Rabu, 21 Desember 2016

KUMPULAN DONGENG DINA BAHASA SUNDA NU AYA DI DAERAH PANGANDARAN



DONGENG  CUKANG TANEUH

Cukang Taneuh atawa langkung di kenal Green Canyon mangrupa wisata walungan anu ayeuna dijadikeun minangka hiji objek wisata di Kabupaten Pangandaran. Green Canyon perenahna 31 km arah Kidul Pangandaran benerna di Desa Kertayasa, Kacamatan Cijulang, Propinsi Jawa Barat. Nami Green Canyon asalna ti turis mancanagara nyaéta ti urang prancis anu namina Bill Jhon, sedengkeun nami aslina nyaéta Cukang Taneuh. Cukang anu ngagaduhan hartos jembatan sarta Taneuh hartina taneuh janten Cukang Taneuh ngandung hartos jembatan anu dijieun ti taneuh ku proses alamiah, tekstur handap jembatanna nyaéta stalaknit sarta stalakmit. Lamun di tingali ti kajauhan badé katingal sapertos sungut gua anu di hias ku lembah anu héjo handap jembatan kasebat nyaéta tempat palirénan parahu pesiar, sateuacan lebet kajero aya hiji curug anu ku warga dinya disebat pancuran emas. Saleresna dina waktu nu teu tangtu badé katingali sapertos emas anu di akibatkan ku cai anu kiruh, nu boga warna kacoklat - coklatan katimpa cahaya sareng ti katebihan katingal samar-samar sapertos pancuran emas.
Lebet langkung ka jero deui lamun ngojay badé ngaliwatan batu anu ngawangun jiga payung mangka di sebat batu payung. ti batu payung ieu, turis tiasa tumpak di luhur batu payung sarta lamun aya kawani tiasa luncat terjun ka walungan tangtosna kedah aya pangawasan ti pemandu, kumargi jangkungna batu payung 6 meter. Langkung kajero deui aya anu di sebat pamandian putri, tempat ieu aya sakedik di luhur gawir, turis anu hoyong ka tempat éta kedah naék sakedik kana gawir. Pamandian putri ieu ngawangun sapertos bak mondok kalayan di hias ku cai rembesan tina dinding sarta stalaknit sapertos cai hujan, tiis sarta matak seger anu saurna ngandung khasiat dina pamandian putri ieu tiasa ngajantenkeun awet anom.











Dongeng Batu Hiu

Kacaritakeun dina abad ka 11, datang rombongan ti karajaan mataram nu di pimpin ku Aki Gede jeung Nini Gede.rombongan téh mangrupa prajurit-prajurit ti Mataram.kusabab kasaktenna marenahna di usir ku karajaan sabab para patinggi karajaan sieun kasaingan tanding lamun eta aki jeung nini Gede masih keneh aya di sabuderun karajaan mataram mah. Geus lila ngalalakon ahirna nepi ka daerah basisir laut kidul(ayeuna jadi batu hiu) aki jeung nini Gede istirahat. Nalika istirahat si aki nitah ka rombonganana titah neangan lauk jang dahar rombonganana.basa eta prajurit nu di titah téh nya éta Galuh oder jeung Galunggung kuning.anjeuna nengan nepi ka tengah laut nu ahirna eta prajurit nu duan tadi meunangkeun lauk anu kacida gédéna. Kabungah maranehna karasa nepi ka eak eakan. 
Tuluy we di bawa ka sisi basisir pikeun di asakan ku rombongan nu sejenna tapi saacan eta lauk di asakan eta lauk di tingali heula ku aki jeung nini gede. Saprak eta di tingali ku aki jeung nini gede maranehna ngarasa reuwas ningali lauk badag nu miboga sisit kasar jeung heuras.aki jeung nini gede nyebut “Lauk Hiu”. Saprak aki jeung nini nyebutkeun kekecapan éta,éta lauk robah jadi batu badag nu jiga lauk hiu.
            Tah ti saprak harita eta lembur katelah waé Batu Hiu nu ayeuna eta lembur perenahna di desa ciliang kecamatan Parigi 14 km ti daerah pangandaran mah.
















DONGÉNG CITUMANG

Dina jaman Karajaan - karajaan di Indonesia mimiti ngalaman kamunduran sarta karuntuhan, aya hiji jalma ti turunan karajaan mecakan. Rombongan turunan karajaan éta mios kalawan ngagunakeun parahu margi kedah nyebrang kana walungan-walungan. Nanging di walungan kasebat ngalaman halodo sarta ahirna parahu kasebat kajebak dina walungan éta. Sarta duka kamana rombongan turunan karajaan anu aya di parahu éta dugi ka ayeuna. Saterusna cariosan éta dugi ka warga dinya anu disebat Ciparahu, nya éta tapak lalampahan rombongan turunan Karajaan (ménak).
Sabot sababaraha warsih ka hareup aya sababaraha anu ningali walungan éta. Nanging belah wétan walungan Ciparahu, aya curug anu nyarupaan tungku (hawu) dina nalika jawa disebut Tumang anu jadi kaunikan unikna walungan Ciparahu. Sarta ahirna kira-kira wewengkon curug dinamian ku balaréa kalawan sebutan Citumang, nya éta cai curug anu nyarupaan Tungku (Tumang).
Saterusna dina bagéan seuseupan walungan, aya curug anu numpang sarta tétéla dipengkeureun curug kasebat aya cai anu ngocor. Janten, cai éta datangna henteu ngan ti luhur nanging ti handap ogé. Sarta cenah dideukeut curug éta aya sato nu namina Uling (sidat ageung) anu saurna mah aya dina lebet gua. Lamun Uling éta usik, bagéan sakitar gua éta bakal oyag. Aya anu nyebutkeun ogé, yén cinyusu dina gua asalna ti walungan Citanjong ti Gunung Porang perbatasan Banjarsari. Seuseupan Gunung Porang éta asalna ti Gunung Keneng, mata airna Gunung Keneng asalna ti wewengkon Bagolo. Kasebat wé gua sarta curug éta ku masarakat dinya nya éta Kali Numpang (kali anu numpang)
Sababaraha taun ka hareup seueur tokoh masarakat anu ningali kaéndahan walungan. Caket walungan Ciparahu aya bendungan. Prosés midamel bendungan kasebat kalawan ngagunakeun tali bal sarta élmu atawa ajian anu kagaduhanana. “Ku cara, teuleum kajero cai kirang langkung salila 2 jam sarta ngabentangkeun tali bal kajero cai. Margi jaman baheula acan aya téknologi canggih sepertos jaman ayeuna. Mémang saleresna teu masuk akal, tapi nya éta kanyataannana”. Ceuk H.Sobari tokoh masarakat nu asalna ti Karangnangka.
Ahirna dugi ayeuna, bendungan éta aya kénéh sarta walungan éta kakoncara kalawan kasohor nu disebut Citumang sarta gua sarta curug éta kakoncara kalawan sebutan Kali Numpang.





BABAD CIJULANG
Kanggo urang Cijulang pituin mah, ngadangu istilah sajarah cijulang tantos emutan teh ngalayang kana “Sajarah Cijulang” anu sok diaos waktos "Ngabukutaun".
Nurutkeun Sajarawan Sunda Prof. Dr. Edi S. Ekadjati, naskah “Sajarah Cijulang” kalebet naskah sunda buhun golongan babad, diserat dina Basa Sunda nyampur jeung Basa Jawa, ngango huruf Arab Pegon. Salah sahiji kopi “Sajarah Cijulang” janten koleksi Perpustakaan Nasional nomber SD 206 B nanging ieu mah tos ditranselasi kana aksara laten. Eusina ngajerentekeun silsilah, ti ngawitan Nabi Adam dugi ka pakolotan Cijulang; teras wae ngalalakon Aki Gede jeung Nini Gede. Namina oge naskah buhun, dina “Sajarah Cijulang” antara kanyataan sareng dongeng sigana nyampur janteun hiji.
Jang Langas dianggap luluhur Cijulang numutkeun “Sajarah Cijulang” mah, linggih na di Taal, gaduh putra sapuluh, genep anu tumetep di Cijulang yaeta Sabarudin, Karangmawangsa, Sukamawangsa, Parajasinga, Martadimangsa, sareng Ayuwetan.
Ari Aki jeung Nini Gede anu ngalalakon dina “Sajarah Cijulang”, lanceuk pangedena Jang Langas, urang Kedungrandu, ayeuna eta tempat aya keneh, jadi ngaran hiji desa di Kacamatan Patikraja Kabupaten Banyumas. Ari nu jadi cukang lantaran Aki Gede abur-aburan, kusabab kahayang Kenjeng Sinuwun nu jadi panguasa di Banyuwas ngawin anak awewe Aki Gede teu disaluyuan. Inggis ku bendu Sinuwun jeung ngadenge beja rek dirurugan, Aki jeung Nini Gede sabondoroyot dibaturan ku sawidak kuren terus mentas di Jaranmaganti (Cimanganti)  teras linggih di Pakemitan. Hariwang kapanggih ku pasukan Sinuwun, mindah deui Aki Gede teh ka Cikaso terus ka Kolemba, Bojong Cikur, Bubulak Karang Simpang, Binangun, terus ka Nagrog rek neangan tempat pinagaraeun tapi geus eweuh nu suwung, teras balik deui ka Binangun nembong geus aya Gandek Sinuwun nu dipiwarang neangan Aki Gede saparakanca. Teras eta Gandek ku Aki gede dibadamian sangkan ngadehes ka Dalem Sukapura anu kagungan nagara, ari aki gede terus neangan tempat pinagaraeun, mimiti ka tempat nu jadi Lembur Sarakan, Cikadu, Cikawung, Pepedan, Cipanengah, Sipatahunan, Cipakawuk, jeung Gurago anu teras dijadikeun lembur ngalih ti Binangun.
Ngarasa mantep di Gurago, terus Aki Gede nitah anak awewena jeung minantuna ka Sukapura ngadeheus Kanjeng Dalem, nu harita ngarana Dalem Tambela. 
Harita Cijulang teh asup ka wilayah Sukapura sanes Galuh siga ayeuna,  dina “Sajarah Cijulang” kacarioskeun yen anu janten kapala pamarentahan teh Dalem Tambela di Sukapura, jadi kurang leuwih Aki Gede teh jumeneng dina mangsa Cijulang masih keneh janten bagian ti Sukapura anu ayeuna mah gentos nami janteun Tasikmalaya.
Taun 1674 Umbul Sukakerta, Wirawangsa diangkat ku Sultan Agung janteun Mantri Agung Bupati Sukapura, gelarna Raden Tumengung Wiradadaha I, ieu minangka bales jasa saatos newak Dipati Ukur, harita Cijulang tos kasebat dina 12 daerah bawahan Sukapura anu dibebaskeun tina kawajiban mayar pajak ku Sultan Agung salami 7 turunan.
1674 Wirawangsa tilar dunya, digentos ku putera katiluna yaeta Raden Djajamanggala anu digelaran Raden Tumengung Wiradadahan II, ajeuna katelah ”Dalem Tambela”. Naha Dalem Tambela ieu anu dimaksad Dalem Tambela dina ”Sajarah Cijulang”? Upami leres aya sababaraha fakta anu teu saluyu. Dina ”Sajarah Cijulang” Dalem Tambela anu marentah di Sukapura kacarioskeun ngagaduhan anak mantu, malah salah sahiji mantuna dibikeun ka Aki Gede janteun hadiah saatos Aki Gede rengse ngawangun Situ Cimawati. Padahal ceuk fakta sajarah, Dalem Tambela teu kantos marentah di Sukapura kulantaran tilar dunya di Banyumas sauih dilantik di Mataram, ningalkeun 8 putra anu aralit keneh, layona dicandak dina tambela ka Sukapura janteun katelah Dalem Tambela.
Taun 1674 janteun hiji-hijina titimangsa anu kacatet dina sajarah, taun eta Aki Gede geus tumetep di Gurago, jadi mangsa ngalalana ti Kedungrandu nepi ka Gurago kajadianana saacan tahun 1674. Kira-kira saha atuh Kanjeng Sinuwun ti Banyumas nu jadi sabab Aki Gede pundah-pindah tempat ku sabab sieun ku anjeuna? Naha mungkin R. Tumenggung Metayuda II, Adipati Banyumas 1650-1705, atawa adipati sateuacanna R. Ngabei Mertayuda I anu marentah di Banyumas tahun 1620-1650.
Sapertos dicutat di luhur, Cijulang zaman Aki Gede sanes bawahan Galuh tapi Sukapura anu ngagusti ka Karajaan Mataram, eta teh kulantaran nalika Karajaan Galuh runtuh dina taun 1528 wilayahna mung kantun saalit. Waktos Sunan Amangkurat I janteun Raja Mataram, struktur wedana/bupati dihapus, digentos janten Ajeg, aya 12 Ajeg di wewengkon Mancanagara Kilen, salah sahijinya Sukapura. Taun 1677, wilayah ieu dipasrahkeun ka VOC teras jadi bawahan Bupati Kumpeni di Cirebon, status ieu teu robah waktos VOC bangkrut digentos ku Pamarentahan Hindia Walanda, nembe dina tahun 1864 dialihkeun janteun bagian ti Karesidenan Priangan. 
Waktos Pamarentah Walanda ngayakeun reorganisasi wilayah, dumasar kana Staatsblad 425 tahun 1931, Cijulang masih keneh janten kawadanaan anu lebet ka Kabupaten Sukapura, harita nu janten Wadana, R. Somawirya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH PENGARUH PENDIDIKAN DAN LATIHAN DASAR TENAGA KERJA TERHADAP PRODUKTIVITAS SDM

  MAKALAH PENGARUH PENDIDIKAN DAN LATIHAN DASAR TENAGA KERJA TERHADAP PRODUKTIVITAS SDM Disusun untuk memenuhi Tugas Mata kuliah Eko...