Rabu, 20 September 2017

Kumpulan Biantara Bahasa Sunda



Biantara

Para Bapa, Ibu, saderek sadaya anu dipihormat
Assalamu’alikum Wr. Wb.,
Alhamdu Lillahi bini’matil imaani wal islami, asyhadu alaa ilaha ilallah wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warusuluh. Allahumma sholli wasallim ‘alaa sayyidina muhammadiw wa’alaa alihi wasahbihi ajma’in, amma ba’du.......
Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka hadzirat Allah SWT., nu parantos maparinan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, sahingga dina dangeut ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok anu dimulyakeun mungguh Allah SWT.
Salajeungna salawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan urang sadaya nyatana kanjeung Nabu Muhammad SAW., sareng ka kulawargana, para sahabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Para hadirin sadaya,
Dina dinten enjing urang sadaya bakal gentos taun nyaeta taun anu enggal. Nu hartosna urang bakal ngintunkeun tau anu ngalangkung.
Ku dongkapna Muharram, hartosna urang asup kana hiji babad anyar., saperti anu tos diterangkeun dina ajaran Islam, oge mangrupikeun bulan dimana Rasulullah SAW., seueur kenging kamenangan dina ngalaksanakeun syi’ar da’wahna. Sajabi  ti eta bulan muharam teh ngarupikeun bulan pergantian taun islam nu biasa ku urang disebut taun “Hijriah”.
Anapon maksud urang ngayakeun paringeutan dina nyambut taun munggaran ieu, sajabi ti ngarayakeun sebage taun baru islam pikeun ngalaksanakeun syiar agama islam. Supaya urang sawadina ngarayakeun itungan jeung pertimbangan pikeun diri urang sorangan samemeh urang diitung pertimbangan sagala amal urang boh anu hade atawa goreng dipayuneun Allah SWT., dina poean wawales.
Supaya dina ngamimitian hirup dina taun nu bakal datang, sadaya nu kakurangan tiasa ditambahan jeung naon anu tinggaleun di omean sarta sadaya nu hade tiasa dipertahankeun kalawan ditingkatkeun kunu leuwih hade batan nu geus kaliwat.
Ku kituna dina ngajalankeun taun anu enggal ieu, urang sami-sami nyeeurkeun amal-amalan anu sae,. Mungpung meungpeung urang sadaya aya dina waktu anu nganggur, hayu urang gunakeun ngeumpeulkeun amalan ibadah ka Alloh SWT.

Ku jalan ngagunakeun waktu hirup samemeh kadongkapan maot, dianggo kasempetan ngamalkeun ibadah sareng beramal sholeh, etateh ngandung hartos urang beubeukeulan  engke dimana mulih ka alam ka langgeungan, di akherat mah moal aya nu manfaat pikeun manusa kajabi ti amal sholeh nu di laksanakeun ku urang sadaya nalika hirup di alam dunya.
Rupina sakitu nu kapihatur dina raraga nyambut mieling taun munggaran, mudah -mudahan Alloh SWT ngahaputen kana sagala dosa nu parantos kalakonan ku urang sadaya dina taun-taun nu kalangkung, sarta mudah-mudah an Alloh salamina maparin pituduh sareng rahmat ka urang sadaya. Aamiin ya Rabbal alamin…
Wabilahitaufik walhidayah….
Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh. 





GOTONG ROYONG
Assalamu'alaikum wr. wb.

Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du
Panghulung kalbu kajembaran puji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. puji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Kepala sekolah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat. Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyampekeun hiji biantara anu eusina : “ GOTONG ROYONG “.
Sapertos anu tos kauninga ku sadayana, gotong royong tiasa dina widang naon wae, sapertos gotong royong dina ngalaksanakeun pemwangunan, gotong royong ngabantu sasama, boh dina gotong royong bebersih. Utamina gotong royong beberesih teh seueur mangpaatna, diantarana supados lingkungan urang sadayana tebih tina sagalarupi panyakit, lingkunganna beresih, tebih tina polusi udara. Lamun sagala rupa pagawean anu beurat dilaksanakeun ku gotong royong atawa sasarengan naon wae janten ringan atawa enteng, gampang, sarta langkung cepet dikerjakeunna. Utamina gotong royong beberesih, tiasa urang laksanakeun di lingkungan sakola ieu, meresihan solokan, wc umum, atawa sabudeureun nu aya di lingkungan sakola, tangtosna lamun dikerjakeun ku nyalira tangtu weugah, hoream, cape… leres teu?? Cobi mun ku gotong royong mah pekerjaan terasa ringan. Mangka, mudah-mudahan cariosan ieu tiasa urang terapkeun dina kahirupan sadidinten, khususna dina ieu lingkungan sakola umumna kanggo lingkungan masyarakat.
Rupina dicekapkeun sakitu cariosan ti simkuring, hatur nuhun ka pala wargi sadayana anu parantos kersa ngadangukeun biantara simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.




Biantara : Ekonomi Sosial

Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapa guru dikelas anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan anu dipikadeudeuh sareng anu ku simkuring dipihormat anu dipikadeudeuh sareng anu dipikacinta.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat nu murbeng alam Allah Aza Wajalla anu parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan tur dugi ka ayeuna nu kersa ti mantenna urang sadaya tiasa ngariung mungpulung di ieu tempat.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadara ya’ni Habibana Wanabiyana Muhammad SAW. Teu kalangkung ka para kulawargana , sohabatna, oge ka para umatna anu salamina tumut kana syare’at anu dicandak.
Rerencangan sakelas anu ku simkuring dibanggakeun
Sateuacanna abdi ngucapkeun haturnuhun atos dipasihan kasempetan ngadeg di payun bade ngadugikeun hasil biantara abdi anu temana “Ekonomi Sosial”.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat
Masih emut keneh ka sakitar 15 taun kapengker Bank Dunia ngumumkeun acara resminba, ten nagara Indonesia bade janten 5 pang ageungna nagara dina widang perekonomian anu paling kuat di dunia? Sateuacana anu diumumkeun teh henteu janten kanyataan. Perekonomian nasional malah katimpa krisis dahsyat. Janten taun ayeuna pamarentah bade ngelola perekonomian henteu bade ngajaga daya tahan ekonomi nasional tina kritis. Kaimbangan APBN (Anggaran Pendapatan dan Belanja Nasional) Indonesia kasebat kelompok pangsaena sa-Asia Pasifik. Hanjakalna daya serap terhadap anggaran teu acan puas perlu ditingkatkeun. Lamun pamarentah mampu ngadorong kabinetna kanggo ngamanfaatkeun anggaran secara optimal, pasti langkung efektif kanggo nyiptakeun lapangan kerja.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Sakieu wae biantara ti abdi, sateuacanna nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan –cariosan anu teu merenah kana manah.
Wassalamu’alaikum Wr,Wb.




"Biantara Bahasa Sunda Tema Cita-Cita"



Assalamu’alaikum Wr. Wb.




Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat. 

Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiit tabiatna sareng mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. (Amin). 

Hadirin anu kusimabdi dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi bade ngajak ka sadayana anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang teh ngagaduhan cita-cita atawa impian. 

Hadirin anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina ngajalankeun hirup urang. 

Cita-cita teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu boga tujuan tina hirup. 

Janten urang teh kedah ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing getol. 

Hadirin anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta cita-cita urang. 

Apan aya paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal katedunan ku urang sadayana. 

Hadirin anu kusimabdi dipikahormat, Di jaman anu modern ieu, urang kudu pinter-pinter ngagunakeun teknologi. Sangkan urang leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita urang sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina milarian elmu pangaweruh sapertos internet. 

Sabab ku kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang sorangan. 

Mung sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT.


Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh..


Biantara : Pangaruh Internet Pikeun Rumaja



Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana.  seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

 Biantara : Wajib Diajar 9 Taun



Assalàmu’alaikum Wr. Wb.
Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.   
Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar Pendidikàn Dasar “.

Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.





BIANTARA : TEMA PENDIDIKAN

NGARANCANG KAHAYANG

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka Alloh SW nu maha welas – asih. Sholawat sinareng salam mugia kacurahlimpahkeun ka nabi urang sadaya habibana wanabiyana muhammad saw. Ka kulawargina, para sohabatna, teu hilap ka urang sadaya salaku umatna, mugia di yaumil akhir kenging syafaat ti mantenna. Amin.

Hadirin nu dipihormat, Bapak Yayat Ruhiyat nu sami ku simkuring dipihormat, sareng sadaya rerencangan nu dipikanyaah ku sim kuring. Daramang sadayana> mugia urang tetep dipasihan kasehatan sareng kabagjaan, komo sakedap deui urang bade mayunan ujian akhir, sing sukses sadayana nya!

Hadirin nu dipihormat, utamina rerencangan sakelas sadayana urang ayeuna aya dina tungtung waktu, akhir tina 3 tahunurang babarengan genep semester urang nyuprih elmu neangan pangabisa, dipaing ku para guru sarta babagi diantara urang. Dina akhir pendidikan urang, naha urang tos ngira-ngira rek kumaha sanggeus ieu lekasan? Bisa jadi urang teh kungsi ngimpi,, hayang anu jaga teh. Moal boa diantara urang ge aya nu bisa newak cita-citana. Tapi saha anu apal, boa nu pesimis oge aya, anu bimbang, nu asa asa, atawa nu galau oge rea boa? Cik geura, saha nu rumasa keur galau ku masa depan? Ih ulah galau, ulah nepi ka urang jadi generasi MaDeSu apal kana generasi Madesu? Generasi nu boga masa depan suram, suram tea atuh deukeut ka poek mongkleng, nu teu kaciri curuk-curuk acan. Kade urang mah tong kitu ah!

Hadirin nu dipihormat, sakitu anu kapihatur anu tiasa ku sim kuring tiasa di dugikeun, kirang langkungna nyuhunkeundihapunten.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.




EKONOMI SOSIAL

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Bapak ibu guru nu ku simkuring dipihormat, rerencangan sapait samamanis anu ku sim kuring dipiormat anu dipikadeudeuh sareng anu dipikacinta.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka dzat anu murbeng alam : Allah Aza Wajalla anu parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan tur dugi ka ayeuna ku kersana timantenna urang sadaya tiasa ngairung mangpulung di ieu tempat.
Solawat miwah salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya yakni habibana wanabiyana Muhammad saw. Teu kalangkung ka para kulawargina, sahabatna, oge ka para umatna anu salamina tumut kana syareat anu dicandak.
Rerencangan sakelas anu ku simkuring dibanggakeun. Sateuacanna abdi ngucapkeun haturnuhun atos dipasihan kasempetan ngadeug dipayun bade ngadugikeun hasil biantara abdi nu temana “Ekonomi Sosial”
Hartosna ekonomi sosial nyaeta kalungguhan atawa posisi hiji jalma dina jumplukan balarea anu diandekkeun ku rupi aktivitas ekonomi atikan sarta panghasilan dina pembahasana sosial sarta ekonomi mineng barobah kaayaan objek pembahasan anu benten.
Conto ekonomi sosial :
-          Kemiskinan (kasangsaraan)
-          Pangangguran
-          Masalah kapendudukan
Urang salaku urang Indonesia kudu mulasara kadudukan jabatan atawa posisi jalmi dina kelompok masyarakt ditangtukeun tina jenis paripolah ekonomi pendidikan dina pokok ajaran sosial jeung ekonomi remen jadi objek pokok ajaran nu benten. Sakumaha urang salaku anu bakal neraskeun perjuangan bangsa kahareup.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.





EKONOMI SOSIAL

Assalamuálaikum Wr.Wb.

Alhamdulillahirobbil alamain wasolatu wasalamu’ala muhammadin wa’ala alihi wasohbihi azmain.
Bapak guru pengajar anu dipihormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dikacinta ku sim kuring.
Langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun rasa syukur ka Alloh SWT ku lantaran nikmat sareng hidayah urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempatan ieu. Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina junjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW ka para kulawargina, ka para sohabatna sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin ya robbal alamin.
Para wargi nu ku simkuring dipikahormat, dina tempat ieu abdi bade ngajelaskeun kana kahirupan “Ekonomi Sosial”. Ekonomi sosial nyaeta kalungguhan atawa posisi hiji jalma dina jumplukan balarea anu diandekkeun ku rupi aktivitas ekonomi atikan sarta panghasilan .
Ekonomi rakyat nyaeta lamun dikaitkeun kalawan kagiatan tatanen mangka anu dimaksud kagiatan ekonomi rakyat nyaeta kagiatan petani atawa peternak atawa  pamayang alit, petani gurem, oetani tanpa taueh, pamayang tanpa parahu, sarta sarupana. Sarta sanes perkebunan atawa peternah ageung atawa MNC tatanen, sarta sarupana. Tiasa dinyatakeun nyaeta ekonomi Indonesia saleresna nyaeta berbasis ekonomi.
Sarta kitu kaayanana ekonomi sosial seueur anu “pengangguran, miskin sarta lainna eta ngagunakeun ekonomi sosial”
Manawi ngan ieu biantara anu tiasa abdi sampaikeun lamun aya kalepatan dina ceuk sanggem, abdi nyuhunkeun dihapunten margi abdi oge ngan jalmi biasa anu tangtu gaduh kakurangan atawa oge kalepatan. Kana perhatosanana abdi ucapkeun haturhunun .  Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb




Biantara : sosial politik

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh..

"ALHAMDU LILLAHI RABBIL'ALAMIN WABIHI NASTA'INU'ALA UMURID DUNYA WADDIN WA'ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA'IN"

Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa pateupung lawung dina ieu majlis.

Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna.

Dina kasempetan poe ieu abdi bade nepikeun ngeunaan keterlibatan Ageman dina Pulitik. Dunya pulitik di Indonesia ti warsih ka warsih ngalaman kamajuan anu pesat pisan. Sumawonten pilihan kanggo lebet dina dunya pulitik langkung dipilih ku balarea dibandingkeun milih profesi sanes anu jigana langkung ngajangjian. Teuing naon anu metot dina dunya pulitik,minangka balarea awam sarta tacan terang leres seluk-beluk dunya pulitik,jujur abdi cekap diewedkeun sarta didamel naros-taros kalawan sistem pulitik di Indonesia dina hususna.

Dina mangsa kiwari dunya pulitik atos seueur campur kalawan unsur-unsur sanes di jabi pulitik. salah sahiji diantarana nyaeta keterlibatan ageman dina pulitik. Seueur para ajengan anu mikeun hiji ceramah ngeunaan ageman nanging tungtung-tungtungna aya himbauan kanggo ngiring Parpol A atawa Parpol anu lianna. Dina ceramah kasebat pastilah para saderek anu ngiring ceramah bade di pisan bingungkan,apakah eta mangrupa hiji anu kedah dituturkeun ?,apakah eta mangrupa haturan ti pituduh ageman ?,sarta seueur deui patarosan-patarosan dimunculkeun. Kalawan kitu kaayaanana pulitik anu campur kalawan hiji ageman nurutkeun abdi bade berdampak henteu sae ka sistem perpolitikan atawa ageman eta sorangan,naha ? margi Balarea bade ewed ngabedakeun ageman kalawan pulitik,kumaha pituduh-pituduh ageman atawa sepertos naon pulitik eta sorangan. Nganggepan ti problematika kasebat pastilah opini-opini bade kabentuk sarta pro kontra pastilah aya. Nanging minangka mahasiswa teu pisan-pisan peryogi urang barobah kaayaan jalmi anu kawit meunteun hiji masalah tanpa ningali sisi sanes ti masalah eta sorangan. Anu sasaena urang pigawe nyaeta midamel perbaikan dina kalepatan kasebat.

Saderek anu mulya,
Hayu urang langkung semangat kanggo milari elmu sarta ngamalkeun na,urang jadikan dunya pulitik anu leres-leres murni nanging urang oge henteu ninggalkeun pituduh ageman, ageman henteu kanggo pituduh berpolitik, ageman henteu kanggo pilari mangsa,nanging ageman nyaeta tuntunan kanggo ngalengkah maju barobah kaayaan mending , ku kituna Nagara anu sejahtera tiasa kahontal tanpa kanodaan ku Korupsi, Kolusi sarta Nepotisme.  Kitu penyampaian biantara ti abdi mugi-mugi mere mangpaat kanggo urang sadaya. Akhirul Kalam, Wassalamu'alaikum Wr. Wb




Biantara  : Kamerdekaan Republik Indonesia

Assalamualaikum WR.WB
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat illahi rabbi. Numana kalayan hidayah sareng inayahna urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayan sehat walafiat.
Hadirin nu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu kasempatan simkuring bade ngadugikeun biantara nu eusina ngeunaan Kamerdekaan Indonesia. Numana dina dinten ieu urang sadaya nuju ngarayakeun 72 taun Indonesia merdeka. Kamerdekaan teh mangrupa salah sahiji cita-cita para pajoang jeung bangsa Indonesia ti jaman kapungkur. Urang sadaya tangtu teurang, para pajoang teh ngorbankeun sagala nu anjeunna gaduh sapertos harta nepikeun ka nyawa. Tiasa dibayangkeun ku urang sadaya hirup di jaman baheula. Sagala diatur ku bangsa sanes. Sagala kabeungharan negeri urang teu tiasa ku urang rasakeun sorangan. Urang along-along bagja di negeri sorangan. Tangtuna urang bangsa Indonesia teu tiasa cicing ningali kasangsraan rakyat. Kusabab eta para pajoang ngalawan penjajah. Nepika teks proklamasi di bacakeun ku Soekarno Hatta nu ngabuktosan pajoangan bangsa Indonesia teu sia-sia.
Hadirin anu mulya.
Ayeuna Indonesia tos merdeka ti penjajah. Kahirupan bangsa Indonesia tos teu jati kasilih ku junti. Pancen urang ayeuna nyaeta ngisi kamerdekaan ku hal-hal anu positif. Nanggalkeun hal-hal anu negatif sapertos korupsi, narkoba, miras jeung sajabana deui. Urang kudu silih bantu silih tulung ngabangun negeri urang. Ulah nepika rakyat Indonesia teu ngarasakeun kamerdekaan nu sabenerna. Kukituna dina danget ieu hayu urang sami-sami ngadoakeun para pajoang, neuraskeun cita-citana  sarta ngabanggakeun bangsa Indonesia.
Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur pamungkas pisanggem bilih aya basa nu kirang entep seuruhna atanapi kecap nu kirang merenah larapna. Mugi kersa ngahapunten.
Wassalamualaikum WR. WB








Biantara  : Kabudayaan Sunda

Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.

Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
Wassalamualaikum wr. wb.


 NUNGTUT ELMU

Assalamualaikum Wr.Wb

Assolatu wassalamu asrofil anbiyai wa mursalin wa ala alihi wasohbihi ajmain amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu tos masihan rohmat sarta hidayahna ka urang sadayana. Solawat sinareng salam mugia dilimpahcurahkeun ka kanjeng nabi muhammad saw teu hilap oge ka kulawargina, ka para sahabatna sareng ka tobiin tobiiatna tug dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Bapak/ibu nu ku sim kuring dipihormat, pupuhu kelas XI IPA 6 mu ku simkuring dipihormat sareng rerencangan anu ku simkuring dipikaasih.
Alhamdulillah dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun perkawis “NUNGTUT ELMU”.
Hadirin rohuimnakumuloloh, milari elmu teh wajib pikeun urang islam lalaki sarta awewe. Rosululloh saw ngawajibkeun umatna nungtut elmu teh penting pisan pikeun kahirupan manusa di dunya ieu. Jeung elmu, urang bisa mingpin dunya, mingpin sakumna makhluk hirup sarta jeung elmu urang bisa jadi makhluik anu pangalusna diantara makhluk Alloh SWT . tapi lamun urang henteu boga elmu urang bisa jadi bodo henteu bisa nanaon di dunya ieu. Ku ayana elmu urang bisa menangkeun kabagjaan boh di dunya boh di akherat ku kituna sing saha anu hoyong bagja di dunya, mangka kudu ngawasa elmu dunya, kitu oge sing saha anu hoyong bagja di akherat jaga kudu jeung elmu.
Sakitu anu tiasa ku simkuring didugikeun kasimpulanana mah nungtut elmu teh wajib sabab elmu teh penting pisan kanggo urang sadaya. Mudah-mudahan aya mangfaatna kanggo urang sadaya hapunten bilih aya kalepatan.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamualaikum Wr.Wb.




Biantara : BAHAYA NGAROKO

Assalamualikum wr.wb

Bapa Guru pangajar anu dipihormat,
Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.

Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi, ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,  tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain.

Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan.

Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.

Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.

Wassalamualikum wr.wb





BIANTARA : EKONOMI SOSIAL


Assalamualaikum.wr.wb

Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.

Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Ekonomi Sosial”

Ekonomi rahayat nyaeta kaasup ekonomi sosial. Lamun dikaitkeun kalawan kagiatan tatanen, mangka anu dimaksud kalawan kagiatan ekonomi rahayat nyaeta kagiatan ekonomi patani atawa peternak atawa pamayang alit, patani gurem, patani tanpa taneuh, pamayang tanpa parahu, sarta sejenisnya; sarta sanes perkebunan atawa peternak ageung sarta sarupa na.
Perspektif sanes ti ekonomi rahayat tiasa deui ditingali kalawan ngagunakeun perspektif jargon: “ekonomi ti rahayat, ku rahayat, sarta kanggo rakyat”
Dina perkawis ieu peryogi deui diungkapkeun yen ekonomi rahayat bisa patali jeung saha wae”, dina hartos kagiatan transaksi tiasa dipigawe oge kalawan “non-ekonomi-rakyat”. Oge teu aya pembatasan ngeunaan besaran, rupi produk, sipat usaha, permodalan, sarta sajabana. Ekonomi rahayat henteu eksklusif nanging inklusif sarta kabuka. Sanaos kitu, sipat fundamental diatas atos deui nyiptakeun hiji sistem ekonomi anu diwangun ti palaku ekonomi,mekanisme transaksi,norma sarta kasapukan (“rule of the game”) anu has,anu umumna atos nyadiaan ekonomi rahayat kanggo survive sarta ngembang saluyu kalawan hal mekar sosial ekonomi masarakatna.
Tiasa dinyatakeun yen ekonomi Indonesia saleresna nyaeta berbasis ekonomi rahayat. Ekonomi rahayat (seueur) ngawengku 99 % ti total jumlah unit usaha (business entity), nyadiakeun kira-kira 80 % kasempetan damel, ngalakukeun langkung ti 65% kagiatan distribusi, sarta ngalakukeun kagiatan produksi kanggo kira-kira 55 % produk sarta jasa anu diperlukeun balarea,60 di antarana aya di wewengkon pilemburan, 65% usaha dibidang tatanen sarta kagiatan sanes anu patali,sarta barobah kaayaan basis ti 63 % konsumsi domestik, sarta sumebar merata diseluruh wilayah Indonesia.

Bapa miwah Ibu anu di hormat. Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.

Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb





BIANTARA : SAKOLA TONG LALAWORA

Asalamualaikum wr.wb
wilujeng enjing sadayana
ibu guru nu dipikahormat sareng rerencangan anu ku simkuring dipika cinta
ti payun urang sanggaken puji syukur ka allh swt nu parantos maparin ka urang sadaya anu tiasa karumpul di ieu waktu sehat wal afiat .
Para wargi nu kusim kuring di pi hormat , simkuring didieu bade ngadugiken biantara nu eusina mun sakola teh ulah lalawora ,
para wargi sadayana urang sadaya teh mun di ajar teh ulah lalawora kudu bener-bener dina di ajar teh , ulah sakadaek we datang ka sakola ngan mawa buku hiji , bari ning paltot teu boga , nginjem ka batur . Aya tara jalmi nu kitu ??? Nya pasti aya wae . Urang sadaya teh kudu nyaah ka kolot , anu tos neangan artos, artos tea ameh budak na sukses , da tos sukses mah ker saha keneh , pan ker urang-urang keneh . Barudak , ka sakola lalawora hungkul eweh gunana , ka hiji ilmu teu aya nu nerap . Pan meren urang ka sakola teh tujuanna neangan elmu . Lain nongkrong-nongkrong ngaroko di warung. Barudak ayena mah seer anu datang ka sakola hungkul tibang ngalungken tas . Jadi anu sakolana teh jelemana , apa tas na ???
Saderek sadayana , mung sakieu we ulasan ti sim kuring mah moal panjang-panjang moal lebar-lebar sim kuring sanes lomari nu gaduh panjang sareng lebar
Mugi urang sadaya di sadarken sakola teh ulah lalawora kudu sing bener. Punten bilih aya kalepatan atawa nyingung ka sadayana ,  haturnuhun kana perhatosanna
wassalamualaikum wr.wb




Biantara
Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi wabarakaatuh
Para wargi sadayana anu sami-sami hadir di ieu tempat, Alhamdulillah dina ieu kasempetan simkuring kapasihan waktos kanggo ngadugikeun biantara perkawis DUIT
Para wargi sadayana, perlu kauninga yen urang sadayana salaku jalmi anu fakir tangtos ngabutuhkeun perkara anu namina DUIT. Naon margina? Margi sagala rupi kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkara, tangtos ngabutuhkeun anu namina DUIT. Tapi kade, ulah lepat ngartoskeun, anu di maksud DUIT di dieu teh nyaeta:
D na DO’A
U na USAHA
I na IMAN
T na TAQWA
Janten leres pisan kan?
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman, sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.
Mung sakitu anu ku simkuring tiasa di dugikeun, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. akhirul kalam
Wassalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh









Assalaamu ‘alaikum Wr Wb
Para hadirin kaum muslimin wal muslimat anu di mulyakeun ku Allah SWT. Aya salah sawios katerangan anu nyebatkeun:
 “Ari shodaqoh teh eta sok nyegah kana balahi”
Anu di maksud balahi di dieu teh sanes mung balahi dunya wungkul, tapi balahi akherat oge insya Allah bakal kacegah lamun urang sering shodaqoh. Nya kitu deui anu di maksud shodaqoh di dieu teh sanes mung shodaqoh materi wungkul, tapi shodaqoh teh tiasa mangrupikeun tanaga, pikiran, atanapi anu sanesna.
Janten atuh cing yakin setiap pengorbanan tanaga, pikiran, atawa materi anu ku urang di tasorufkeun kana jalan anu dipikaridho ku Allah teh bakal di bales ku Allah di dunya sareng di akherat ku perkara anu langkung ageung.
Kumargi kitu, mangga atuh urang sami-sami diajar ikhlas kana naon rupi anu tos di shodaqohkeun ku urang, margi ikhlas anu janten syarat pokok dina shodaqoh teh, sanes karena naon-naon.
Mung di cekapkeun sakitu wae, mudah-mudahan naon rupi anu di dugikeun aya manfa’atna kanggo para wargi sadayana. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah.
Wasalamu ‘alaikum Wr Wb





Miara Jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda

Assalamu`alikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Sampurasun!

Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya, katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.

Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna.

Kadang wargi anu mulya
Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat kacamatan cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi sadaya. Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta” Miara jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.
Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman  globalisasi pangaruh kabudayaan luar teu tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak ngahariwangkeun, sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti karuhun. Minangka conto, seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano ti badan nabeuh calung, degung, angklung atawa nu liana.
Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah mopohokeun kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung, tari ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari lain ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang jepang jeung urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh elmu ti guruna bisa kapimilik.
Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu ku ku sinkuring dipikaheman.
Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa alat kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana sok aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budaya sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.




Biantara sunda

Awonna tontonan jaman ayeuna

Assalamualaikum Wr. Wb

Puji sinareng syukur manga urang sanggakeun ka gusti Allah SWT.  margi ku barokah sareng karuniana, urang sadaya tiasa sasarengan dina acara ieu. Teu hilap oge solawat sareng salam disanggakeun ka junjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. 

Para hadirin/hadiroh 

Di zaman ayeuna, tontonan di TV the beuki teu manfaat, kalah seuer mudorotna. Tingal weh di unggal stasion TV, pasti weh aya acara-acara anu teu pantes ditonton ku urang sadaya salaku murangkalih. Contonna jiga film anu aya bobogohanana, aya anu ngalawan ka kolotna, aya nu patonjok-tonjokna , jrrd.pantes teu sih film-film nu kitu ku urang ditonton ?

Hadirin/hadiroh

Cing urang tengetan, kumaha sih moral barudak bangsa ? lamun tiayeuna keneh dieusian ku tontonan nu kararitu ? BOBROK! Moral bangsa ieu.

Hadirin/hadiroh 

Hayu urang sadaya sami-sami ngaberantas film-film anu teu pantes ditonton kucara leuwih ngeusian waktu ieu ku hal-hal anu positif,sapertos ngaji, solawatan, itikaf di jero masjid, ngeusian PR, jrrd. Ku pinuhna waktu urang, samakin poho urang the kana TV. Nya teu ?

Hadirin /hadiroh 

Mung sakitu biantara ti sim kuring, kurang leuwihna mugia dihapunteun. 

Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamualaikum Wr.Wb 


 COBAAN ATAWA UJIAN (BIANTARA)



Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du
Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..
Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat.
Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina : “ COBAAN ATAWA UJIAN “. Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :
1. Ujian anu manis
2. Ujian anu pait
- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di pasihan nikmat ti gusti Allah
- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah
Jadi kasimpulana : Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ? Sabab aya ayat Al Quran surar Ibrahim ayat 7 Anu hartosna : Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah, pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna. Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar. Nabi bersabda : Sabar eta sabagian tina iman. Sareng Allah ngadawuh : Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.
Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.
Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.



 BIANTARA : CITA-CITA


Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat. 
Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiit tabiatna sareng mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. (Amin). 
Hadirin anu kusimabdi dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi bade ngajak ka sadayana anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang teh ngagaduhan cita-cita atawa impian. 
Hadirin anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina ngajalankeun hirup urang. 
Cita-cita teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu boga tujuan tina hirup.  Janten urang teh kedah ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing getol. 
Hadirin anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta cita-cita urang.  Apan aya paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal katedunan ku urang sadayana. 
Hadirin anu kusimabdi dipikahormat, Di jaman anu modern ieu, urang kudu pinter-pinter ngagunakeun teknologi. Sangkan urang leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita urang sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina milarian elmu pangaweruh sapertos internet.  Sabab ku kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang sorangan. 
Mung sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT.
Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh..





Biantara : “Handphone jeung Pelajar”
Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro.Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh. Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu.
Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring, Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan, Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos.  Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis Handphone jeung pelajar.
     Handphone atawa sering di sebut ponsel nyaeta salah sahiji pakakas komunikasi anu fungsina hampir sarua jeung telepon kabel, tapi bisa dibawa – bawa sabab teu make kabel. Di jaman kiwari, handphone geus jadi lumrah. Sagala umur rata – rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti mimiti ibu – ibu, bapa – bapa nepi ka budak SD. Handphone emang miboga rupa – rupa manfaat, henteu ngan saukur pikeun jalma – jalma nu gawe di kantor atawa jalma – jalma anu geus boga kapentingan, tapi oge pikeun para pelajar. Ngan hanjakal sajalan jeung perkembangan jaman, handphone oge loba nimbulkeun mudarat para pelajar.
    Salian manfaat, Handphone oge miboga mudarat pikeun pelajar, diantarana nyaeta : Fitur internet anu aya dina handphone, bisa nimbulkeun mudarat pikeun pelajar. Sanajan bisa ngagampangkeun pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan pelajaran, tapi dina kanyataannya loba siswa ngagunakeun fitur ieu pikeun hiburan hungkul. Loba pelajar anu prestasina turun lantaran kacanduan dunia maya, contona kacanduan facebook, twitter jeung nu sejenna. Salian internet, fitur game dinu handphone oge cukup ngaruhan prestasi pelajar. Sarua jeung internet, game oge bisa nimbulkeun mudarat lamun digunakeun na kaleuleuwihan. Tapi kanyataanna pelajar leuwih resep maen game tibatan diajar. Mudarat lainna nyaeta ngagunakeun handphone dina ujian. Di jaman ayeuna loba pelajar nu ngagunakeun handphone pikeun niron dina ujian. Hal ieu emang bisa ningkatkeun nilai siswa tapi bisa ngarusak mental pelajar. Kukituna urang salaku pelajar kudu bisa ngagunakeun handphone atawa pakakas komunikasi lainna kalawan bener – bener. Bisa nimbulkeun manfaat anu leuwih loba tibatan mudaratna. Sabab sagala teknologi, bisa manfaat atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu makena.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten. Wassalamu’alaikum Wr.Wb.






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...