Minggu, 17 September 2017

biantara sunda tata krama



BIANTARA “TATA KRAMA”


Assalamu’alaikum Wr,Wb

Bapa guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta
Sateuacana hayu urang panjatkeun puji syukur ka gusti Allah SWT nu Maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidayahna ka urang sadayana. Teu hilap, solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam panungtung anu parantos ngalungsurkeun kaimanan ka umatna, nabi panutan urang, Nabi Muhammad SAW.

Hadirin sadayana, sateuacana sim kuring bade ngucapkeun ka Bapa Guru anu atos masihan waktos ka sim kuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “TATA KRAMA”

Sapertos anu urang sadayana terang upami Tata Krama teh omat penting dina kahirupan sapopoe. Tata krama atanapi nu sering disebut etika, perwujudan tata krama dina pergaulan hususna aya 3 nyaeta, tata krama di lingkungan imah (kulawargi), di lingkungan sakola, sareng tata krama di lingkungan bararea. Conto tata krama anu disakola nyaeta sopan ka guru, ngucapkeun salam mun pendak sareng guru, patuh kana tata tertib sakola. Zaman ayeuna mah aya guru hareupeun oge teu salam-salam acan, ngabalieur karep, dimana eta tata kramana dipake?komo lamun teu seuri, teu salam, teu boga tata krama pisan eta jelema anu teu boga pamikiran, pendirian. Guru teh geus berjasa pisan ka urang sadayana ku kituna urang kedah aya tata krama nu hade. Tata krama mangrupakeun modal awal urang jeung ditarima dina mahluk sosial. Urang lamun teu boga tata krama moal tak ditarima lingkungan balarea, masing babaturan ge moal daekkeun, nu teu boga tata krama mah mending di ka leuweungkeun.

Hadirin sadayana, tata krama loba pisan mangpaatna contona, dina kahirupan sosial, nu tiasa tata krama nu bener bakal gampang dina gaulna sareng dipikaresep ku masyarakat.

Hadirin sadayana cekap sakitu anu kapihatur, pamungkas ti simkuring, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

KARYA : WULAN SITI. R

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...