Selasa, 21 April 2015

LAPORAN HASIL WAWANCARA BASA SUNDA



BAB I
BUBUKA

A.    Kasang Tukang
            Wawancara teh nyaeta hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masarakat. Ngan teu kabeh masarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancara mah biasana dilakukeun ku wartawan, reporter, atawa jalma lianna nu nganggap perlu, umpamana mahasiswa nu keur ngalakukeun panalungtikan, murid-murid sakola anu meunang pancen ti guruna, atawa ti lembaga sensus penduduk nu ngawawancara warga.
B.     Watesan Masalah
             Watesan masalah ieu dilakukeun supaya panalungtikan bias luyu jeung tujuan anu diharepkeun. Watesan masalahna nyaeta : sakabeh anu ngeunaan kana wawancara.
C.    Maksud jeung Tujuan
*      Maksud makalah ieu nyaeta pikeun nganyahokeun wawancara.
*      Tujuanna tina nyieun makalah ieu nyaeta :
a.       Bisa ngawawancara tokoh masarakat
b.      Bisa neangan informasi ti masarakat
c.       Bisa ngajieun pertanyaan jang wawancara
D.    Sistematika
Rancangan sistematika makalah ieu disusun sababaraha bab diantarana :
BAB I BUBUKA :
Ngeunaan Kasang Tukang, Watesan Masalah, Maksud jeung Tujuan, jeung Sistematika.
BAB II BAHASAN :
Ngeunaan Teori Wawancara, Skenario, Identitas Narasumber, Waktos Pelaksanaan, Daftar Pertanyaan, jeung Hasil Wawancara
BAB III KASIMPULAN :
Ngeunaan Hasil Laporan Wawancara

                                                           
BAB II
BAHASAN

A.    Teori Wawancara
            Wawancara teh nyaeta hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masarakat. Ngan teu kabeh masarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancara mah biasana dilakukeun ku wartawan, reporter, atawa jalma lianna nu nganggap perlu, umpamana mahasiswa nu keur ngalakukeun panalungtikan, murid-murid sakola anu meunang pancen ti guruna, atawa ti lembaga sensus penduduk nu ngawawancara warga.
            Wawancara mah kaasup kagiatan nyarita dua arah, aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Samemeh ngalakukeun wawancara, urang perlu tatahar heula sabaraha hal anu dianggap perlu disadiakeun. Kalimah tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung togmol (langsung) kana sasaran. Diantarana saperti kieu :
*      Keur kaperluan naon?
*      Naon wae nu rek ditanyakeunna?
*      Saha nu rek ditanya?
*      Kamana kudu nepungananana?
*      Iraha waktosna?
            Kalimah tanya jadi bahan pikeun urang dina waktu geus tepung jeung narasumber. Narasumber nyaeta jalma nu baris dipenta katerangananana, oge bisa rupa-rupa gumantung kana kaperluan pananya, umpamana perlu informasi ngeunaaan kasenian, pendidikan, olah raga, kitu we satuluyna.
B.     Skenario :
Pewawancara : Adriati Annisa Utami
 Regita Andani Pratiwi
C.    Identitas Narasumber :
Nama Lengkap : Saobi Maman
Tempat Tanggal Lahir : Cijulang, 10 Februari 1942
Alamat : Dsn. Astamaya, Desa Karangjaladri
Pekerjaan : Pensiunan ABRI
D.    Waktos Pelaksanaan :
Kaping : Senen, 11 November 2013
Tempat : Bumi Narasumber
Waktos : 17.00 WIB
E.     Daftar pertanyaan :
v  Numutkeun bapa, naon ari hajat laut teh?
v  Naon tujuan diayakeun hajat laut teh?
v  Iaraha wae hajat laut diayakeun?
v  Saha wae anu sok ngiringan hajat laut teh?
v  Di laut mana wae di daerah Kabupaten Pangandaran hajat laut diayakeun?
v  Kunaon kudu diayakeun hajat laut?
v  Naon mangpaatna?
v  Ti iraha aya hajat laut?
v  Kumaha wae acara hajat laut teh?
v  Sasajen naon wae nu sok dialungkeun ka laut?
v  Kumaha upami hajat laut teu dilaksanakeun?
v  Sok nampilkeun kasenian naon wae dina acara hajat laut?
Dipingpin ku saha hajat lautna teh?
v  Acara hajat laut teh mangrupakeun kabudayaan atanapi mung acara turun temurun?
F.     Hasil Wawancara
v  Numutkeun bapa, naon ari hajat laut teh?
Hajat laut teh nyaeta laut disalametkeun sareng ngangge ria-ria.
v  Naon tujuan diayakeun hajat laut teh?
Tujuan diayakeun hajat laut supados Dewi Roro Kidul tiasa nguasai anak buahna nyaeta siluman-siluman nu aya di laut supados henteu ganggu ka nelayan.
v  Iraha wae hajat laut diayakeun?
Diayakeunna sataun sakali dina bulan Muharam, tanggalna mah tiasa digilir sareng pelabuhan laut anu sanes.
v  Saha wae anu sok ngiringan hajat laut teh?
Sadaya nelayan, aparat daerah satempat, disumpingan ku rombongan Bupati.
v  Di laut mana wae di daerah Kabupaten Pangandaran hajat laut diayakeun?
Di daerah Kecamatan Parigi sok diayakeun di laut Bojongsalawe, di Pangandaran nya di laut Pangandaran, di Batukaras nya di laut Batukaras, dimana aya tempat pelabuhan nelayan sok diayakeun palelangan. Singkatna mah kieu, Parigi, Batukaras dugika Sancang Prabu Siliwangi (Cijulang).
v  Kunaon kudu diayakeun hajat laut?
Nya etamah kapercayaan nelayan, yen ku kakawasaan Dewi Roro Kidul supados seueur hasilna sareng disalametkeun barangna sareng jalmina.
v  Naon mangpaatna?
Mangpaatna nyaeta nyalurkeun budaya nelayan ku ayana percaya pisan ka Dewi Roro Kidul anu nguasai laut.
v  Ti iraha aya hajat laut?
Ti ngawitan aya nelayan di Indonesia, turun temurun dugi ka kiwari.
v  Kumaha wae acara hajat laut teh?
Ngawitan nelayan meuncit sapi sareng nyiapkeun babaritna/sasajenna. Teras sasajen sareng hulu sapi dicandak ku parahu anu dirarangkenan (dihias) diiring-iring ku nelayan sareng aparat, disimpenna teh di lokasi Sumur Bandung (hiji tempat di tengah laut aya guhana). Sateuacan nyimpen sasajen sareng hulu sapi, numutkeun paham ahli sunah waljama’ah saenamah ngado’a heula.
v  Kumaha upami hajat laut teu dilaksanakeun?
Hajat laut mah mung kapercayaan nelayan, sieuneun carilaka mun hajat laut teu diayakeun, lantaran hakekatna ka Allah, aya sare’atna nyaeta ngamumule Dewi Roro Kidul.
v  Sok nampilkeun kasenian naon wae dina acara hajat laut?
Biasana siangna sok diayakeun ronggeng atanapi jaipongan, wengina orkes atanapi wayang.
v  Dipingpin ku saha hajat lautna teh?
Kapungkur mah baca do’a dipingpin ku kuncen laut, Bah Kasman namina, ayeunamah teu acan aya nu tiasaeun.
v  Acara hajat laut teh mangrupakeun kabudayaan atanapi mung acara turun temurun?
Hal etateh mangrupakeun budaya tikawit jaman Hindu dugika ayeuna, masih keneh teu acan murni Islam (aya kacampuran keneh).
BAB III
PANUTUP

A.    Kacindekan
                   Hajat laut teh mangrupakeun kabudayaan ti kawit jaman Hindu dugika ayeuna, masih keneh teu acan murni Islam (aya kacampuran keneh).
B.     Saran
                  Hajat laut kudu dilestarikeun supaya kabudayaan ieu henteu punah (ngaleungit).




Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...