Kamis, 14 September 2017

PUPUH SEKAR AGEUNG (KSAD)



PUPUH

KINANTI
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoreakan
Cing hempek ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih

ASMARANDANA
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.

SINOM
harta pada nareangan
harti pada nyararungsi
sabab duanana guna
 harti bisa mere bukti
harta pon kitu deui
bisa ngabul nu di maksud
neudunan sakahayang
tapi harta gancang leungit
mungguh harti mangfaat dunya akhera

DANGDANGGULA
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina



PUPUH

KINANTI

    Entog, soang, oray kadut
    Barisa ngojay di cai
    Oray kadut mah ngaliang
    kanyahoan budak leutik
    tuluy ditimbug ku bata
    bari lumpat ni ngabecir

SINOM

    Warna-warna lauk empang
    Aya nu sami jeung pingping
    Pagulung patumpang-tumpang
    Ratna Rengganis ninggali
    Warnaning lauk cai
    Lalawak pating suruwuk
    Sepat pating karocepat
    Julung-julung ngajalingjing
    Sisi balong balingbing, sisi balungbang


ASMARANDANA
Eling eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan

DANGDANGGULA
Hey Barudak poma sing areling
Sing nyaah ka indung ka bapa
Maraneh teh matak hese
Komo nu jadi indung
Kahesean kaliwat saking
Ti keur di kandungan
Matak hese wungkul
Mun dengdek kukulinciran
Waktu maneh gubrak gumelar ka lahir
Indung teh boa ajal




PUPUH


DANGDANGGULA
Dinten ieu estu bingah ati
Ku jalaran panceg milangkala
Kenging kurnia ti Alloh
Rehing nambahan taun
Tepang taun umur sim abdi
Henteu weleh neneda
Ka gusti nu agung
Malar umur teh mangpaat
Tebih bahla turta pinarinan riju
Sumujud ka pangeran
ASMARANDANA
 Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

SINOM
Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Munggu harti mangpaat dunya akherat


KINANTI
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoreakan
Cing hempek ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih





PUPUH
KINANTI
Hey barudak ipa tilu
Diajar nenag pangarti
Kudu bisa rupa-ruoa
Ulah datang kabur deui
Sing nyaah ka indung bapa
Komo yeh jaman kiwari

SINOM
Barudak jaman ayeuna
Kudu boga rasa asih
Komo ka indung jeung bapa
Kade ulah nganyenyeri
Komo dugi ka ceurik
Indung teh jalma nu ngandung
Bapa teh nu ngayunan
Barudak jaman kiwari
Kudu loba ngadoa keur indung

ASMARANDANA
Si lusi listiawati
Geulisna kabina-bina
Sanajan budakna monyong
Tara ambek mun dihina
Kabeukina oge cau
Watir pisan ka si eta

DANGDANGGULA
Kuring ek nyarita ti mimiti
Inget carita jaman baheula
Sok ulin mamaen lodong
Sieun bari so nyumput
Di boro bari cecengiran
Nu ngudag meni rea
Cicing deukeut sumur
Pek lodong di sada tarik
Kuring lumpat kasieunan parat indit
Balik nepi ka imah

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...