Minggu, 11 Desember 2016

KUMPULAN BIANTARA BASA SUNDA



Assalamualikum wr.wb
Ibu Guru pangajar anu dipihormat,
Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos masihan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka akhir jaman, amin.

Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan.

Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi , ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini  bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,  tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun lain.

Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan.

Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.

Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.

Wassalamualikum wr.wb




Biantara Basa Sunda :: Narkoba

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin.
Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du.
Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta. Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu. Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.
Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “ Penyalahgunaan narkotika dikalangan remaja“. Narkotika dina dunia medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di operasi, narkotika teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa nyieun kacanduan,sarta karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kamatian, tapi lain hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur nga-gaya hungkul, bari jeung teu apal kana pibahayaeunnana istilah bahasa deungena mah “ drug is purpose for freestyle” .
Anu ngagunakeu jeung ngedarkeun narkotika lamun kapanggih ku polisi mah bisa penjara, teu lulus tes kasehatan, dipiasing ku masyarakat, teu meunang pagawean jsb, numatak tong hayang apal kana barang haram anu ngarana narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna jeung anu bakal datang.
Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh urang eusian ku diajar anu soson-soson, guna ngajungjung harkat jeun martabat bangsa indonesia, sakali deui “ SAY NO TO DRUG, BUT IT’S SO SAD FOR YOUR LIFE”.
Mugi-mugi mangfaat keur kahirupan urang sadayana, Sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan Nu teu merenah kanu manah hatur nuhun kanu sadaya perhatosanana.
Akhirul kalam Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamualaikum wr.wb


 BIANTARA : Hormat ka ibu bapa

Assalamualaikum wr.wb

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna Amin
.
Sa teu acana sim kuring ngahaturkeun nuhun ka bapa miwah ibu penguji, anu parantos masihan waktos ka sim kuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna "Hormat Kanu Janten Ibu Rama."
Hadirin anu dipikahormat !
Urang salaku umat muslim, diwajibkeun hormat kanu janten ibu sareng rama.
Margi aya paribasa ibu nu ngandung bapa nu ngayuga, nu hartosna salami salapan sasih ibu ngandung urang dugi ka gubrag ka alam dunya, kumargi kitu urang wajib pisan ngahormat kanu jadi ibu. Tuhu kana piwaranganana, mikanyaah, sareng mikacinta ka anjeuna.
Kitu deui kanu janten bapa urang kedah ngahormat, tur mikanyaah, margi bapa teh anu ngayuga jeung ngajaga.
Ibu rama urang sama sakali teu ngarepkeun balas jasa pedah tos ngurus, nyakolakeun, sareng sagala ka peryogian urang. Ku margi kitu urang wajib marhatoskeun kanu jadi indung jeung bapa ku babantu di bumi, saperti sasapu, ngepel, keur ngaringankeun padamelan jadi ibu.
Tiap tos netepan teu hilap ngadoakeun kanu jadi sepuh sing sarehat, dibabarikeun milik sareng rejekina.
Pamugi Gusti Allah tiasa ngabales kana sagala kasaean ibu rama abdi.
Mung sakitu nu kapihatur hapunteun bilih aya kecap anu teu merenah komo deui basa nu teu kahartos sim kuring nyungkeun dihapunteun.

Wassalammualaikum wr.wb




BIANTARA BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Langkung tipayun urang sami-sami panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti anu Maha Suci nu kalayan rahmat sareng ianah-na, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat wal’afiat. Solawat miwah salam mugia salamina dilelerken ka jungjunan alam habibana wanabiyana Muhammad saw, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna.
Bapa/Ibu guru anu kusimkuring dipihormat
Sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikareuéus
Dina danget ieu, sim kuring bade ngadugikeun ngeunaan “Pentingna Elmu Agama”
Hadirin anu ku simkuring dipihormat
Saur para ulama salah sahiji perkara anu ngaluarkeunhiji jalma tina kahadean nyaeta ku sabab bodo. Sabab saha jalma anu ibadah ka Alloh ku kabodoanana maka manehna leuwih loba ngaruksak daripada ngabangun. Nyiar elmu agama teh wajib, sakumaha dawuhan Rosul:
“milari elmu diwajibkeun pikeun jalma muslim lalaki / awewe ti mimiti brol dilahirkeun nepi ka nyangkerok dina pakuburan”
Teu kaasup jalma pinter loba dalil nitah hade ka batur sementara manehna teu akur jeung aturan Alloh, teu tambah-tambah elmu teu malah tambah mahabah ka Alloh, maka Alloh leuwih cepet nyiksana ka eta jalma.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Sakumaha penjelasan nembe, janten elmu anu wajib ku urang dipilari teh nyaeta sari’at elmu anu diwahyukeun ku Alloh ka utusanna nyaeta Nabi Muhammad Saw, sahingga upami elmu eta tos jadi dasar, maka elmu anu sanes nyaeta elmu dunya bakal jadi hiji panambah jeung penguat dina kahirupan urang.
Ku kituna urang kedah soson-soson dina milari elmu agama sangkan janten panguat dina kahirupan urang. Mudah-mudahan urang sadaya dipasih kalancaran dina milari elmu agama.
Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna, khususna kanggo simkuring umumna kanggo urang sadaya. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


 

BIANTARA
“Perpisahan”
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamualaikum Wr.Wb

Langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah boh basana boh tatakramana.

Bapa pupuhu sakola miwah ibu guru sadaya
Kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya dipikacinta dinteun ieu, dina raraga paturay tineung murif kelas X/XI jeung XII tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka gusti nu maha suci reh maparin taufik sareng hidayahna dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina sehat walafiat. Pamugi kasumpingan urang sadaya kenging ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilelerkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Ku jasa mantena anu parantos maparin fatwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugi urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng ibu guru, sareng rerencangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Simkuring atas nami wakil murid kelas X/XI/XII seja ngadugikeun katineung, kedal lisan, dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu di pikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa teu karaos sim kuring saparakanca di apik di didik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinteun seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadayana sim kuring sadar yen salami    taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu mantak musingkeun sareng pikakeuheuleun, kumargi sakitu sim kuring saparakanca seja neda silih hapunten tina samudayaning kalepatan.
Kalih ti eta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa ibu guru supados tiasa nerasken diajar ka sakola anu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi ti kelas X dugi ka kelas XI mugi sing getol diajar sareng taat kana piwuruk bapa ibu guru.
Bapa ibu guru sadaya anu sami hadir nu dipikacinta sakitu nu katineung ti sim kuring kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


BIANTARA

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuhu

Wilujeng Enjing hadirin Sadayana ayena.

Bapak Guru, Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan siswa siswi kelas XII nu dipikacinta.

Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sareng sukur urang ka Allah Subhanahu Wata’ala nu parantos masihan nikmatna ka urang sadayana, sapertos nikmat kasehatan oge wakto luang dugi ka tiasa patepang raray di acara ieu. Alhamdulillah urang oge tiasa kempel di tempat ieu dina kaayaan sehat.

Para hadirin anu sim kuring hormati. Dina waktos ieu, sim kuring bade ngadugikeun tema tentang kumaha pentingna hirup bersih oge sehat kanggo kahirupan urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah shallallahu ‘alaihiwasallam bahwa kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalmi anu beriman, tangtuna urang ulah ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadayana kedah ngajagi lingkungan oge awak urang sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyawat. Ku margi kitu, urang sadaya kedah ngajalankeun hirup urang sadidinten ku cara nu leres oge sehat. sapertos ibak ngarah awak bersih, ngosok waos nu rutin, meresihan kuku maksial samingon sakali, eta sadaya salah sahiji conto hirup anu sehat. Conto sanesna saperti miceun runtah dina tempatna, ulah nyiduh di mana wae, lamun batuk atawa beresin baham keah ditutupan.

Lmun sadidinten urang ngajaga kaberesihan, awak urang bakal beresih tina sagala kokotor ku kitu awak urang jadi sehat.Urang sadaaya kedah resep oge mikacinta kana kabersihan diri oge lingkungan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Para Hadirin sadayanu sim kuring dipikahormat. Cekap sakitu nu tiasa sim kuring haturkeun, pamungkas ti sim kuring pribadi, bilih aya kecap anu kirang merenanah larapna atanapi aya basa anu kirang entep seureuhna, mugi para hadirin sadaya kersa ngahapunten.

Hatur nuhun sadayana atas kana sagala perhatosanana.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuhu.


Cag sakitu wae anu kapihatur mugia tiasa ngabantosan hidep anu gaduh tugas basa sunda.... 
permiosss

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS

  MAKALAH FORMAT REKOD BISNIS           Disusun Oleh : DADANG MAULANA YUSUF D4 KEARSIPAN         UNIVERSITAS...