Rabu, 20 September 2017

PUPUH KSAD, SISINDIRAN (RARAKITAN, PAPARIKAN, WAWANGSALAN)



PUPUH

KINANTI
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoreakan
Cing hempek ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih

ASMARANDANA
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.

SINOM
harta pada nareangan
harti pada nyararungsi
sabab duanana guna
 harti bisa mere bukti
harta pon kitu deui
bisa ngabul nu di maksud
neudunan sakahayang
tapi harta gancang leungit
mungguh harti mangfaat dunya akhera

DANGDANGGULA
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina


 



PUPUH

KINANTI

    Entog, soang, oray kadut
    Barisa ngojay di cai
    Oray kadut mah ngaliang
    kanyahoan budak leutik
    tuluy ditimbug ku bata
    bari lumpat ni ngabecir

SINOM

    Warna-warna lauk empang
    Aya nu sami jeung pingping
    Pagulung patumpang-tumpang
    Ratna Rengganis ninggali
    Warnaning lauk cai
    Lalawak pating suruwuk
    Sepat pating karocepat
    Julung-julung ngajalingjing
    Sisi balong balingbing, sisi balungbang


ASMARANDANA
Eling eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan

DANGDANGGULA
Hey Barudak poma sing areling
Sing nyaah ka indung ka bapa
Maraneh teh matak hese
Komo nu jadi indung
Kahesean kaliwat saking
Ti keur di kandungan
Matak hese wungkul
Mun dengdek kukulinciran
Waktu maneh gubrak gumelar ka lahir
Indung teh boa ajal





PUPUH


DANGDANGGULA
Dinten ieu estu bingah ati
Ku jalaran panceg milangkala
Kenging kurnia ti Alloh
Rehing nambahan taun
Tepang taun umur sim abdi
Henteu weleh neneda
Ka gusti nu agung
Malar umur teh mangpaat
Tebih bahla turta pinarinan riju
Sumujud ka pangeran
ASMARANDANA
 Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

SINOM
Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Munggu harti mangpaat dunya akherat


KINANTI
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoreakan
Cing hempek ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih


 


PAPARIKAN
PIWURUK
ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana sisindiran nana

BANYOL
wadah gabah meni balatak
kapaksa ker lapar
sanajan ki barjah botak
tapi seuer nu daftar

SILIH ASIH
naha kaditu eweuh jalan
aya bu'uk di poni
saha anu hayang temenan
mangga we add facebook abdi
RARAKITAN
PIWURUK
Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar

BANYOL
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
katinggang ku hulu kohkol
SILIH ASIH
Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé
WAWANGSALAN
Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit (RUMAH SAKIT)



RARAKITAN

ANU SIPATNA PIWURUK
Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti

ANU SIPATNA BANYOL
Sok hayang nyaba ka Bandung
sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
sok hayang nyaho nyentakna

ANU SIPATNA SILIH ASIH
Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
bisi kaduhung jagana


PAPARIKAN
ANU SIPATNA SILIH ASIH
Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur

ANU SIPATNA BANYOL
tangkal kaliki dina tanjakan
aya jangkrik anaka na lege
aya aki gogoakan
di beubeurik ku abege

ANU SIPATNA PIWURUK
Hayam jago boga dua
dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti

WAWANGSALAN
Cinyusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing
(mantega)





Rarakitan
Piwuruk
Hayang hurang menang beutik
Balikna langsung di goreng
Lamun urang masih leutik
Ulah resep ngomong goreng

Banyol
Hayu urang indit ka batak
Jalana teh mani panjang
Ari jalma huluna botak
Lamun beurang matak caang

silih asih
Buah kopi raranggeuyan
Tatangkalan anu mang didi
Sono patepang di jalan
Sing emut ka diri abdi

Paparikan
Piwuruk
Hayang dahar lauk sepat
Nu aya ngan ukur tarasi
Karasa nikmatna sehat
Lamun keur aya kanyeri

Banyol
Meuncit embe dina rakit
Asana teu kabina-bina
Aya istri pendek alit
Tompelna dina tarangna

silih asih
Ka kebon ngala pakis
Rengit napuk kana pipina
Bogoh pisan ka neng geulis
Geulisna kabina-bina

WAWANGSALAN
Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagea sumping
(emping)





RARAKITAN

piwuruk / papatah




banyol




silih asih
:




:




:
Iraha ulin ka cisaga
Di baturan ku mang Yana
Lamun hayang asup ka surga
Kudu rajin ibadahna

Hanas meuli ka Cianjur
Nincak batu ngajelegur
Hanas meuli bajigur
Diambuan bau cungur

Karunya aduh mang yaya
Tipaduk kana batu
Karunya aduh karunya
Itu budak yatim piatu


PAPARIKAN

piwuruk / papatah




banyol




silih asih
:




:




:
Ka parigi naek andong
Balikna mawa nangka
Jadi budak tong sok bohong
Bisi engke asup naraka

Ka masawah meuli apem
Meulina di mang didi
Rarasaan bau haseum
Sing horeng si edi nu can mandi

Ka pasar dagang odading
Bi yati mawa sosodok
Babaturan urang geuring
Hayu atuh geura di longok


WAWANGSALAN
Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita
(kareta)









RARAKITAN
SILIH ASIH :
Saha anu bade nyate
Tusukna atos sayogi
Bebende nu hade hate
Pamatri ati sajati

BANYOL
Ka mana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
Ka mana nya nyiar duit
kayang seubeuh pelesiran

PIWURUK
Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun

PAPARIKAN
SILIH ASIH :
Kaso pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan,
sono mondok sono nganjang,
sono papanggih di jalan.

BANYOL
Kini-kini kuang-kuang,
 akeup-akeup peupeureudeuyan,
nini-nini palay tuang,
diakeup peupeureudeuyan.

PIWURUK
Hampelas raraga jati,
Palataran babalean,
 Iklas raga reujeung pati,
Lantaran ti kahadean


WAWANGSALAN
Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna
(LUTUNG)




PAPARIKAN

BANYOL
Damar kurung damar gantung,
damar siang pamidangan.
Mun teu tulus ka Si jangkung,
palangsiang kaedanan.  

PIWURUK
Cukleuk leuweung cukleuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa,
Lieuk deungeun lieuk lain,
 Jauh ka indung bapa.

SILIH ASIH
Beak daun beak randu
unggal poe dibikeunan
Beak taun beak windu
moal weleh dileukeunan

RARAKITAN
SILIH ASIH
Daun saga daun pulus
Dibeungketan ku mang Didi
Saha itu anu mulus
Singhoreng kabogoh abdi

PIWURUK
Jauh-jauh ngala awi,
Nyiar-nyiar pimerangeun,
Jauh-jauh ngala kami,
Nyier-nyiar pimelangeun.

BANYOL
Itu wayang ieu wayang,
Teu kawas wayang arjuna,
Itu hayang ieu hayang,
Teu kawas hayang ka dinya.


WAWANGSALAN
Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis (lele)





PAPARIKAN
PIWURUK
ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana sisindiran nana

BANYOL
wadah gabah meni balatak
kapaksa ker lapar
sanajan ki barjah botak
tapi seuer nu daftar

SILIH ASIH
naha kaditu eweuh jalan
aya bu'uk di poni
saha anu hayang temenan
mangga we add facebook abdi
 

RARAKITAN
PIWURUK
Lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar

BANYOL
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpun jéngkol
Aya rangda gogoakan
katinggang ku hulu kohkol
SILIH ASIH
Batur mah dibaju hideung
kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
kuring mah sangsara baé
 

WAWANGSALAN
Ruas awi dirorekan, pikir asa selang seling (suling)



PUPUH KSAD
1.              Kinanti
Kuring boga tangkal cau
Melakna di pipir imah
Cauna ngarana bagja
Cau amis henteu tiis
Pek cauna di wadahan
Di sandingkeun jeung cai kopi


2.      Sinom
Abi indit ka Sandaan
Di titah keur meuli cai
Di jalanna meni waas
Lantaran loba lalaki
Di deukeut kalah indit
Meureun eraeun ku kuring
Tapi kuring teu suka
Da lalaki eta genit
Mun lalaki teu genit kuring ek suka


3.      Asmarandana
Kuringmah boga japati
Kenging ngagaleuh pun bapa
Di aranana si Rendo
Di kandangan pipir imah
Kandangna di cirian
Sangkan teu aya nu mawa
Da eta japati kuring


4.      Dangdanggula
Putus cinta emang nyeri hati
Terus ceurikna teu eureun – eureun
Hese peureum hese bobo
Kumaha jadi kieu
Teu puguh rarasaan kuring
Ari ras cimataan
Kalah nyeri hulu
Pikir jadi gawean
Euweuh gawe kuring ceurik mending indit
Ceurik nu teu berguna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...