SASAKALA
KARAJAAN PANANJUNG PANGANDARAN
Kajadianana dina abad 16. Di
jojontor Basisir Pananjung, Pangandaran ngadeg hiji karajaan, Pananjung
ngaranna. Bisa jadi ngaran pananjung geus aya saméméh karajaan katut karatonna
diadegkeun. Pananjung téh asal kecap tina “tanjung”, nyaéta gugusun taneuh anu
ngajojontor ka tengah laut. Tanjung téh sabalikna tina teluk. Pan ari anu
disebut teluk mah, laut anu asup kana lengkungan daratan. Lamun mireungeuh kana
kar atawa peta, écés pisan, aya babagian daratan anu ngajojontor ka laut, nya
nu kiwari jadi Cagar Alam Pananjung téa.
Dina jamanna Karajaan Pananjung,
ngaran pangandaran acan dipiwanoh. Pangandaran mah ceuk sakaol, tina asal kecap
pangan jeung andar-andar. Harti sagemblengna nyaéta hiji tempat paragi jalma
néangan pakasaban. Wewengkon Pananjung, ti jaman béh ditu kénéh ogé geus biasa
didatangan ku jalma, sabab tempatna anu asri. Pendudukna geus aya deuih,
sanajan ancal-ancalan. Arusahana kana lintar atawa jadi pamayang. Bajo atawa
rampog laut gé geus biasa hanjat ka Basisir Pananjung. Maranéhna nu daratangna
ti Cilacap, geus biasa punta-pénta bari maksa ku alesan jang kaamanan. Basa
Radén Anggalarang hayang bubuara ka éta wewengkon, angot sanggeus boga niat
hayang ngadegkeun karajaan, ku ingkang rama Prabu Haur Kuning ti Galuh,
sabenerna mah teu disatujuan. Alesan mah, bisi diganggu jalma jahat. Ngan baé
Radén Anggalarang kumeukeuh bari ngasongkeun alesan rék tarapti jaga diri.
Sawaktu ngaboyong ingkang garwa Déwi
Rengganis ka pakidulan, Radén Anggalarang ngadegkeun karaton. Karatonna nyamuni
pisan sabab diadegkeun di jero guha. Ayeuna, éta guha masih kénéh aya,
katelahna Guha Lanang. Mémang Raden
Anggalarang téh kawilang tarapti. Ngadegkeun karaton nyamuni pisan. Jalma
saliwat moal aya anu apal yén di jero guha aya hiji karaton agréng. Meunang
sababaraha waktu mah, bajo laut nu dikekentongan ku Suraboma, henteu apaleun
yén di Pananjung ngadeg karaton agréng. Ngan baé béh dieu béh dieu, kalangan
bajo ngarasa héran. Saan waktu ka éta tempat loba jalma bubuara. Wewengkon
Pananjung beuki ramé jiga-jiga di dinya aya kahirupan nu pikabetaheun. Puguh gé
enya pikabetaheun sabab ayeuna Pananjung aya anu ngurus aya anu ngatur. Rahayat
diatur kasejahteraaan, diatur pakasabanana, diatur hak jeung kawajibanana. Saking
ku héran, sababaraha urang anggota bajo ngintip-ngintip, ngan weléh rahayat teu
betus. Malah ku sabab keuheul, pamustunganana rahayat diancam-ancam, malah
digunasika. Mireungeuh loba rahayat dibinasa, atuh nu séjén tingberetek lumpat.
Lumpatna téh ka lingkungan karaton di jero guha. Ari geus kitu mah kabokér baé
yén di jero guha aya karaton. Suraboma ngajorag malah ngancam-ngancam bakal
ngamusnakeun pangeysi karaton mun teu daék méré kauntungan.
Prabu Anggalarang éléh déét, batan
rayat jadi korban, mending méré séba da rejeki mah bisa disiar. Meunang sakitu
lilana Karajaan Pananjung aman sabab Raja sanggup méré kagenahan ka para bajo.
Ngalaman riweuh deui téh sanggeus Suraboma ngintip Déwi Rengganis keur mandi. Teu jauh ti Guha Lanang nu aya di Kompléks
Cagar Alam Pananjung, aya situs candi anu ku urang dinya disebutna Candi Batu
Kaldé. Méré ngaran Batu Kaldé sabenerna mah henteu pas, sabab mun mireungeuh
arca nu aya di dinya, sabenerna éta arca sapi (nandi ceuk Hindu). Lamun aya
arca nandi, écés, Batu Kaldé dijieun jang sesembahan Hindu. Batu Kaldé taya
patalina jeung Karajaan Pananjung. Saméméh Karajaan Pananjung ngadeg, Candi
Batu Kaldé mah geus aya. Karajaan Pananjung ngadeg dina abad 16, ari Candi Batu
Kaldé mah ngadeg dina abad 8 atawa peresisna dina taun 793 Maséhi. Candi Batu
Kaldé diadegkeun ku Resi Sriwaksuwishu, anu ogé ngadegkeun candi Hindu di
Karajaan Tarumanagara ahir. Ti Tarumanagara, ieu resi ngalalana ngadatangan
sakur patempatan anu pendudukna acan baroga agama. Jadi, Batu Kaldé diadegkeun
di Pananjung téh, sabab harita penduduk Pananjung can boga agama. Candi Batu
Kaldé jaman harita aktip dipake sesembahan. Harita mah ngawangun hiji adegan
dijieun tina batu umpak, ka luhurna muncugug, jangkungna aya kana genep
méterna, rubaknasalapangan volley mun ayeuna mah. Di hareupeun rohangan, aya
batu pangcalikan. Mun hayang diuk dina éta batu, kudu mapay batu umpak jang
tétécéan. Di sisi katuhu jeung kénca aya batu tempat neundeun sasaji. Dina
jaman Karajaan Pananjung, Batu Kaldé masih kénéh dipiara dipaké muja, ngan lain
ku nagara, sabab ari nagara mah teu ngagem Hindu tapi ngagem agama Sunda. Ngan
baé pihak nagara tetep nangtayungankana kabébasan ngagem agama ka rahayatna.
Tungtungna carita teh teu kaharti...
BalasHapus