Senin, 06 November 2017

kumpulan babad

Naon anu dimaksud Carita Babad?
Carita Babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.

DAFTAR ISI :
1. BABAD BANDUNG
2. BABAD TASIKMALAYA
3. BABAD CIJULANG
4. BABAD GALUNGGUNG
5. BABAD CIREBON KUNINGAN




BABAD BANDUNG

Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.

Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.

Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula.
Beunang saha eta teh ?
Karya karuhun-karuhun urang baheula. Hasil gawe jalma-jalma samemeh urang ayeuna.
Aranjeuna banting-tulangna mah. Urang kari senangna.

Kulantaran kitu, kacida teuing pantesna, lamun gawe urang cicing-cicing sila ipis, ngararasakeun kagenahan ladang kesang batur. Mistina urang teh kudu rancage. Nu ruksak diomean nu goreng dialusan, nu geus aya dipiara jeung nu euweuh diayakeun rasakeuneun anak-incu jaga (engke). Kilangbara kitu, atuh ulah ngarurujit atawa ngaruksak.

Tah ku eta sabab eta, nu nulis rek ngajak ka balarea mulangkeun panineungan ka jaman-jaman anu geus kaliwat, supaya nyaho yen kota Bandung nepi ka bisa kieu teh, lain hasil nangkeup tuur. Tapi buahna pangorbanan nu pohara gedena jeung berjuang nu ratusan taun lilana, tur bari henteu babari deuih.

Seueur sepuh nu ngawitan kagungan damel ngabukbak leuweung keur pikotaeun teh, nyaeta R.Indradiredja nu nganggo gelar R.Adipati Wiranatakusumah, Dalem Bandung anu ngasta Kabupaten Bandung ti taun 1794 nepi ka taun 1829

Dina taun 1810 anjeunna nampi piwarang Gubernur jenderal Daendels mindahkeun dayeuh Bandung ti Citeureup (Dayeuhkolot) ka Cikapundung (Bandung Kiwari) sangkan ngadeukeutan Jalan Raya Anyer Panarukan. Ari maksudna Tuan Besar, pikeun ngagampangkeun hubungan antara Puser Daerah.

Puguh bae ieu teh lain enteng-enteng pagawean, lain sanghareupaneun memeh sasarap, kawantu kaayaan patalimarga harita pohara sulitna. Atuh tempat nu rek dipindahan masih keneh leuweung geledegan.

Jaba ti eta adat kepercayaan nu baheula kudu dipageuhan deuih, yen nyumponan caturangga karuhun, nya eta tempat nu hade perenahna, sangkan bisa ngadatangkeun kamahmuran ka nagara.

Kurang leuwih sanggeusna kaluar, surat parentah gubernur Jendral dina tanggal 25 Mei 1811, dayeuh kabupaten teh kakara bisa dipindahkeun ti Citeuruepna. Tapi kitu oge teu bisa sakali jadi, mimitina mah ucla-acle caung-caung heula.

Sanggeus sababaraha kali pipindahan, nya meunang tempat nu merenah cumpon kana caturangga karuhun. Kaayanana bahe ngaler dengdek ngetan cenah mah urut pangguyangan badak putih. Ari perenahna kuloneun Kantor PLN ayeuna nu harita mah masih keneh leuweung gerotan.

Jelema-jelema nu digarawekeunana timimiti ngabukbak leuweung nepi kanyieun Gedong Kabupaten kabeh urang lembur Balubur-Hilir nu keuna ku ku lakom-gawe (herendienst = herdines). Bisa jadi maranehna teh nu kungsi dikerjapaksakeun ku Daendels waktu nyieun jalan gede (Jalan Raya Pos) tea.

Jasa maranehna ku dalem teu dilalaworakeun. Sanggeus kabupaten rengse, eta jelema-jelema teh dimerdekakeun tina herendienst. Tah minangka pangeling-ngelingna ti mimiti harita lembur pamatuhanana (Balubur-Hilir) diganti ngaranna jadi kampung, Merdika (Merdika Lio) tug nepi ka kiwari.

Beres gedong Kabupaten, nya lajeng Kangjeng miwarang ngadamel masjid.
Eta dayeuh kabupaten nu anyar teh dingaranan Bandung.

Bandung hartina Gede. Ayeuna ieu teu kecap geus teu ilahar dipake. Paling-paling sok kadenge dina carita-carita pantun, saperti bale bandung, leuit bandung jeung sajabana.

Saur Pa Akip Prawirasoeganda almarhum kieu : Luluhur urang Sunda nyieun tempat ngaran Bandung teh, lain pedah di dinya (palebah Kantor PLN, ayeuna.) aya sumur gede nu tara saat tapi dipake perlambang oge supaya bisa narik daya ku maksudna eta kecap. Sabab di bangsa urang mah baheula entong boroning sipat barang, najan ngaran naon bae ngabogaan daya gaib. Nu matak dina ngaran oge dipilih anu hade, supaya budakna jadi mulus, salamet hirupna.
Kajaba ti eta kecap Bandung teh tina dina harti kabujanggan, sindir tina bendungan napsu atawa bandung nya eta rakit pangganti meuntas atawa lalayaran.

Jadi Bandung teh ngandung harti malahmandar kakuatan daya gaibb eta ngaran ka hareupna bisa narik daya pangbendung napsu angkaramurka pingeusaneun meuntas kana kasalametan, kamulyaan, kaluhuran Nusa jeung Bangsa. Kitu saur Pa Akip.

Dalem R. Adipati Wiranatakusumah pohara rajinna, nepi ka loba rahayat ti mana-mana, anu bubuara di dayeuh Kabupaten anyar.

Kangjeng Dalem jadina Bupati di kota anyar teu lami, mung 18 taun. Kabujeng mulih ka jati mulang ka asal, dipundut ku Nu Rahayu, dina taun 1928.

Dipendemna di pungkureun Masjid Agung Bandung. Nya sabada pupus anjeunna katelah Dalem Kaum.

Nurutkeun salsilah sajarah, Bupati R. Adipati Wiranatakusumah teh, tarahing Pajajaran, teureuh Prabu Siliwangi, ti putrana nu jenengan Sunan Permana di Puntang.



BABAD TASIKMALAYA

Nurutkeun tina prasasti Geger Hanjuang nu kapanggih di suku gunung Galunggung, poe jadi kota Tasikmalaya teh tanggal 21 Agustus taun 1111 Masehi.

Dina abad ka-8 nepi ka abad 12, di Tasikmalaya teh aya pamarentahan dina wangun kabataraan, pusat pamarentahan nana di Tawang atawa Galunggung. Anu kungsi jadi batara waktos harita teh nyaeta, Sang Batara Sempak Waja, Batara Kuncung Putih, Batara Kawindu, Wastu Hayu, Hyang Ratu Galunggung.

Pamarentahan kabataraan robah jadi karajaan Galunggung. Nu jadi rajana nyaeta Batari Hyang Galunggung, Rakean dermasiksa, Ratu Saunggalah Prabu Ragasuci, Sang Lumahing Taman, Ratu Galung Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu panyongsongan, Sang Lumahing Gunung Raja.

Saterusna, dina abd ka-15 nepi ka abad 16, pamarentahan di Tasikmalaya teh mangrupa bagian tina karajaan pajajaran. Pusat pamarentahan nana di Sukakerta. Rata-rajana nu kungsi marentah di antawisna nyaeta :

• Sri Gading Antek, Dalem
• Sukakerta atawa Dalem
• Barayuda, Lembujaya atawa
• Dalem Santawaon, Entol
• Wiraha, jeung Wirawangsa.

Dina mangsa panjajahan Walanda, kurang leuwih taun 1641, ngadeg pamarentahan Kabupaten Sukapura. Ibu kotana di Leuwiloa. Nu marentah panghelana nya eta Bupati Ki Ngabehi Wirawangsa.

Nu diteruskeun ku J. Manggala, Anggadipa, Subamanggala, Sacapati, Jaya Anggadireja, Jaya Manggala II, Anggadipa II, R.T. Suryalaga, Anggadipa II.

Ibu kota Kabupaten Sukapura kungsi ngalaman pindah ti Leuwiloa ka Empang di Sukaraja, saterusna pindah ka Manonjaya. Dina tanggal 1 Oktober 1901 ibukota kabupaten Sukapura di Manonjaya pindah ka Tasikmalaya.
Sanggeus di Tasikmalaya, ngaran kabupaten Sukapura diganti jadi Kabupaten Tasikmalaya nepi ka ayeuna.
Kiwari kabupaten Tasikmalaya dibagi dua, nyaeta pamarentahan kabupaten Tasikmalaya jeung kota Tasikmalaya. Kabupaten mah dipimpin ku bupati, sedengkeun kota mah dipimpin ku walikota.






BABAD CIJULANG
Kanggo urang Cijulang pituin mah, ngadangu istilah sajarah cijulang tantos emutan teh ngalayang kana “Sajarah Cijulang” anu sok diaos waktos "Ngabukutaun". Nurutkeun Sajarawan Sunda Prof. Dr. Edi S. Ekadjati, naskah “Sajarah Cijulang” kalebet naskah sunda buhun golongan babad, diserat dina Basa Sunda nyampur jeung Basa Jawa, ngango huruf Arab Pegon. Salah sahiji kopi “Sajarah Cijulang” janten koleksi Perpustakaan Nasional nomber SD 206 B nanging ieu mah tos ditranselasi kana aksara laten. Eusina ngajerentekeun silsilah, ti ngawitan Nabi Adam dugi ka pakolotan Cijulang; teras wae ngalalakon Aki Gede jeung Nini Gede. Namina oge naskah buhun, dina “Sajarah Cijulang” antara kanyataan sareng dongeng sigana nyampur janteun hiji. Jang Langas dianggap luluhur Cijulang numutkeun “Sajarah Cijulang” mah, linggih na di Taal, gaduh putra sapuluh, genep anu tumetep di Cijulang yaeta Sabarudin, Karangmawangsa, Sukamawangsa, Parajasinga, Martadimangsa, sareng Ayuwetan.
Ari Aki jeung Nini Gede anu ngalalakon dina “Sajarah Cijulang”, lanceuk pangedena Jang Langas, urang Kedungrandu, ayeuna eta tempat aya keneh, jadi ngaran hiji desa di Kacamatan Patikraja Kabupaten Banyumas. Ari nu jadi cukang lantaran Aki Gede abur-aburan, kusabab kahayang Kenjeng Sinuwun nu jadi panguasa di Banyuwas ngawin anak awewe Aki Gede teu disaluyuan. Inggis ku bendu Sinuwun jeung ngadenge beja rek dirurugan, Aki jeung Nini Gede sabondoroyot dibaturan ku sawidak kuren terus mentas di Jaranmaganti (Cimanganti)  teras linggih di Pakemitan. Hariwang kapanggih ku pasukan Sinuwun, mindah deui Aki Gede teh ka Cikaso terus ka Kolemba, Bojong Cikur, Bubulak Karang Simpang, Binangun, terus ka Nagrog rek neangan tempat pinagaraeun tapi geus eweuh nu suwung, teras balik deui ka Binangun nembong geus aya Gandek Sinuwun nu dipiwarang neangan Aki Gede saparakanca. Teras eta Gandek ku Aki gede dibadamian sangkan ngadehes ka Dalem Sukapura anu kagungan nagara, ari aki gede terus neangan tempat pinagaraeun, mimiti ka tempat nu jadi Lembur Sarakan, Cikadu, Cikawung, Pepedan, Cipanengah, Sipatahunan, Cipakawuk, jeung Gurago anu teras dijadikeun lembur ngalih ti Binangun.
Ngarasa mantep di Gurago, terus Aki Gede nitah anak awewena jeung minantuna ka Sukapura ngadeheus Kanjeng Dalem, nu harita ngarana Dalem Tambela. Harita Cijulang teh asup ka wilayah Sukapura sanes Galuh siga ayeuna,  dina “Sajarah Cijulang” kacarioskeun yen anu janten kapala pamarentahan teh Dalem Tambela di Sukapura, jadi kurang leuwih Aki Gede teh jumeneng dina mangsa Cijulang masih keneh janten bagian ti Sukapura anu ayeuna mah gentos nami janteun Tasikmalaya.
Sapertos dicutat di luhur, Cijulang zaman Aki Gede sanes bawahan Galuh tapi Sukapura anu ngagusti ka Karajaan Mataram, eta teh kulantaran nalika Karajaan Galuh runtuh dina taun 1528 wilayahna mung kantun saalit. Waktos Sunan Amangkurat I janteun Raja Mataram, struktur wedana/bupati dihapus, digentos janten Ajeg, aya 12 Ajeg di wewengkon Mancanagara Kilen, salah sahijinya Sukapura. Taun 1677, wilayah ieu dipasrahkeun ka VOC teras jadi bawahan Bupati Kumpeni di Cirebon, status ieu teu robah waktos VOC bangkrut digentos ku Pamarentahan Hindia Walanda, nembe dina tahun 1864 dialihkeun janteun bagian ti Karesidenan Priangan. 
Waktos Pamarentah Walanda ngayakeun reorganisasi wilayah, dumasar kana Staatsblad 425 tahun 1931, Cijulang masih keneh janten kawadanaan anu lebet ka Kabupaten Sukapura, harita nu janten Wadana, R. Somawirya.


BABAD CIREBON


Babad Cirebon nyaeta karya sastra sejarah anu disusun dina tengah abad ka-19 di Cirebon jeung nyaritakeun kamekaran kasultanan Cirebon ti awal nepi ka mangsa panjajahan Inggris Pulo Jawa, Karerean carita (leuwih ti 50%) nyaritakeun Sunan Gunung Jati salaku nu nyebarkeun agama Islam di Jawa Kulon jeung nu ngadegkeun Kasultanan Cirebon. Disalin sababaraha kali sawatara dina proses nyalin teks teh ngahasilkeun sababaraha versi anu beda-beda masalah dina Priangan diterjemahkeun atawa disadur dina bahasa Sunda sakapeung mah make judul anu beda kayaning sajarah lampah para wali kabeh (Riwayat Perilaku jeung Perbuatan Para Wali).
Naskah-naskahna kiwari aya di perpustakaan Nasional Jakarta Universiteits Blibietheek Laiden (Negeri Belanda), British Musium (London Inggris), Musium Sri Baguda Bandung jeung di unggal inividu jalma di Jawa Kulon. Ulikan kana Babad Cirebon teh geus dilakonan ku J.L.A. Brander jeung RA Kern tapi kawetasan puser ulikanana wungkul kana alih aksara (tina huruf arab kana huruf latin) jeung edisi teks dumasar dua naskah (Br 36 jeung Br.107) nu kiwari disimpen Perpustakaan Nasional Jakarta kalawan panganter ulikan sarta ringkasan eusi dina bahasa Walanda ka rereaan edisina nyaritakeun hal iwal Sunan (tunung) jati kabut, wali songo sacara tradisional mah Babad Cirebon teh ku masyarakat Cirebon dianggap sajarah.










BABAD KUNINGAN JAWA BARAT

Sateuacana taun 1740, Cipanas mangrupakeun Cantilan ti dayeuh  Cigadung. Cipanas anu mangrupakeun Cantilan ti Cigadung ngagaduhan kahayang nyaeta ngatur pamarentahan sorangan. Alesanana elmu-elmu anu dipiboga ku tokoh-tokoh masyarakar di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga di daerah Cantilan. Did ayeuh Cigadung aya acara hajatan, diantarana tokoh eta ngondang ka tokoh-tokoh Cabtilan. Ku sabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robah wujudna janten sadaya aratah deui. Bakakak hayam jago robah jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui. Komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi aratah deui.
Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh-tokoh ti Cantilan ngahadiran. Ngahadiranana teh mawa lisung kaahengan anu teu masuk akal. Kaahengan eta lisung teh bisa leumpang sorangan diringken ku tokoh-tokoh nu beak ngahadiran hajatan eta lisung teh haluma di aradu nepi ka katingburicak ngaluarkeun seuneu. Atuh dupasamoan teh mani ribut ting koceak sarieuneun kahuruan. Tah kitugeuning kabisa karuhun baheula mah, araheng. Sabalikna di Cantilan aya hajatan. Tokoh anu ti Dayeuh di undang wae. Bewara undangan nepika 3 kali teu acan datang keneh bae. Kusabab urang Cantilan keuheuleun di undang teu datang bae, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara manehanana daratang.
Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang nembongkun elmu elmu anu dipibogana. Waktos tamu masih diperjalanan keneh, pribumi meuncit munding. Waktos undangan daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula di balandongan. Nembe oge para tamu caralik dadak sakala eta munding teh hirup deui, terus ngobrak ngabrik tamu anu nuju caralik. Terus ngubrak ngabrik tamu nu aya anu nuju caralik. Geus pasti nimbulkeun kaributan jeung papaseaan. Nu ngakibatkeun kampung eta katelah jadi kampung Cipanas.
Saur para karuhun baheula, di dayeuh Cantilan aya sumber cai panas, tapi dugi ka ayeuna dayeuh       cigadung teh ngarana bae Cipanas. Cantilan anu karamat nepi ka ayeuna di nagranan “Rama Ketib”lamun aya budak bade disunat sok dipake ngembang. Jeung ya baru nosk dipake tatapa atawa tempat karumpulna tokoh-tokoh masyarakat. Dina taun 1980 Cipanas digentos namina janten “Sukamulya”.



BABAD GALUNGGUNG

Nurutkeun tina prasasti Geger Hanjuang nu kapanggih di suku gunung Glaunggung, pok jadi kota Tasikmalaya teh tanggal 21 Agustus taun 1111 masehi. Dina abad ka 8 nepi ka abad 12, Tasikmalaya teh aya pamarentahan dina wangun kabataraan, pusat pamarentahanna di Tawang atawa Galunggung. Anu kungsi jadi batara waktos harita teh nyaeta Sang Batara Sempak Waja, Bata Kuneung Putih, Batara Kawindu, Wastu Hayu, Hyang Ratu Galunggung.
Pamarentahan kabataraan robah jadi karajaan Galunggung. Nu jadi rajana nyaeta Batari Hyang Galunggung, Rakean Dermasiksa, Ratu Saunggalah Prabu Ragasuci, Sang Limahing Taman, Ratu Galung Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu Panyongsongan, Sang Lumahing Gunung Raja.
Saterusna dina abad ka 15 nepi ka abad 16, pamarentahan di Tasikmalaya teh mangrupa bagean tina karajaan Pajajaran. Pusat pamarentahana di Sukakerta. Rata Rajana nu kungsi marentah diantawisna nyaeta :
·        Sri Gading Antek, Dalem
·        Sukakerta atawa Dalem
·        Barayuda, Lembujaya atawa
·        Dalem Santawaon, Entol
·        Wiraha, jeung Wirawangsa
Dina mangsa panjajahan Walanda, kurang leuwih taun 1641, ngadeug pamarentahan kabupaten Sukapura. Ibukotana di Leuwiloa. Nu marentahna pangheulana nyaeta bupati ku Ngabehi Wirawangsa. Dina tanggal 1 Oktober 1901 Ibukota Kabupaten Sukapura di Manonjaya pindah ka Tasikmalaya. Sanggeus di Tasikmalaya, ngaran Kabupaten Sukapura diganti jadi Kabupaten Tasikmalaya nepi ka ayeuna.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...