Senin, 14 Agustus 2017

TEKS PEMBAWA ACARA (PANATA ACARA) SUNDA :: ACARA NGAWANOHKEUN TARLING KA RUMAJA



ASSALAMUALAIKUM WR WB.
Bapak Kepala Dinas Pendidikan dan Kebudayaan nu dipihormat.
Bapak Kepala sekolah sareng Wakil kepala sekolah nu dipihormat
Bapak Ibu Guru sareng karyawan Staf TU nu dipihormat
Para tamu Ondangan nu dipihormat
Sareng Rerencangan nu dibanggakeun.
Langkung tipayun mangga urang sasarengan munajat ka ALLAH SWT, nyanggakeun puji sinareng syukur, rehna, mantenna, parantos maparinan kasempatan ka urang sadayana, dina dinteun ieu, kanggo ngaluuhan ieu tempat nya eta tempat siswa-siswi mintonkeun bakat sareng kreatifitasna dina acara ngawanohkeun budaya sunda nyaeta Tarling.

Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin nu dipihormat.
Sim kuring atas Nami Ketua OSIS, oge wawakil ti rengrengan panata calagara ieu, ngahaturkeun wilujeung sumping ka bapa-bapa, ibu-ibu tamu ondangan oge ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana.
Salajeungna simkuring ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka aa-aa, teteh-teteh, nu tos ngiring ulu biung, ngareuah-reuah ieu acara. Mudah-mudahan ieu acara langkung luarbiasa, langkung sukses, kalayan kualitas sae ti taun-taun sateuacanna.
Runtuyan acara anu bade dilaksanakeun nyaeta:
1.                  Bubuka (maca basmalah)
2.                  Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an sareng solawat Nabi
3.                  Sambutan ti pupuhu panata acara
4.                  Sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 PARIGI
5.                  Biantara ti pupuhu OSIS SMAN 1 PARIGI
6.                  Doa
7.                  Panutup
Sumangga ieu acara urang buka ku aosan basmalah
Salajengna sim kuring ngahaturanan ka saderek saderek Adi kanggo ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an sareng solawat Nabi. Haturnuhun ka saderek Adi.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu panata acara, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun parantos ngadugikeun sambutanna.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 Parigi mangga dihaturanan
Hatur nuhun pupuhu sakola mugia naon anu didugikeun ku ajeunna mangpaat kanggo urang sadayana, Amin Ya Robbal Alamin.
Salajengna nyaeta biantara ti pupuhu OSIS SMAN 1 Parigi, mangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka salaku pupuhu OSIS anu atos nepangkeun biantara. Mugia naon anu dipiharep tiasa di raih ku urang  sadayana. Amin.
Acara salajengna nyaeta do’a anu bade dilaksanakeun ku Bapa Ustad, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka Bapa Ustad, mugia do’a anu tos dibacakeun tadi di ijabah ku Gusti Nu Maha Suci, Amin Ya Allah Y Robbal Alamin
Ibu miwah bapa sareng saderek anu ku sim kuring dipihormat, runtuyan acara pantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara the aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae. Sim kuring nyuhunkeun hapunten kangge sadaya kalepatan.
Haturnuhun kana perhatosanana. Mangga urang tutup ku aosan hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbilalamin! Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...