Rabu, 20 September 2017

contoh teks pembawa acara (panata acara / panata calagra / susunan acara ) dalam bahasa sunda

Sosialisasi Gotong Royong



Panata Acara

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Pangersa pupuhu sakola anu ku simkuring dipihormat, pangersa bapa miwah ibu guru ku sim kuring dipihormat. Sareng rerencangan sadaya anu ku sim kuring di pika heman.
Langkung tipayun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka gusti anu maha suci. Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah-Na dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina acara “Sosialisasi Gotong Royong”

Solawat miwah salam mugia salamina ngalir ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, dugi ka urang salaku umatna, mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.

Hadirin sadaya hormaten sim kuring!
Sim kuring ngadeg cumarios dipayuneun hadirin sadaya kapancenan salaku panata acara dina ieu acara. Runtuyan acara anu bade dilaksanakeun nyaeta:
1.     Bubuka (maca basmalah)
2.     Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an sareng solawat Nabi
3.     Sambutan ti pupuhu panata acara
4.     Sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 PARIGI
5.     Biantara ngeunaan Pentingna Gotong Royong
6.     Doa
7.     Panutup
Sumangga ieu acara urang buka ku aosan basmalah
Salajengna sim kuring ngahaturanan ka saderek Dede sareng solawat Nabi! Haturnuhun ka saderek Dede.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu panata acara, sumangga kersana Bapa Asep dihaturanan. Hatur nuhun ka Bapa Asep anu parantos ngadugikeun sambutanna.
Acara salajengna nyaeta sambutan ti pupuhu sakola SMAN 1 Parigi mangga dihaturanan. Hatur nuhun pupuhu sakola mugia naon anu didugikeun ku ajeunna mangpaat kanggo urang sadayana, Amin Ya Robbal Alamin.
Salajengna dihaturanan ka saderek Siska anu baris midangkeun biantara.
Hatur nuhun ka ka saderek Siska anu atos ngadugikeun biantarana. Mugia naon anu didugikeun tiasa katampi ku urang sadaya. Amin.
Acara salajengna nyaeta do’a anu bade dilaksanakeun ku Bapa Ustad, sumangga dihaturanan.
Hatur nuhun ka Bapa Ustad, mugia do’a anu tos dibacakeun tadi di ijabah ku Gusti Nu Maha Suci, Amin Ya Allah Y Robbal Alamin
Ibu / bapa  miwah saderek siswa siswi SMA N 1 Parigi anu ku sim kuring dipihormat, runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae. Sim kuring nyuhunkeun hapunten kangge sadaya kalepatan.
Haturnuhun kana perhatosanana. Mangga urang tutup ku aosan hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbilalamin! Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.



SUSUNAN ACARA PATURAY TINEUNG
Assalamualaikum Wr.Wb.
Sampurasun anu kasuhun ka pupuhu SMA N 1 Parigi, pupuhu dinas pendidikan, komite sakola, guru-guru SMA N 1 Parigi. Ibu miwah bapak sareng ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sareng syukur ka gusti nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urg sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti mantenna dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas XII SMA N 1 PARIGI”.
Sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun sim kuring seja nyanggakeun pangwilujeng rehna siswa siswi kelas XII parantos lulus ujian nasional taun 2018.
Sateuacana didieu aya sababaraha rupi acara, sim kuring bade medarkeun heula runtuyanna diantawisna :
1.     Áosan ayat suci Al Qur’an
2.     Pidangan lagu Indonesia Raya
3.     Sambutan ti pupuhu sakola
4.     Sambutan ti komite sakola
5.     Prosesi serah terima siswa/siswi kelas XII
6.     Biantara wawakil ti siswa XI
7.     Wawaran siswa/siswi anu nyangking prestasi
8.     Biantara ti wawakil kelas XII
9.     Serah narima meadli
10.  Do’a
11.  Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.
Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderek Pandu ka saderek Pandu dihaturanan.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga dihaturanan.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti komite sakola. Sumangga dihaturanan.
Acara Salajengna nyaeta prosesi serah terima siswa/siswi kelas XII
Salajengna, nyaeta biantara ti wawakil kelas XI  dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka wawakil kelas XI anu parantos ngadugikeun biantara kalayan singget mung teges maksadna.
Salajengna nyaeta wawaran siswa/siswi anu nyangking prestasi.
Mangga dilajengkeun kana acara biantara ti wawakil kelas XII mangga di haturanan.
Haturnuhun ka wawakil kelas XII anu parantos ngadugikeun biantarana
Salajengna nyaeta serah nerima medali. Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. Sumangga bapa Ustad dihaturanan kanggo mingpin du’a.Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 1 Parigi di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.




Panata Calagara dina rangka Bubuka Festival band antar Kelas

Assalamualikum Wr.Wb.
Anu di pikahormat Ketua Panitia Festival Band antar kelas
Anu di pikahormat  Kepala Sakola SMAN 1 Parigi
Anu di pikahormat Pembina Kesenian
Anu di pikahormat Juri Festival Band antar Kelas
Sareng pamilon Festival Band antar Kelas anu kusimkuring di banggakeun.
  Tipayun, mangga urang sasarengan nyanggahkeun puji sinareng syukur ka Alloh Swt, margi urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat dina kaayaan sehat walafiat kanggo ngiringan acara Pembukaan Festival Band antar Kelas.
  Hadirin anu di banggakeun,
Simkuring tatih didieu kanggo ngadugikeun susunan panata acara pembukaan festival band antar kelas.
  Susunan acarana nyaeta :
   1. Bubuka
   2. Sambutan
      a. Ketua Panitia
      b. Pembina Seni
      c. Perwakilan Juri
      d. Kepala Sakola
   3. Acara inti, nyaetaPembukaan Festival Band antar Kelas ku Kepala Sekolah
   4. Panutup
  Kanggo teu nyangkolong kana waktos , mangga urang sasarengan buka acara ieu ku a’osan Basmallah, acara salajengna nyaeta sambutan, di haturanan kanngo Ketua Panitia ngadugikeun sambutan.
Sambutan salajengna ti Pembina Seni, Kanggo Pembina Seni di haturanan. Hatur nuhun ka Pembina Seni kanggo sambutan nana.
Sambutan salajengna ti Perwakilan Juri, di haturanan kanggo Perwakilan juri kanggo ngadugikeun sambutan.
Anu terakhir sambutan ti Kepala Sakola , dilajengkeun kana acara inti, kanggo nga hemat waktos, ka Kepala Sakola di haturanan ngadugikeun sambutan sinareng ngabuka acara Festival Band antar Kelas.
  Mung sakitu acara Pembukaan Festival Band antar Kelas. Bilih aya tutur basa anu lepat, nyuhunkeun di hapunten.
  Wassalamualaikum Wr.Wb. 
  



ASSALAMUALAIKUM WR WB.
Bapak Kepala Dinas Pendidikan dan Kebudayaan nu dipihormat.
Bapak Kepala sekolah sareng Wakil kepala sekolah nu dipihormat
Bapak Ibu Guru sareng karyawan Staf TU nu dipihormat
Para tamu Ondangan nu dipihormat
Sareng Rerencangan nu dibanggakeun.
Langkung tipayun mangga urang sasarengan munajat ka ALLAH SWT, nyanggakeun puji sinareng syukur, rehna, mantenna, parantos maparinan kasempatan ka urang sadayana, dina dinteun ieu, kanggo ngaluuhan ieu tempat nya eta tempat siswa-siswi mintonkeun bakat sareng kreatifitasna dina acara Pagelaran seni & bakat di SMA.................. kalayan dina kaayaan sehat walafiat.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin nu dipihormat.
Sim kuring atas Nami Ketua OSIS, oge wawakil ti rengrengan panata calagara, ngahaturkeun wilujeung sumping ka bapa-bapa, ibu-ibu tamu ondangan oge ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana.
Salajeungna simkuring ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka aa-aa, teteh-teteh, nu tos ngiring ulu biung, ngareuah-reuah ieu acara. Mudah-mudahan ieu acara langkung luarbiasa, langkung sukses, kalayan kualitas sae ti taun-taun sateuacanna.
Maksad sareng tujuan acara ieu nyaeta :
1.      Ngembangkeun potensi sareng kreatifitas siswa
2.      Ningkatkeun Motivasi guru sareng siswa sangkan angger mageuhan kualitas sareng  prestasi
3.      Nyiapkeun sumber daya manusa nu parigel, euyeup kupangaweduh jeung kamampuan
4.      Nepikeun beware kahadean ka masyarakat ngeunaan hasil diajar para siswa
5.      Ngawangun tali silaturahim anu hade antara guru, siswa jeung masyarakat. 

Bapak-bapak, ibu-ibu hadirin nu dipikahormat,
Teu hilap, saupami acara ieu rengse dina kaayaan lancer sareng sukses, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya panata calagara acara nu parantos ngiring berjuang sareng ngajalankeun acara sakumaha mistina.
Tangtosna hal ieu ngahasilkeun dampak positif kanggo sadayana, sakali deui ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka sadayana, mudah-mudahan tanaga, fikiran, materi nu parantos disumbangkeun kanggo ieu acara di bales ku ALLAH SWT. Amin..
Bapa ibu hadirin nu dipihormat,
Rupina sambutan ti simkuring salaku wawakil ti panata calagara dicekapkeun sakieu. Hapunteun tina sanes kanten  kakirangan, hatur nuhun kana perhatosan sadayana. Billahi Taufik wal hidayah Wassallamualaikum wr wb.          



 



9 komentar:

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...