Senin, 14 Agustus 2017

Biantara : tema teknologi





Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Handphone atawa sering di sebut ponsel nyaeta salah sahiji pakakas komunikasi anu fungsina hampir sarua jeung telepon kabel, tapi bisa dibawa – bawa sabab teu make kabel. Di jaman kiwari, handphone geus jadi lumrah. Sagala umur rata – rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti mimiti ibu – ibu, bapa – bapa nepi ka budak SD.
    Handphone emang miboga rupa – rupa manfaat, henteu ngan saukur pikeun jalma – jalma nu gawe di kantor atawa jalma – jalma anu geus boga kapentingan, tapi oge pikeun para pelajar. Ngan hanjakal sajalan jeung perkembangan jaman, handphone oge loba nimbulkeun mudarat para pelajar.
    Manfaat Handphone pikeun pelajar, di antarana nyaeta :
  1. Salaku pakakas komunikasi jarak jauh, handphone bisa di gunakeun pikeun ngagampangkeun pelajar pikeun ngumpulkeun babaturanna lamun rek kerja kelompok atawa ngerjakeun pancen babarengan.
  2. Handphone dijieun pikeun ngagampangkeun kahirupan manusa, ieu kabukti yen para pelajar kabantu ku ayana handphone. Contona di luar jam sakola, siswa bia silih nanya jeung babaturanna ngeunaan pancen, boh dina sms atawa nelepon. Jadi siswa teu kudu kaluar ti imah.
  3. Handphone bisa digunakeun pikeun neundeun data jeung bisa dibawa kaman – mana. Manfaat ieu contona, siswa bisa nyatet materi jeung bisa ngapalkeun di mana – mana.
  4. Henteu ngan saukur dina widang pelajaran, dina widang hiburan oge handphone miboga manfaat pikeun pelajar. Contona ayana fitur MP3 jeung game. Fitur ieu bisa dimanfaatkeun ku pelajar pikeun ngahibur otak anu keur jenuh. Jadi, otak pelajar bisa seger deui pikeun narima pangajaran.
  5. Jaman kiwari, loba handphone anu miboga fitur internet. Ieu bisa dimanfaatkeun ku pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan materi pelajaran dina internet.
     Salian manfaat, Handphone oge miboga mudarat pikeun pelajar, diantarana nyaeta :
  1. Fitur internet anu aya dina handphone, bisa nimbulkeun mudarat pikeun pelajar. Sanajan bisa ngagampangkeun pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan pelajaran, tapi dina kanyataannya loba siswa ngagunakeun fitur ieu pikeun hiburan hungkul. Loba pelajar anu prestasina turun lantaran kacanduan dunia maya, contona kacanduan facebook, twitter jeung nu sejenna.
  2. Salian internet, fitur game dinu handphone oge cukup ngaruhan prestasi pelajar. Sarua jeung internet, game oge bisa nimbulkeun mudarat lamun digunakeun na kaleuleuwihan. Tapi kanyataanna pelajar leuwih resep maen game tibatan diajar.
  3. Mudarat lainna nyaeta ngagunakeun handphone dina ujian. Di jaman ayeuna loba pelajar nu ngagunakeun handphone pikeun niron dina ujian. Hal ieu emang bisa ningkatkeun nilai siswa tapi bisa ngarusak mental pelajar.
         Kukituna urang salaku pelajar kudu bisa ngagunakeun handphone atawa pakakas komunikasi lainna kalawan bener – bener. Bisa nimbulkeun manfaat anu leuwih loba tibatan mudaratna. Sabab sagala teknologi, bisa manfaat atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu makena. Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya. Wassalamualaikum wr. wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...