitas beuki luas. Kitu oge di Indonesia, acara-acara di TV ti taun ka taun beuki ngirut. Para produsen oge paheula-heula nampilkeun suguhan nu kacida ngirutna dina hate. Nanging, tina sadaya acara the nyimpulkeun dampak anu hade pikeun para pamirsa. Sabagian gede para produsen ngan mentingkeun kauntungan pikeun sorangan tampak mikir dampak anu ngarugikeun masarakat.
Urang nyandak conto sabagian leutik tina dampak negatip di acara TV the. Conto berita anu keur gencar diberitakeun, nyaeta maotna salah saurang budak lantaran pagawean babaturanana nyonto adegan au ditangkeun dina acara TV. Tidinya katingali yen cono nu goreng tina TV loba anu ngederkeun masarakat. Khususna para sepuh anu kacida kawatirna kana perkembangan para putrana. Kukituna para sepuh kedah tiasa ngwaskeun putrana sangkan heunteu nonton hal-hal anu di luar batas.
Tapi seueur oge dampak positif anu ditayangkeun di acara-acara TV. Contona acara-acara elmu pnegtahuan, pangaosan, jsb. Acara-aacra eta nambahkeun elmu urang dina sagala bidang.
Janteun, urang kudu pinter-pinter milih acara anu sae kanggo urang sareng heunteu ngajurumuskeun barudak kana hal-hal anu teu dipikahareup. 


BIANTARA : GOTONG ROYONG
 

Assalamu'alaikum wr. wb.

Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du
Panghulung kalbu kajembaran puji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. puji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Kepala sekolah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat. Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyampekeun hiji biantara anu eusina : “ GOTONG ROYONG “.
Sapertos anu tos kauninga ku sadayana, gotong royong tiasa dina widang naon wae, sapertos gotong royong dina ngalaksanakeun pemwangunan, gotong royong ngabantu sasama, boh dina gotong royong bebersih. Utamina gotong royong beberesih teh seueur mangpaatna, diantarana supados lingkungan urang sadayana tebih tina sagalarupi panyakit, lingkunganna beresih, tebih tina polusi udara. Lamun sagala rupa pagawean anu beurat dilaksanakeun ku gotong royong atawa sasarengan naon wae janten ringan atawa enteng, gampang, sarta langkung cepet dikerjakeunna. Utamina gotong royong beberesih, tiasa urang laksanakeun di lingkungan sakola ieu, meresihan solokan, wc umum, atawa sabudeureun nu aya di lingkungan sakola, tangtosna lamun dikerjakeun ku nyalira tangtu weugah, hoream, cape… leres teu?? Cobi mun ku gotong royong mah pekerjaan terasa ringan. Mangka, mudah-mudahan cariosan ieu tiasa urang terapkeun dina kahirupan sadidinten, khususna dina ieu lingkungan sakola umumna kanggo lingkungan masyarakat.
Rupina dicekapkeun sakitu cariosan ti simkuring, hatur nuhun ka pala wargi sadayana anu parantos kersa ngadangukeun biantara simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.

Biantara : Kudu syukur binni'mat

ASSALAMUALAIKUM Wr.WB.

puji anu jadi mimiti laksana kembang jati anu mangkrak dina ati,kersaning gusti anu maha suci. puja anu jadi pangbubuka carita ibarat kembang kamboja anu mangkrak dina dada,kawasaning gusti anu maha kawasa. syukur anu jadi bahan catur lir ibarat buah anggur anu jadi panglipur,kersaning gusti anu maha ghopur
sholawat salam mugia ditetepkeun ka panutan alam junjunan ummat isla,habibana wanabiyyana muhammad saw.

hadirin rohimakumulloh
lamun urang sadar tina kasampurnaan diri anu parantos dipaparinkeun kunu maha suci,tangtuna urang bakal loba naliti,,iraha mimiti ayana diri? timana asalna diri? jeung kamana balikna diri? oge saha anu ngayakeun diri? lamun pemikiran urang geus tepi ka palihan dinya,saeutik-saeutik urang bakal bisa mensyukuri mangrupa-rupa ni'mat anu dipaparinkeun ku gusti. conto nu aya dina diri : "urang dipaparin cepil ku alloh kumplit jeung bisa ngupingna,coba lamun ngan saukur rebing wungkul tapi teu bisa ngadenge,kapan mubadzir,disebut asesoris da lain,,kumargi sakitu,urang nu sakiyeu sampurnana kudu bisa syukuran nana,,kumaha carana?....enteng kacida,carana manfaatkeun eta ceuli jeng pangdengena dina jalan anu dipikaridho ku alloh"misalna : dipake ngupingkeun ayat-ayat alloh,ngupingkeun pangajian jeung sabangsana.

Naon margina? margi lamun urang teu bisa syukuran kana eta ni'mat eusina urang geus kupuran kana eta ni'mat,alhasil lamun urang kupuran kana ni'mat alloh mak saur alloh dagoan siksa ti kami anu kacida bangetna.

Dauhan Alloh dina Al-qur'an :
"LAIN SYAKARTUM LA AZIDANNAKUM WALAIN KAFARTUM INNA ADZABII LASYADID"
Hartosna:lamun aranjeun syukuran kana ni'mat kami maka kami rek nambahan kana eta ni'mat,,tapi sabalikna lamun aranjeun teu syukuran kana ni'mat kami,maka dagoan siksa kami anu banget.

Hadirin rohimakumulloh,,,,,
Kumargi kitu,hayu urang sasarengan di ajar syukuran supaya urang sadayana dipaparin kaberkahan dina ngajalani ieu kahirupan,,,amiin ya robbal alamin.
Tikawit dugi ka akhir hapunten anu kasuhun
Akhirul-kalam ASSALAMU'ALAIKUM WR,WB



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH PENGARUH PENDIDIKAN DAN LATIHAN DASAR TENAGA KERJA TERHADAP PRODUKTIVITAS SDM

  MAKALAH PENGARUH PENDIDIKAN DAN LATIHAN DASAR TENAGA KERJA TERHADAP PRODUKTIVITAS SDM Disusun untuk memenuhi Tugas Mata kuliah Eko...