Senin, 14 Agustus 2017

panata acara / mc dalam bahasa sunda



Panata Acara : Sosialisasi Pemilihan Wakil Rakyat

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Pangersa pupuhu sakola anu ku simkuring dipihormat, pangersa bapa miwah ibu guru ku sim kuring dipihormat. Sareng rerencangan sadaya anu ku sim kuring di pika heman.
Langkung tipayun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka gusti anu maha suci. Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah-Na dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina acara “Sosialisasi Kanggo Milih Caleg anu Amanah”

Solawat miwah salam mugia salamina ngalir ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, dugi ka urang salaku umatna, mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.

Hadirin sadaya hormaten sim kuring!
Sim kuring ngadeg cumarios dipayuneun hadirin sadaya kapancenan salaku panata acara dina ieu acara. Runtuyan acara anu bade dilaksanakeun nyaeta:
1.     Bubuka (maca basmalah)
2.     Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an sareng solawat Nabi
3.     Sambutan ti pupuhu panata acara
4.     Sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 PARIGI
5.     Biantara negunaan pemilihan caleg ku wakil KPU Kab.Pangandaran
6.     Doa
7.     Panutup
Sumangga ieu acara urang buka ku aosan basmalah
Salajengna sim kuring ngahaturanan ka saderek Dede sareng solawat Nabi!
Haturnuhun ka saderek Dede.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu panata acara, sumangga kersana Bapa Asep dihaturanan.
Hatur nuhun ka Bapa Asep anu parantos ngadugikeun sambutanna.
Salajengna sumangga ka grup nasyid SMAN 1 Parigi dihaturanan
Hatur nuhun ka grup nasyid SMAN 1 parigi anu parantos maparin hariring nasyid anu kacida halimpuna.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 Parigi mangga dihaturanan
Hatur nuhun pupuhu sakola mugia naon anu didugikeun ku ajeunna mangpaat kanggo urang sadayana, Amin Ya Robbal Alamin.
Salajengna wakil KPU Kab.Pangandaran baris midangkeun biantara ngeunaan pemilihan wakil rakyat, mangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka wakil KPU Kab.Pangandaran anu atos ngadugikeun biantarana. Mugia naon anu didugikeun tiasa katampi ku urang sadaya. Amin.
Acara salajengna nyaeta do’a anu bade dilaksanakeun ku Bapa Ustad, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka Bapa Ustad, mugia do’a anu tos dibacakeun tadi di ijabah ku Gusti Nu Maha Suci, Amin Ya Allah Y Robbal Alamin
Ibu / bapa  miwah saderek siswa siswi SMA N 1 Parigi anu ku sim kuring dipihormat,
runtuyan acara pantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara the aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae. Sim kuring nyuhunkeun hapunten kangge sadaya kalepatan.
Haturnuhun kana perhatosanana. Mangga urang tutup ku aosan hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbilalamin! Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...