Minggu, 24 September 2017

dongeng bahasa sunda sasakala legok jawa



SASAKALA LEGOKJAWA



Kira-kira taun 1920-an aya hiji desa anu ngagaduhan wasta Desa Legokjawa, mimiti di namian legokjawa teh kusabab tadina aya hiji penyebar agama anu datang ka daerah basisir kidul anu ayeuna katelah Legokjawa. Penyebar agama Islam eta namina Mas Karto Dino ti Solo Jawa Tengah. Dina wanci eta Mas Karto Dino mios ka walungan cipeuteuy kanggo wudlu nanging cai na asin, sanggeus kaditu kadieu henteu meunangkeun cai tawar Mas Karto Dino oge nincakeun sukuna kalawan teuas di salah sahiji lelegok henteu tebih ti walungan cipeuteuy, saterusna kaluarlah cinyusu anu dugi ayeuna kakoncara kalawan sebutan Sumur Gede, saprak kajadian harita kasebat we ku balarea di lingkungan lelegok eta teh nyaeta lelegok tapak Jawa.
Saterusna kalawan kitu kaayaan cinyusu anu bersih ti sumur gede eta mangka di bangun we hiji Musola anu namina Mushola Al-Istiqomah nu manten Musola kasebat dipake minangka langgar mimiti sumebarna agama islam di Desa Legokjawa.
Wasta lelegok tapak jawa sorangan lila-lila janten katelah dugi ka ayeuna LEGOKJAWA anu ahirna janten Desa Legokjawa.


ditranslate dari blog :
http://blogdesalegokjawa.blogspot.co.id

3 komentar:

  1. Punten bade tumaros tema anu aya dina dongeng ieu teh naonnya? Abdi milarian tema na :)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

      Hapus
    2. temana mah sajarah asal usul (sasakala) wasta (nama) legokjawa

      Hapus

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...